kang RH, asana mimiti taun 2000-an barang buatan cina keur pangabutuh
sapopoe mimiti ngabanjiran malaya. nu matak helok, eta hargana, gelo pisan
euy. nepi ka wani aya gebrakan nyieun "toko dua ringgit" diamamana. naon wae
barangna, mangrupa kaperluan rumah tangga sapopoe, kabeh hargana ukur "dua
ringgit". nepi ka sirah dugul ge lebeng teu kaharti, nepi ka bisa harga
murah kitu. ngitung bahan, ongkos nyieun barang, jeung masarkeun, asa moal
kaudag ku harga sakitu. tapi kitu buktina geuing. meureun dijiad ku jurig
"subsidi" tea. teuing ketang. tapi peta kitu teh, kiwari geuning diterapkeun
keur barang IT. laptop jieunan cina, "lenovo", hargana kaitung pangmurahna.
(mh)

On 1/17/08, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>,
> "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
>
> >
> > Cina ayeuna di lembur, sigana bakal ngaganti urang Jepang & Korea,
> > nu di waktu katukang mah ngadominasi proyek2 infrastruktur di
> > Indonesia.
> >
>
> Kang,
>
> CIna jadi beunghar kusabab ngaranjah (inves) di nagara batur! Ceuk
> cenah mah anu jadi motor mimiti maju na CIna teh barang teu pira...
> tina COCOOAN. Kuring pernah nempo dokumenter, aya hiji kota di Cina
> anu eusina pabrik cocooan wungkul!
>
> Kamari nempo di TV, geuning bet loba urang Cina di Afrika magawa
> proyek2 badag. Ti mimiti urusan minyak, properti, nepi ka urursan
> dahareun!
>
> Sigana mah, mun hiji bangsa atawa nagara hayang maju sacara ekonomi.
> Ulah ngan ukur ngandelkeun pasar jero nagara wungkul. Ekspor atawa
> impor... eta koncina. Ari ceuk kuring mah KABEBASAN ngimpor jeung
> ngekspor teh mangrupa inti tina sistem 'pasar bebas'tea.
>
> Kitu? Teuing ketah...
>
> baktos,
>
> Rahman
>
>  
>


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke