Aya hiji buku terjemahan anu eusina prediksi kira-kira iraha Nabi Adam lungsur 
ka dunya. Nabi Adam teh lungsurna jauh leuwih anyar batan 160 juta tahun 
katukang, sanajan umur jelema zaman baheula bisa ratusan tahun. Jadi leutik 
(atawa teu aya) kamungkinan Nabi Adam papanggih jeung dinosaurus hirup.

Kuring oge kungsi ngadengekeun hiji ustadz ngomong yen salah hiji pagawean nabi 
Adam teh nyaeta moro dinosaurus. Tadina mah rek ngabantah, tapi hate leutik 
nyarek. Loba keneh hal positif ti eta ustadz batan kasalahan eta. Lamun 
dibantah di hareupeun jalma rea tada teuing manehna eraeunana. Meureun manehna 
teh ngan ukur katalanjuran hayang nga-dramatisir carita Nabi Adam.

Buku anu kasebut diluhur hanjakal keur diinjeum ku alo, jadi teu kuring bisa 
nyebutkeun eta  prediksi. Judulna bisa jadi provokasi keur manjangkeun obrolan 
urang : "Manusia Sebelum Adam".

Sigana pengarangna ka-provokasi ku Surat Al Baqoroh ayat 30, anu eusina teh 
paguneman antawis Gusti Allah reujeung malaikat :

Gusti Allah : Sesungguhnya Aku hendak menjadikan seorang khalifah di muka bumi.
Malaikat : Apakah Engkau hendak menjadikan (khalifah) di bumi itu orang yang 
hendak membuat kerusakan padanya dan menumpahkan darah, padahal kami senantiasa 
bertasbih dengan memuji-Mu serta mensucikan-Mu?

Sawatara jalma boga tafsiran yen malaikat teh "me-refer" ka kajadian anu kungsi 
aya di dunya. Konklusina ... kungsi aya jelema jelema di dunya saencan Nabi 
Adam lungsur ka dunya.

Hal ieu kungsi dibahas oge ku Immadudin di Masjid Salman. Ceuk anjeuna : ieu 
teh ngagambarkeun kamampuan prediksi kahareup Gusti Allah reujeung malaikat. 
Lamun ceuk bahasa dalang mah : weruh sadurung winarah.







Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               

Nyambung jeung dongeng tina topik 'kawin, nikah' tea...
 
 Mun tea mah teori di handap bener, Kang Adam pernah papanggih jeung
 Dino teu nya? ;)) Boa2 dipake jang sado tah? he he he... Heureuy ah,
 tong dianggap serieus teuing.... ;)) R
 
 Tabrakan punahkan dinosaurus
  
  
 Tabrakan kemungkinan terjadi di sabuk asteroid
 Tabrakan kemungkinan terjadi di sabuk asteroid
 Sebuah penelitian terbaru menyebutkan tabrakan massal di angkasa 160
 juta tahun lalu menyebabkan kepunahan dinosaurus.
 






       
---------------------------------
Shape Yahoo! in your own image.  Join our Network Research Panel today!

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke