On Fri, Mar 21, 2008 at 7:18 PM, richadiana kartakusuma
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> hiiiihh narah lah sikuring mah...peujitna geus bedan...ieu ogen meunang
> ngaleukeunan ku parud koneng,,..nembe cageur, moal sikuring mah moal deui2.
> Keur ngora "seubueuh kahot kana laladaan teh" antukna ka-kolot-nakeun...
>
>  Ngan rada2 "hemeng" sikuring teh, naa Abah bet apal pisan kabiasaan Urang
> Kalimantan... baheula kungsi ngumbara di dinya atawa Abah Urang Sunda nu
> ngumbara di deungeun Jiran kitu?
>

Hehehe, si Ambu mah, mani teu kenging we sim uing apal lembur batur
teh, na kedah ngahekok wae di lembur kitu. Sim uing mah urang Sunda nu
ngatrok, Ambu. Ari karuhun mah bibit buutna ti Garut, nu kawentar
dombana tea. Duka kunaon hayoh resep atrok-atrokan. Cenah mah saur
jenatna pun Indung, aya dongengna eta teh. Baheula waktu
diborojolkeun, hayoh ku pun Aki teh, bali sim uing dipalidkeun ka
solokan Limbangan, nu brasna ka walungan Cimanuk terus ka laut Jawa.
Jigana eta bali teh ngangkleung ka mana mendi. Meureun kulantaran
kitu, lalampahan sim uing nutur-nutur bali nu palid tea. hehehe.

salam,
mh

Kirim email ke