Bahs,
Janten panasaran anu disebut sesat na teh palebah mana nya? Teras naon 
kagorengan nana aliran ieu?

Anu ceunah dicaritakeun di TV mah :
- Aya nabi saatos kanjeng Nabi Muhammad SAW (Mirip atawa nurutan Ahmadiyah 
meureun ;)
- Teu kudu shalat, puasa jeung haji (asaan mah aliran mainstream oge loba da 
anu tara shalat, tara puasa jeung tara naek haji... ngan bedana aya anu 
diumumkeun secara frontal aya anu henteu ;)).

Ari ceuk pamikiran abdi mah salama aliran eta teu ngarugikeun masyarakat boh 
materil atawa immateril mah teu masalah da meureun eta kayakinan nana.... 
tapi lamun ieu aliran ngan saukur jadi alat keur NIPU-nya eta urusana jeung 
HUKUM Nagara dina kasus Tindak Pidana Penipuan, jrrd.

Ayeuna kudu ati-2 oge urang sadayana kulantaran usaha sacara real hese... 
ease of doing business di Indonesia teh Jeblok jadi loba jelema anu jadi 
tukang TIPU ... aya anu sok ngaku-2 loba duit ceunah boga 300 M mun perlu 
financing/ pendanaan bisa ngan syaratna kudu nyetor duit heula 100 jt nu 
diasupkeun ka rekening anu engkena bakal dipake keur nyairkeun 300 M eta. Nu 
saratus eta teh ceunah komisi di hareup bisi engke nu 300 M eta cair urang 
teu jadi merena... biasana mah ngaku na teh duit anu 300 M eta teh ceunah 
harta karun karajaan saperti Solo, Sunda, malahan aya oge ceunah harta Bung 
Karno, aya oge duit cucian tea... ngaku na teh jrrd... ngakuna Haji anu 
ceunah ;). Biasana awalna ngareunah ngomongna bungana leutik malahan ceunah 
ieu mah teu perlu bunga da haram jadi sistemna kerjasama bagi hasil wae ngan 
nya eta anu duit 100 jt eta kudu ti hareup keur nunjukeun komitmen urang 
hehehe... didieu nipu na teh... geus duit urang disetor terus manehna 
ngaleos hehehe.... kajadian nu samodel kieu karandapan ku rerencangan di 
Bogor ngan kaburu ku abdi di wartosan kade ceuk abdi teh... lamun aya jelema 
anu nawaran duit barijeung urang kudu nyiapkeun duit ti hareup pasti eta 
nipu... ulah daek. Alhamdulillah ceunah manehna salamet... ngan aya 
babaturan nana anu kabelejog ceunah beak 200 jt... ngaharepkeun na teh 
manehna meunang 200 M ceunah :((. Karunya mana eta teh ceunah duit pangsiun.

Eta dina level masyarakat menengah ka luhur anu biasana boga duit nanggung 
trus haripeut hayang ngabiayaan proyek... aya deui panipuan dina level 
handap anu ngaku na teh ceunah Haji anu boga elmu terus geus narawang ceunah 
di daerah anu aya harta karun emas berlian jrrd... nilaina ceunah ratusan 
juta atawa milyaran...ngan informasi atawa petana ceunah di bawa ku 
babaturan nana... tah ceunah manehna perlu duit keur neangan babaturan nana 
ka kota anu... mun teu percaya hayu ceunah ngilu urang teangan bareng. Tah 
nu kieu biasana jelema leutik anu haripeut... hayoooh weh ngagadekeun sawah 
dipake keur ngabiayaan si Haji eta neangan peta eta... si Haji eta ceunah 
mah morotan saeutik saeutik duit na teh... bebeja na teh keur anu, keur itu, 
keur eta... antukna pas geus duit nu ditipu eta beak di tinggalkeun weh... 
alesan na teh can kapanggih wae. Kajadian ieu kabeneran kajadian di kampung 
sabeheulaheun lembur abdi ... anu katipu lumayan loba ceunah. Nepi ka ayeuna 
aya oge anu percaya terus semangat ngilu kukurilingan ceunah... bari jeung 
harta bandana beak :((.... geus dibejaan oge ceunah teu ngaruh kalahka 
nyarekan nyebut na teh sirik ceunah hihihi... antukna di arantep weh.

Sigana engke mah mereun perlu oge stasion TV nyieun NABI IDOLS hehehehe.... 
dipilihna lewat SMS tea hehehe. Meunang meureun ari ngan saukur NGAKU-2 mah 
hehehe.... ngan saukur NABI-wir tea hehehe.

Salam,
KAsep (KangAsep)
Uniquely Indonesia - Trully Paradise ;)
http://www.uniquelyindonesia.com


----- Original Message ----- 
From: surtiwa surtiwa
To: [email protected]
Sent: Monday, October 29, 2007 12:20 PM
Subject: Re: [Baraya_Sunda] Sesaaat................


Asupan sae kanggo para Ustadz atanapi saha bae anu sok
dakwah bari nyingsieunan padahal teu
rasionil..anggapan na makin he4se aturan
dipahaman..makin afdol "kaahlian" urang dina nafsir
agama..he..e.he....

--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Cenah, ayeuna diurang loba aliran sesat, kunaon
> pangna kitu, boa-boa
> kulanataran "mainstream" teu bisa mere katengtreman
> batin. Saperti
> rada disigeung dina warta detikcom dihandap ieu:

Kirim email ke