Hehehe, biasa si Ambu mah ari geus pabeulit teh. Ambu, si kang Rahman
mah asana teu aktif di milis Ki Sunda, aktifna di milis Baraya Sunda.
Duka kunaon alesanana mah, duka ngarah gaya meureun, hehehe. Urang
forward-keun we nya, ngarah nepi ka jinisna.

salam,
mh

On Sat, Mar 29, 2008 at 10:55 AM, richadiana kartakusuma
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>  Kakantun linuhung budaya Siliwangi nya kalebet kakantun Urang Sunda oge
>  naha Kang Rahman bade kumaha uningana, ari calik wae di NL mah...teu
> ngahaja ngalanto ka buruan indung? maasing enya ge nu tos kapendak langkung
> sakedik timbang di pulau2 sanesna nu di Indonesia tapi da aya....ngajegir.
> .. bungkeuleukan. ..tapi apanan nu di Tatar Sunda mah teu patos "kapirosea"
>  utamina ti saprak mayoritas Tatar Sunda gentos ngagem kayakinan "enggal"
>  kaleresan kayakinan ieu nu sipatna kedahna "privacy" geuning ngambah sanes
> mung ukur kayakinan tapi oge "nyilihan budaya indung" nya kasilap kasulap
> budaya indung = kayakinan, nu disebat budaya Tatar Sunda mah "hos weh"
>  Ongkoh "reueus" ka Siliwangi tapi arang nu kumelendang ngadeuheus ka
> sajarah mantena...teu dilenyepan.. teu diteuleuman ukur kasebat dina "biwir"
>
>  Warisan budaya Urang Sunda (ieu hungkul terbatas nu kakumpul harita
> ...masih seueur nu kabuni keneh > sumber Thesis S2 sikuring baheula khusus
> tentang Sunda sikuring kalebet salah sahiji angkatan munggaran basa jurusan
> arkeologi muka mimitran Pasca Sarjana > Arkeologi - FSUI tahun 1986). Teu
> acan kasusul nu enggal kapendak ayeuna (inventris PEMDA keneh)
>
>  A. Data Tekstual (sumber tertulis) data nu kakempelkeun tahun 1988!
>  a.Prasasti
>  I > Tarumanagara > 7 prasasti batu (beraksara Palawa berbahasa Sanskerta)
>  1.1 prasasti Lebak (Ci Danghiyang - Banten)
>  1.2.prasasti Ciaruteun (Bogor)
>  1.3.prasasti Kebonkopi I (Bogor)
>  1.4.prasasti Muara Cianten (Bogor)
>  1.5.prasasti Pasir Awi (Bogor)
>  1.6.prasasti Jambu (Bogor)
>  1.7.prasasti Tugu (Cilingcing/ Jakarta)
>
>  II > Galuh > 4 prasasti batu (beraksara dan berbahasa Sunda Kuno)
>  2.1.prasasti Mandiwunga (Ciamis)
>  2.2.prasasti Rumatak (Gegerhanjuang -Indihiyang)
>  2.3.prasasti Sadapaingan (Ciamis)
>  2.4.prasasti Kawali (Ciamis)
>
>  III. > Sunda > dituliskan pada batu dan tembaga
>  3.1. prasasti Kebonkopi II (akara Sunda kuno& bahasa Malayu Kuno)> Bogor
>  3.2. prasasti Sanghiyang Tapak (aksara Sunda Kuno & bahasa Jawakuno) >
> Sukabumi
>  3.3. prasasti Cikapundung (Arca Batu) > Bandung
>  3.4. prasasti Kebantenan (tambaga piteket > bahasa & aksara Sunda Kuno)>
> Bekasi
>  3.4.1. Sunda Sambawa
>  3.4.2. Gunung Samaya
>  3.4.3. Dayeuhan Jayagiri
