On Tue, Apr 8, 2008 at 12:29 AM, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>  >
>  > kang R, tibatan 'hese' neangan ikon, cing kaci teu mun nyieun ikon
>  > anyar? bisa teu nya nyieunna?
>  >
>
>  Nyaeta atuh Kang MH, kuring teh kokotetengan neangan taya lian
>  kulantaran kabita ku batur. Batur mah boga ikon itu boga ikon eta anu
>  bisa jadi bengkeutan budaya na.
>
>  Tong jauh2, tempo Bali. Anu paling basajan mah, Penari Bali nu geus
>  kakoncara ka janapria. Malah kuring ge pernah ngalaman, loba jelema
>  anu TEU nyaho Indonesia, tapi apalaeun ka Bali! Kumaha etah!
>  Bandingkeun jeung urang... Mun nanya batur naon ari Sunda? Ngabelekbek
>  teu nyarahoeun!
>
>  Nengan ikon budaya urang nu heubeul... euweuh, nu anyar... can aya.
>  Kudu kumaha atuh? Nyieun ikon anyar yu! ;))
>

Yeuh aya calon ikon Sunda, wisata kuliner di Bandung. Lamun Kang RH
mulang ka lembur, tong poho nyimpang ka Bandung, pasti geura bakal
kalinglap: ampil unggal juru loba tempat dahar khas masakan Sunda. Eta
jenis masakan nu baheula dijieun di imah urang lembur, ayeuna geus
saba kota, jeung laku deuih, bisa bersaing jeung dahareun fastfood.
Ngan masih aya ganjelan euy, upama jaringan masakan rumah makan Padang
mah, geus jadi ciri / ikon urang Minang. Jigana wae masakan khas
Sunda, karek sakuliwek Tatar Sunda, can nepi nerekab jiga rumah makan
Padang. Aya deui ganjelan sejenna, di rumah makan Sunda, lolobana
asana bosna babah, urang Sunda ukur dipake ngaranna. Tah eta we
pikiran, geura nyieun jaringan masakan Sunda di Wasenar, di Kanada, di
Jerman, jeng nu lianna, ngarah miluan nyieun ikon anyar kamotekaran
urang Sunda.

salam,
mh

Kirim email ke