salami ieu mah nu kaalaman ku simkuring, ningal urang Jepang tara leupas tina
sangu Kang, mung pangaos beas Jepang langkung awis tibatan beas impor (biasana
produk Thailand, Filipina). kualitas na emang benten sareng beas di urang Kang,
bari di ilahar Jepang mah dina sataun teh mung 4 sasih tiasa melak beas (da
nagara 4 usum sapertos NL). Paling daerah handap (kulon: Okinawa) nu tiasa
sataun teras-terasn, eta ge pami alternatif sanesna mah kana mih tea, mih ge
aya panginten puluhan macemna, teras katuangan eropa tos teu bireuk deui, komo
urang dieu mah teu weleh kana leleb (bokeun) :), dugi ka ningal TV ampir 70 %
acarana teh urusan katuangan.
baktos
ever
Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Malik nanya Kang Ever,
Ari urang Jepun pan ngagantung kana beas nya. Aya kadaharan poko non
beas keur urang Jepun teu? Urang Jepun bisa hirup tanpa beas teu nya?
Atawa kudu kejo deui kejo deui siga di RI? ;)) R
---------------------------------
Pinpoint customers who are looking for what you sell.
[Non-text portions of this message have been removed]