Hapunten Kang Surtiwa, bilih serius teuing yeuh Kieu Kang, simkuring teh asa kataji pikeun mairan pamendak salira ngeunaan dokter NYERI HULU tea, hahahah
sateuacanna simkuring seja tumaros dupi salira kantos berobat di Dokter?, tangtosna oge kantos nya, piraku teuing jalmi jegud sapertos kang Surtiwa mah teu kiat ka Dokter. tapi kieu Kang saemut simkuring ari DOKTER mah tara ngagedekeun SUBJEKTIVITAS, margi dokter mah cenderung OBSERVATIF, ngaliwatan DIAGNOSIS, contona bae saupama urang NYERI HULU, dokter bakal nanya heula ka pasien (urang) dokter: apa yang terasa sakit Pak/bu? pasien: mastaka asa nyut-nyut dokter dokter:sabeulah mastaka atanapi sadayana? pasien:sabeulah dokter: (BOGA KASIMPULAN): Oh upami kitu mah bapak teh kaserang MIGRANT. tah ieu teh lain sakadar nebak, tapi dokter teh geus sakola jeung maca buku, terutama ngeunaan SIPTOM (gejala), kukituna dokter mah lain tukang nujum, lamun teu tatanya ka Pasienna ngeunaan GEJALA panyakitna, tangtu dokter moal bisaeun mutuskeun. tah kukituna hartosna ieu teh OBJEKTIF da sakumaha anu kapanggih wungkul ku manenhna. ayeuna kumaha ceunah mun pasienna OROK BEUREUM (orok karek sababara bulan lahir ka dunya), tetep anu dipelajari ku dokter teh nyaeta GEJALA. misalna dokter rek ngadiagnosis panyakit MENCRET orok. dokter moal nanya ka Orok, misalna: Dokter: anu karaos teh naon Jang/nyi? Orok: OEk....oek...(pastina oge teu ngajawab) kukituna dokter bakal nanya ka Indung bapana anu ngagubug eta orok ka dinya: Dokter: kumaha bae anu tumiba ka orok teh Pak/bu? indungna: Ngising bae barijeung muncrut ieu teh Dokter geus dua poe. Dokter: oh ieu mah obatna obat mencret (misalna saupamana panyakitna mencret) HENTEU NGARANG eta teh ari dokter waras jeung henteu MALPRAKTEK mah. ayeuna kumaha mun pasienna JALMA GELO datang ka dokter JIWA tangtuna dokter oge moal nanya ka PASIENNA anu GELO tea, tapi gejala-gejala KEGILAAN eta bakal dipaluruh, misalna wae ngomongna GEUS TEU PUGUH, panyakitna siga OROK sok ngomong sorangan, ngomongna NGASAL, tah lamun geus beunang premis-premis anu ngarujuk yen eta jalma teh GELO tangtuna oge bakal digiringkeun ka RSJ. Kade ulah lepat ari KANYERI akibat HULU akibat nyeri huntu, atawa dibanting mah lain EMOSI tapi SENSORIS sabab karasa sacara fisik, hartina OBJEKTIF, kukituna lamun aya jalma anu teu percaya tangtuna oge lamun geus ngalaman kakarak percaya, hartina EMPIRIK (dialaman). jadi ari dokter mah lain TUKANG NUJUM huahahahha....500x. sabab dokter mah ukur maca REALITAS OBJEKTIF gejala anu dibanding-bandingkeun jeung teori2, pamanggih pribadina. hatur nuhun surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Conto yen konsepsi dikotomi ieu teh teu bener. Mun > urang lieur (sakit kepala) ngan urang wungkul anu > ngarasakeun kumaha rasana, moal aya batur anu sarua > nyeri huluna jeung urang, ieu teh subyektif. Terus > ceuk definisi diluhur lamun eta subyektif, hartina > et amah PAMADEGAN SORANGAN, urang nyeri hulu. Dina > konteks pamadegan mah dikonotasikeun teu gaduh dasar > (standing), kulantaran SUBYEKTIF tea. Janten lamun > urang ka Doktor ngaku lieur. Naon dasarna eta Dokter > rek percaya ? Pan eta amah SUBYEKTIF, kulantaran > Dokter teu ngarasakeun nyeri hulu urang, itu mah > ngan > pamadegan maneh wae cenah. Janten masalah nyeri hulu > teh henteu obyektif alias henteu nyata (REAL), ngan > saukur aya dina pikiran sorangan. Har, kumaha > atuh ? > Ma enya teu meunang diubaran ku Dokter ? Kanyataan > EMOSI jeung KESAKITAN (PAIN) eta teh nyata (REAL). > Subyektif atawa Obyektif ? > > Pandangan Idealisme Metafisk ieu popular sakitar > taun > 1800 an, anu maksudna rek ngomean teori Dualisme > Cartesian. Tapi teori ieu oge parantos seueur > ditinggalkeun ku para jelema Nyakola (scientist) > tea. > Pangcaketan ieu mun dianalisa patukang tonggong oge > jeung kanyataan, cenah mah Seems unbelievable. Ma > enya Gajah anu sakitu gedena dianggap euweuh , > etamah > ngan aya dina pipikiran wae cenah. Analisa kalemahan > na siga kieu; > > Premise 1,2 jeung 3. > 1.Pengalaman secara metafisik teh Subyektif > (euweuh > batur anu boga pangalaman anu sarua pisan). > 2.Kabalikan Subyektif teh nyaeta Obyektif. > 3.Lamun Pangalaman urang (conscious experience) > sacara > Metafisik teh subyektif, jadi KABEH/SAKABEH > PANYATAAN (statement) urang ngeunaan sagala > pangalaman > (experiment lab, nyaba, diajar, maca buku, skripsi, > thesis, sakola) oge SUBYEKTIF sacara Epistemologi ! > Kulantaran pan itu mah kapercayaan urang my belief > only ! Percaya kana hasil masa buku, percaya kana > hasil eksperimen, percaya kana skripsi make > referensi > batur, jrrd. > Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed]
