On Fri, Apr 11, 2008 at 5:47 AM, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>  Enya atuh, urang mimitian ku kuring, mitembeyan neangan identitas
>  Sunda. Lain pedah nyaho ieu mah, sakadar eupan diskusikeuneun we. Mun
>  kuring salah... gelepok we, pangbenerkeun... da kaci. Ongkoh ngaran na
>  ge diskusi alias tukeur pikiran. Mun jalan pikiran kuring bengkok,
>  urang papada lempengkeun we! ;))
>
>  Urang dongengkeun heula masalah Walanda. enya bener Kang, wilayah
>  Walanda mah kira2 saparapat Jawa Kulon. Dikurilingan make sapedah ge
>  bisa! teu boga sumber daya alam. Tanah na lempeng teu renjul ku guung
>  siga urang.
>
>  Tapi ieu nagara sagede pelok teh bet bisa asup rengking sapuluh nagara
>  beunghar. Abad ka 16/17 mah malah kaasup salah sahiji anu ngawasa
>  dunya. VOC teh pan hiji2na usaha multinasional jaman harita. Sabada
>  perang dunya II, Walanda beak dengkak. Lian kaleungitan kolonina,
>  nagara na ancur2an dibom Jerman nepi ka rata.
>
>  Mun dicokot 1945 jadi start point sarua jeung urang. Naha NL (nu teu
>  boga nanaon sarta teu boga sumber daya alam)bisa maju deui, ari urang
>  henteu?
>
>  Bae ah rada ngalindur heula ge. Ngarah rada jelas acuanana.
>
>  Ayeuna urang bandingkeun antara budaya Sunda jeung NL. Kuring rek
>  nyokot hiji aspek heula, nyaeta relasi kakawasaan. Relasi antara bos
>  jeung bawahan.
>
>  Ceuk cenah mah... loba dongeng na, urang Sunda teh egaliter. Dina
>  harti relasi bos jeung bawahan kaitung teu nenggang teuing. Lebah dieu
>  kuring rada sangsi. Pola pikir Sunda TEU egaliter! Urang NL mah enya
>  egaliter.
>
>  Buktina? Relasi bos-bawahan, guru-murid, pamingpin-rahayat,
>  kolot-budak teu jomplang siga di urang. Bos, guru, bapa atawa indung
>  urang NL sok disebut ngaran hareup. Ieu teh jadi tanda yen hubungan
>  luhur-handap teu bisa dianggap jero.
>
>  Dina budaya Sunda? Cobaan we ngadebat guru! Mun teu ditampiling nepi
>  ka jengker? he he he.... Sigana mah istilah guru, ratu wong atuo
>  karo... wajib disembah... napel dina budaya urang?
>
>  Tong jauh2... sacara fisik ge katingali. Nunjuk ge make jempol lin?
>  hee he he....
>
>  Ieu conto nempokeun yen urang NL TEU sopan? Aataw urang Sunda sopan
>  teuing? Ah, simpulkeun we ku sorangan...
>
>  Naon untung na tina sistem handap na jarak kakawasaan? Ceuk kuring mah
>  gede pisan untung na. Bawahan bisa langsung kontak jeung atasan. Mun
>  aya kritik ti bawahan... bisa langsung dibeledugkeun! Dina budaya
>  urang, rek ngiritik atasan mah kudu make strategi nu jitu, mun embung
>  dibadug mah! Antuk na... kritik teu nepi, bawahan na kalah ditalapung.
>

OK, upama relasi bawahan-atasan dianggap salah sahiji faktor nu
mangaruhan kana kamotekaran bangsa, cing urang toong di lembur sejen,
dimana relasi bawahan-atasan kira-kira jiga di lembur urang. Uing rek
noong make ngaliwatan kreasi budaya maranehna ti kajauhan, da can
pernah ninggali bungkeuleukna. Mun noong filem jepang jeung korea
(kabenaran di lembur urang jeung tatangga fielm jepang jeung korea teh
keur mahabu di unggal stasiun TV), kira-kira nu katempo ku uing,
relasi bawahan-atasan teh badis jiga di urang. Malah lain ngan ukur
nunjuk ku jempol, make poyongkod sagala. Ayeuna toong kamotekaran
maranehna, geuning teu eleh malah bisa disebut unggul dibandingkeun
jeung urang eropa oge. Numatak, jigana faktor relasi bawahan-atasan
make sistem poyongkod teu pati mangaruhan kana kamotekaran bangsa.
Jadi naon atuhnya, faktor koncina, nu bisa nganteurkeun urang eropa,
jepang jeung korea nepi ka siga kiwari. Cing sugan toong
sitematikanana Kang RH,jiga kumaha sistem atikan di Walanda, terus
bandingkeun jeung sistematikan di urang.

salam,
mh

Kirim email ke