Mimiti nyaho aya buku "Laskar Pelangi" pas nonton acara Kick Andy dina
MetroTV. Bener-bener kuring kataji pisan, komo basa pangarangna Andrea
Hirata dipanggihkeun jeung Bu Muslimah, kuring ngilu "hanyut", bakating ku
"haru".   Isukna langsung ka toko buku, meuli buku eta, sina dibaraca ku
barudak. Ayeuna aya pelemna, ngan kuring acan lalajo, tapi barudak jeung
indungna mah enggeus. Alus cenah.

Ngan bieu maca dina millis tatangga, cenah Andrea Hirata, sang Pangarang
jeung pagawe PT Telkom Bandung teh, kungsi boga pamajikan, padahal manehna
ngaku bujangan. Pamajikanana batur salemburna. Rada ngajenghok, naha bisa
kitu?

Tapi ras inget "Laskar Pelangi", teh novel ....nya tetep we novel,
karangan, bisa memang kajadian bener ...bisa oge ukur imajinasi pangarangna

Perkawis andrea Hirata kungsi boga pamajikan tiasa ditingali detikhot
http://movie.detikhot.com/read/2008/11/08/074003/1033380/229/ngaku-perjaka-penulis-laskar-pelangi-dituding-pembohong

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke