On 3/13/08, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>  Pernah ngobrol masalah basa. Maranehna boga basa anu mirip jeung basa
>  Sunda. Poho deui ngaran basa na mah. Lain Tagalog! Da eta mah basa
>  nasional... tapi basa daerah na. Halah.... loba kekecapan nu nyeples
>  jeung basa urang. Utamana mah kekecapan sakurilingeun imah. Malah mah
>  kecap2 istilah kakulawargaan ge meh sarua...
>
>  Mun dijujut deui... sigana nyambung oge jeung urang Sunda tah! ;))
>

Kang RH, mun keur nyalse, cobaan geura lalayaran ka situs filipina,
enya loba kecap nu mirip jeung basa Sunda. Malah kungsi manggih kecap
/kabayan/ sagala, eta kecap aya di basa urang filipina, nu hartina mun
teu salah /lembur kuring/. Jigana wae aya jalur kekerabatan ti Tatar
Sunda, Borneo Kidul, terus ka Filipina. Basa urang Banjar, Borneo
Kidul, loba pisan kecapna nu sarua jeung Basa Sunda. Sakadar conto,
kecap /urang/, /bujal/ kapanggih oge dina basa Banjar, Borneo Kidul.
(mh)

Kirim email ke