On 3/5/08, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>  >
>  > Bener eta teh Kang euy! ;))
>  >
>  > Jaman keur budak resep pisan nyieun lolorian make palapah kwung.
>  > Kabeneran pakarangan imah kolot kuring kaitung lega jeung aya nu
>  > lungkawingan. Tangkal kawung ge loba... jadi teu kudu menta atawa
>
>  nambah...
>
>  Aya deui jenis sosorodotan sejen jaman keur budak. Mun usum halodo,
>  gawir teh sok garing. Nyorodot dina gawir make palapah jambe! Inget
>  teu pangalaman siga kieu? ;))  Kadang2 nepi ka barared sakujur awak,
>  baju bobolokot ku kekebul. Indung sok ngajorowok ambek2an...Ah, lieur
>  euy... he he he...R
>
waha jigana moal bisa poho kang euy, pangalaman sosorodotan make upih
jambe. ngan eta we, upama maturan budak ulin, ka tempat sosorodotan
jaman kiwari,bati ngaheruk we. eta atuda kaulinan urang lembur
baheula, kiwari mah geus jadi lahan bisnis. tetela di dieu jigana
kalemahan urang teh, teu bisa ngembangkeun ideu-ideu kreatif nu aya di
lembur, supaya bisa dijual keur nyiptakeun lahan pagawean. (mh)

Kirim email ke