Bwahahaha... sumuhun Bah da nya eta amoy-2 jaman kapungkur mah sok ngaemaman bawang bodas minimal sasiung sadinten heuheuheu ;))... boa-2 kumargi kitu si Amoy eta mani amucuy teh ;))... janten emut ka Teteh Gong Li, Kelly Hu sareng last but not least si Geulis Neneng Zhang Ziyi tea ;).
Eh atuuuh upami eta mah abdi moal nolak sueeer da... bilihna bade nganggo tender loin atanapi sir loin boh well done atanapi satengah done oge moal burung di ledot ku abdi hehehe. Ngomon-2 garlic jadi hoyong ka Viza Hut euy... tos lami teu ngaledog garlic bread tea ;))... di pirig ku viza supersprime tea... dilebetna diwewelan keju walaaah waas kunu munu'u na ;)). Eeeeeh naha ieu teh bulan puasa bet ngobrolkeun "bawang bodas" hehehe... nu jelas nu jadi bawang bodas dina sinetron oge maol ditampik lah ku abdi mah heuheuheu. Kang R jeung Kang E mah... sigana moal apal nu kumaha penampakan "bawang bodas" teh ;)). Salam Bawang Bodas, A ----- Original Message ----- From: surtiwa surtiwa To: [email protected] Sent: Monday, September 17, 2007 1:01 PM Subject: Re: [Baraya_Sunda] herbal? Emut kana babasaan keur ngora...ceuk pun paman.."Kade ulah neangan amoy siah .bau bawang bodas..kelekna hangru !" tapi geuning amoy ayeuna mah..bauna ge bau Chanel 5...napasna oge Xylitol...Meuren Paman abdi ..harita manggihan amoy can mandi anu hobby meuweung bawang bodas. Kumaha lamun aya resep kieu...Cacah bawang bodas 2 soiung sing lemes....galokan kana tender loin 22 oz, nepi ka rata..tambihan uyah sacekapna. panaskeun grill .pasihan olive oil 30 cc...Tah daging tadi di grill..mangga moal bau bawang bodas anu matak lieur...tapi seungit jeung aduh dagingna sedep pisan....janten hoyong engal buka... . [Non-text portions of this message have been removed]
