Tah Kang Rahman....MANCING ieu teh....naha hoyong terang karuhun URANG SUNDA NU
DISEBAT SILIWANGI???? buktos sakitu rajegna dimana mendi.... bongan wae di NL
wae....cing atuh geura nyaba heula...hayu ngobrol perkawis PRABU SILIWANGI
mah...lah...sok hoyong naon...
Padahal mah tadi lelenyepan..sirah rieut...na ari maca posting Kan
Rahman...nyawa teh ujug2 kumpul deui bengras...baong kang Rahman teh geuning
AMBU
Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Tah, lebah budaya urang. Kagaiban teh masih (keneh) leuwih ngajelegur
> tinimbang rasio. malah mah sok loba dongeng rasional anu digaibkeun.
> Tong jauh2 neangan conto. Dongeng Siliwangi ge pan anu dipupuja na
> teh urusan kagaibanana? Enya henteu na mah... duka teh teuing. Padahal
> figur Siliwangi teh mun ditempo tina kacamata moderen urang ayeuna...
> figur eleh. Enya... eleh! Nagara na ge pan bubar diserbu batur?
>
Meungpeung kasabet, urang teruskeun yu?
Rek satuju... rek teu satuju...figur Siliwangi jeung Pajajaran sok
dijadikeun ikon budaya Sunda. Bukti2 teuas na mah can kapaluruh keneh.
Luyu jeung budaya urang anu ngandelkeun dongeng (oral history), sumber
anu nerangkeun ieu ikon teh can paheut keneh. Anu kangaranan dongeng
lisan tea... ringkelna pasti beda2.
Anu jadi panalek kuring. Bisa henteu ieu figur dianggap ikon budaya
urang? Lain kunanaon, asa bet aneh keur sakuringeun mah. Sakuduna mah
ikon budaya teh KUDU anu ngagurilap sarta bisa dijadikeun hal anu bisa
DIAGULKEUN ku urang ka batur.
Lain rek ngajojore atawa rek ngahina ieu mah. Anggap we eupan teuas nu
kudu dipadungdengkeun. Anu kapikir ku kuring mah figur Siliwangi jeung
Pajajaran asa kurang pantes dijadikeun ikon.
Alesanana?
1. Piraku figur pacundang dijadikeun ikon? Di mana2 ge anu kudu
dijadikeun ikon mah pan anu meunang. Ari juara mah ngan ukur aya hiji lin?
2. Naon titinggal Siliwangi jeung Pajajaran anu bisa diagulkeun ku
urang? Anu bisa dijadikeun orientasi pikeun ngamajukeun budaya Sunda?
Boh sacara fisik... boh sacara mental? Conto nu gampang mah... Urang
Jawa boga Borobudur jeung Prambanan. Ari urang boga naon?
Mun kuring salah nempo, cikan pangjelaskeun alesan2 sabalikna.
baktos,
Rahman
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.
[Non-text portions of this message have been removed]