>  3.5.prasasti Talaga Maharena Wijaya/Batutulis (aksara & bahasa Sunda Kuno)>
> Bogor
>
>  b. Karyasastra Sunda Kuno (aksara & bahasa Sunda Kuno)
>  1.Carita Parahiyangan (Priangan Timur)
>  2.Kabuyutan Ciburuy (Priangan Timur)
>  3.Sewaka Darma (Priangan Timur)
>  4.Siksa Kanda Ng Karesian (Priangan Timur)
>  5. Jatiniskala (Priangan Timur)
>  6. Kawih Paningkes (Priangan Timur)
>  7. Bujangga Manik
>
>  B. Data Kontekstual (kepurbakalaan) nu kakempelkeun 1988!
>  di kasebat wangunan kabuyutan (bangunan pusat upacara keagamaan > candi mun
> ceuk urang Jawa mah, tapi Urang Sunda boga istilah sorangan nyaeta
> Kabuyutan)
>
>  I. Kabuyutan di Lebak
>  1.1. situs Ciwongwongan
>  1.2. Situs Kosala
>  1.3. situs Lebak Cibedug
>  1.4. situs Batu Sirit
>  1.5. situs Arca Domas
>
>  II. Kabuyutan di Karawang
>  2.1. situs Batujaya
>  2.2. situs Cibuaya
>  2.3. situs Buni
>
>  III. Kabuyutan di Sumedang
>  3.1. situs gunung Tampomas
>  3.2.situs Astana Gede
>  3.3.situs Astana Cipanas
>
>  IV. Kabuyutan di Garut
>  4.1.situs Cangkuang
>  4.2.situs Pasir Lulumpang
>  4.2.1. Pasir Kiara Payung
>  4.2.2. Pasir Tengah
>  4.2.3. Pasir Kolecer
>  4.3.4. Pasir Astaria
>  4.3.5. Pasir Luhur
>  4.3.6. Pasir Gantung
>  4.3.7. Pasir Tunjung (Kadaleuman)
>
>  V. Kabuyutan di Tasikmalaya
>  1. situs Indihiyang
>
>  VI.Kabuyutan di Ciamis
>  5.1. situs Batu Kalde
>  5.2. situs Kanduruan
>  5.3. situs Kalipucang
>  5.4. situs Ronggeng
>  5.5. situs Karangkamulyan
>  5.6. situs Gunung Padang
>  5.7.situs Astana Gede (Kawali)
>  5.8. situs Susuru
>  5.9. situs Batu Panjang
>  5.10.situs Lengkong
>  (ieu nu katalungtik ku sikurig harita basa ngumpulkeun data > basa mulang
> ka Ciamis deui tahun 2002 sikuring diwartosan ku PemDa rehna nu kakempel di
> Ciamis dugi ka tahun 2000 teh aya kana 335 situs... mangga lenyepan)
>
>  VI. Kabuyutan di Kuningan
>  6.1. situs Sukasari
>  6.2. situs Susukan
>  6.3. situs Ciarca
>  6.4. situs Hulu Lingga
>  6.5. situs Cipari
>  6.6. situs Gunung Cireme
>  8.7. situs Panyusupan
>
>  VII. Kabuyutan di Bogor
>  7.1.situs Gunung Cibodas
>  7.2.situs Gunung Salak
>  7.3.situs Gunung Gede-Pangrango
>  7.4.situsBatutulis
>  7.5.situs Rancamaya
>  7.6.situs Pasir Angin
>
>  VIII.Kabuyutan di Cianjur
>  8.1.situs Gunung Padang
>  8.2.situs Lemah Duhur
>  8.3.situs Pasir Gede
>
>  IX.Kabuyutan di Sukabumi
>  9.1.situs Pangguyangan
>  9.2. situs Tugu Gede
>  9.3.situs Salak Datar
>
>  Tah ieu sadayana "TINGJALEGIR" keneh dugi ka ayeuna, warisan budaya karuhun
> Urang Sunda nu teu kapalire ku putra putuna, salian ti nu tos didangding ieu
> masih seu-eur keneh pisan nu kapendak enggal
>
>  Nyanggakeun
>
>  AMBU
>

Kirim email ke