Hiji Panganteur keur Consumer Goods

Tinu hiji web kungsi di wawarkeun rehna PT. Carrefour Indonesia teh
meuli saham PT. Ratelindo Tbk sahandapeun 1.950 per sahamna, jadi
jumlahna teh aya kanu 680 miliar (sumber bisnis.com). Tah ceuk cenah
mah si Careffour teh kaasup toko supermarket, atawa ceuk basana ritel
mah Modern Trade Key Account. Jeung na deui kaasup pausahaan luar
nagri.

Salian ti pausahaan luar nagri kawas Carrefour aya oge pausahaan
ritel nu bogana dalem nagri, samodel PT Matahari Putra Prima, tbk ,
PT. Hero Supermarket Tbk,PT. Ramayana tah eta oge kaasup modern
trade key account. Salian ti modern trade key account aya oge nu
kaasup modern trade independent, nyaeta hiji toko nu hususna aya di
kota-kota tertentu hungkul kawas Yogya di jawabarat, Bonet di jawa
timur, ADA di Jawatengah.

Tapi naon cenah nu ngabedakeun modern trade key account jeung modern
trade independent. Kawas nu disebutkeun di luhur ari nu Moder Trade
Key Account mah bisnis cakupan geus aya dimana-mendi jeung na deui
biasanya manehna boga tokona teh dumasar kanu levelna aya nu disebut
Supermarket, Hypermarket, Superstore, Foodmart, Hypermart, Toserba,
Griya jrrd. (sumber : ACNielsen).

Tapi nu diluhur disebutkeun teh tokona kaasup gede boh dina
distributorna atanapon oge dinu omsetna, tah aya oge store nu bisa
diasupkeun ka traditional trade samodel provision store , aya oge nu
bisa di kategorikeun deui additional channel nyaeta kawas semi
permanent shop jeung medical store. Ilaharna Provision Store mah toko
nu legana jauh pisan jeung toko nu diluhur kawas toko-toko di ruko,
pasar-pasar. Sedengkeun nu disebut Medical Store mah biasana toko-
toko nu ngajual alat-alat kasehatan atawa nu gampang na mah kawas
Apotik.

Tah naon cenah ujug-ujug ngabahas store-store kawas diluhur, jeung
euweuh pakuat-pakaitna. Nu sakumaha ku kuring di jentrekeun diluhur
ieu teh salah sawios panganteur keur Categori Managemen, atawa hiji
manajerial nu aya pakuat-pakait na jeung consumer goods. Jeung na
deui cakupan Categori Managemen teh hiji atikan manajemen na keur
bisnis ritel ieu, boh keur toko-toko nu gede atawa nu leutik oge
sakumaha nu disebutkeun diluhur.

Pangalaman kuring, basa ngaprak dua poe ka Bandung. Ningan di Bandung
teh ayeuna mah geus jadi ngetren lain kota kembang deui tapi kota
mall jeung FO. Sok weh ceuk cenah baheula Bandung teh tiis loba
kekembangan kiwari mah beda jasa, sok komo tiapkukulibeukan di
Bandung hususna kotana moal jauh ti ningalian gedung-gedung FO jeung
Supermarket. Nu kaalaman mah basa taun 1998 teh nang aya nu kawentar
teh BIP jeung Yogya kiwari mun urang kukulibeukan di Kota Bandung
geus loba pisan Toko-toko jeung na deui jarak na teh teu jauh aya
kanu sakilo geus aya, atawa aya oge di hiji gedung competitorna aya
nang beda lantey na hungkul.

Jeung na deui kajadian ieu teh lain di Bandung wae, di kota-kota nu
sejenna sarua bae sok komo nu ngaranna supermarket teh geus rea jasa,
sabab kiwari kabutuhan nu ngaranna consumer goods teh gampang pisan
neanganna. Jadi hususna ibu-ibu atawa rumaja nu sibuk gawe sapopoe
manehna meuli kawutuhan sapopoe teh ayeuna mah tinimbang ka pasar
tradisional atawa ka warung-warung teh meningan ka spm tea, jeung na
deui praktis.

Tapi ku ayana SPM kitu aya oge ngaruhna ka pola gaya hirup, kunaon
kitu salian ti consumer goods nu dihartikeun kabutuhan sapopoe kawas
sandang jeung pangan kiwari kabutuhan sapopoe teh geus ngarambah ka
toiletries.

Ku naon kitu da nu ngaranna toiletries teh geus kudu aya wae di list
tiap urang balanja, sok komo ningan mun urang nenjo tivi di prime
time na didinya loba pisan nu perang iklan. Aya oge nu ngaranna
Consumer Goods teh nu disbut Healt and Beauty Care samodel Facial
Cotton, Bar Soap, Hair Treatment, Hand Soap, Liquid Soap Men's Care
Oral Care, Deodorant, Shampoo, skin Care.

Salian toiletries aya oge nu geus jadi consumer goods ti widang
health care jeung medical atawa ceuk basa kerenna mah OTC jeung PCH
tea. Ku naon kitu, tingali weh di kamar mandina tiap-tiap kaluarga
sok aya ubar-ubar keur pancegahan sementara kawas ubar keur maag,
nyeuri panon, asup angin, ubar kekemu jrrd. Jadi ayeuna mah ubar-
ubaran teh geus dijual bebas teu kawas baheula kudu make resep
dokter, tapi ubar-ubaran nu dijual bebas teh geus aya rekomendasi ti
POM jeung MUI.

Tah kiwari nu keur mimiti iluan jadi consumer goods teh nyaeta tinu
widang telekomunikasi nyaeta ponsel tea, kunaon kitu ?. Sok weh
bayangkeun baheula mah keur jamanna hape awis keneh meuli nomer teh
bisa kanu 250 rebu-an , naha da ayeuna meuli nomer perdana teh kawas
meuli kacang jeung na deui voucher teh geus variatif ti 5 rebu
nepikeun ka 100 rebu. Aya oge hape nu harganan geus 300 rebuan kaasup
pulsana.

Tah ieu ge saluyu pisan jeung perang tarif sok komo di TVC mah aya nu
keur garelut kawas si nol tea jeung si 0,1 perak per detik. Sok komo
aya oge CDMA nu merangan GSM ku modal CASH BACK tea, tapi nu alus mah
aya hiji TVC nu isina cenah mun aya nu leuwih murah nelpon kamana-
mana manehna deuk kawin ka monyet, tah jadi ingeut ieu teh nyutat oge
iklan produk FAST FOOD tea (sumber : Milist Creative Cirle Indonesia).

Jadi nu ngaranna Consumer Goods teh kiwari lain kadaangan wae tapi
produk keur orok nepikeun ka manula, tah numutkeun survey mah produk
eta teh aya pangsa pasarna sabab ditingali tinu harga jeung
kualitasna. Jeung na deui ti awewe nepikeun ka lalaki geus teu dibeda-
bedakeun deui ayeuna mah.

Cag Ach
YM



Kirim email ke