Kang Eri, Mangga Kang, sae pisan, nuhun informasina :). Leres, Kang, bilih lepat hartos, abdi teu nyarioskeun shalat teu sae, malahan mah shalat teh sae pisan upami tiasa leres-2 shalatna :). Numutkeun pamendak abdi mah shalat teh alat urang kanggo introspeksi diri ngeunaan kaagungan Nu Maha Kawasa Nu Maha Murbeng Alam :). Waktos-2na ditangtukeun nya lima waktu tea. Aya oge shalat-2 nu sanesna upami aya waktu-2 anu aya kajadian ageung gerhana, kamaro panjang, nu maot, jrrd... tujuana mah numutkeun pamendak abdi mah kanggo mengkalibrasi diri urang supados sadar jeung emut ka purwadaksina (bebeneran tea). Sapertos misalna mun kamaro panjang urang shalat ngadu'a menta hujan babarengan salembur.... eta hartosna dina shalat eta urang menekung mujas medi musatkeun pikiran supados emut deui ka Purwadaksina ... supados salembur eta salaladar emut ka bebeneran tea... da nya eta Nu Kawasa sareng Nu Ngersakeun mah moal ngarubah nanaon kacuali diri urang anu ngarobahna. Janten kamaro panjang dugika teu aya cai ge eta teh kumargi nu dilakonan ku urang tos teu saluyu jeung purwadaksina, teu ngajaga jeung ngariksa alam, jrrd. Diharepkeun saparantosna urang shalat urang introspeksi diri ngaji diri jeung mulai ngalarapkeun deui bebeneran tea. Kumargi kitu shalat eta teh keur urang... tah saparantosna shalat upami urang prak ngalakukeun bebeneran nulung kanu butuh nalang kanu susah teu ngalakukeun anu bakal ngarugikeun batur eta nembe masihan mangfaat ka batur.
Tah kumargi kitu abdi sapagodos pisan sareng Khotib Jum'at tea... anu nyarioskeun yen anu pang pentingna teh justru sanes pas shalatna... tapi "shalat" saparantos shalat. Samilsana saparantos shalat urang nyuhunkeun hujan pas kemaro kekeringan tea.... teras urang mulai ngarubah diri urang mulai deui merhatoskeun lingkungan, alam jrrd... ngalarapkeun deui bebeneran berarti eta "shalat" saparantos shalat-na bener. Tapi upami saparantos shalat acong-2an barijeung dugika tarang hideung tapina "shalat" saparantos shalat-na teu saluyu jeung bebeneran atanapi purwadaksina tea... nya panginten anu kitu mah duka naon kasebatna. Duka teuing tah dina panilai Nu Kawasa naha shalatna eta ditampi atanapi henteu. Soalna kadang mah sok seueur anu mikir yen mun tos shalat tos pasti ceunah asup sawarga... padahal enya kitu, wallahualam pan? Kumaha upami aya kasus samodel... korupsina rajin jeung shalatna rajin oge... dina emutan na teh "aaah da ceunah nu penting mah ceunah tos shalat... tuuuh tinggali tarang abdi oge dugika hideung kieu bakat ku rajin shalat, tahajud teu pernah telat, shalat pasti tepat waktu, puasa rajin, naek haji unggal taun, jakat rajin, ngawangun masjid rajin, jrrd... tapi korupsi, ngarugikeun seueur jalmi. Mangga geura lenyepan bacaan shalat upami dihartoskeun eta teh eusina mah kanggo urang ngaji diri, introspeksi diri supados diri urang apal kana bebeneran. Ieu saluyu pisan sareng kalimah anu ku Kang Eri disebatkeun nyaeta manusa teh ceunah diciptakeun kanggo mimpin alam supaya hirup runtut, raut sauyunan, teu pahiri-hiri jeung teu pa ala- ala... hartosna Nu Kawasa teh hoyong manusa nu hirup didunya ieu teh teu silih begalan pati, silih eredan jeung silih nyerikeun, silih tipu, silih rurug, jrrd. Kumargi kitu Islam ngaluarkeun konsep rahmatan lil alamin tea nya masihan rahmat kasakumna mahluk anu aya di alam dunya ieu, hartosna kumaha carana sangkan kahirupan diri urang seueur mangfaatna kanggo kasakumna mahluk nu aya dina alam dunya ieu kaasup ka sesama manusa, hewan, tatangkalan, jrrd... kumargi kitu urang sunda mah teu sagawayah lamun misalna urang bade meuncit hewan, nuar tatangkalan... tapi kudu mundut widi ti Nu Kawasa, cobi dilembur mah nuar tatangkalan wae kudu sadia sasajen ngadua ka Nu Kawasa sangkan ieu tatangkalan mangfaat jeung mugia Gusti Nu Kawasa numbuh suburkeun deui tatangkalan panggantina, teu sagawayah sangeunahna nuar tatangkalan anu ujung-2na rusak lingkungan, kasaimbangan alam rusak akhirna nu ngarasakeun nya sakumna mahluk sakabeh, ku ayana alam tos rusak. Mangga weh tengetan ayeuna bencana ampir dimana-2 salah saha... salah urang nyalira teu bisa ngajaga jeung ngariksa alam. Nu Kawasa Nu Murbeng alam moal pipilueun nulungan da nya eta Gusti mah moal ngarubah kacuali urang sorangan nu ngarubah :). Janten upami urang ninggali shalat mung saukur shalat acong-2an wungkul kanggo kenging PAHALA tanpa memperhatikeun sarengsena shalat tah ieu sigana mah kasebatna egois artina mung mikirkeun diri sorangan wungkul kumargi kitu dugika tega... saparantos shalat ngalakukeun korupsi, duka pedah asa aing geus shalat probability asup surgana ageung... janten tos teu paduli deui ka batur oge mahluk nu sanesna. Tah tapi upami shalat eta dipandang sebage upaya kanggo ngajidiri supados saparantosna shalat urang seueur amal kahadean nana bari jeung teu ngalakukeun aktifitas anu ngarugikeun batur eta numutkeun pamendak abdi mah anu diharepkeun ku Gusti Nu Maha Suci Nu Maha Murbeng Alam tea. Tah kumargi kitu dina guneman perkawis dodosaan tea anu mana anu langkung parah antara si Tukang Zinah jeung pembunuh nya Tukang Korupsi, emutan abdi ngetang dosana tina karugian anu disebabkeun si pendosa eta ka Batur. - Nu Zinah : Nu narima dosa diri sorangan tapi teu ngarugikeun batur, kecuali merkosa batur tah ieu berarti ngarugikeun anu diperkosana, dina itungan anu dirugikeun meureun hiji dua, tergantung sabaraha jalmi anu diperkosana. Tapi upami zinahna suka sama suka nya eta mah dosa sorangan teu ngarugikeun batur. - Pembunuh: Dosa jeung ngarugikeun anu dibunuhna, dina itungan dosa panginten anu dirugikeun ieu oge hiji dua oge bisa seueur lamun nu dibunuhuna seueur. - Tukang Korupsi: Dosa pisan kusabab dina itungan anu dirugikeun nana balarea seueur pisan bisa rebuan bisa jutaan manusa anu ngarasakeun karugianana. Langkung jero bisa di tinggali sami sareng "ngabunuh" seueur jalmi secara perlahan, ku cara nilep-2 artos anu tadina misalna keur ngaja kasehatan rahayat, ngajaga lingkungan, jrrd... anu tadina umur harapan hidupna misalna 80 taun tapi kulantaran artos-2 kasehatan ditilep ku koruptor jadi usia harapan hidupna mung 65 taun, jrrd. Duka ketang Kang... maklum tukang ngacaprux jeung kongres hehehe... ngawangkong teu beres-2 hehehe. Salam Shalat, A ----- Original Message ----- From: Eriyawan E Kang Asep, Punten, ah, panginten sae upami tiasa ngobrol soal shalat. Mugi-mugi tiasa jadi ibadah. Bade tumaros sakedik kana kalimah dihandap. Saemutan abdi mah, shalat teh henteu pengaruh ka diri sorangan hungkul, tapi oge ka alam semesta. Buktina, shalat wajib dilaksanakan terkait sareng "waktu alam". Subuh, duhur, asyar, maghrib, isya, aturan waktuna tina robahna alam (posisi matahari). Malah dina kasempatan lain, shalat dina kaayaan gerhana, shalat nyuhunkeun hujan, jeung sajabana. Seuseueurna aya pangaruh atawa mangaruhan alam. Janten, saemutan abdi, teu shalat oge berarti nyerenkeun sagalana ka alam, padahal jelma teh dijadikeun ngarah mimpin alam. Dugi kadieu, tiasa kahartos, upami nabi-nabi leresan teu resep upami aya umatna nu teu shalat, lantaran teu sarua jeung peruntukannana. Nyuhunkeun dihapunten upami aya nu kirang leres.
