Tong kapalang, urang teruskeun surveyna. Ayeuna urang nurutan jiga
 urang bule, urang noong literatur, urang noong kamus basa Sunda geura.
 Urang pilih we tilu kamus: Jorigg (1862), Saca (1948), jeung KUBS
 (1975). Dina kamus Jorigg mah ngan aya kecap /kanas/ hungkul.
 Sedengkeun ari dina kamus Saca jeung KUBS ngan aya kecap /danas/ jeung
 /ganas/. Mun dijieun tabelna, jiga kieu geura:

         Jorigg  Saca KUBS
 danas    x       v       v
 ganas    x       v       v
 kanas    v       x       x

 Tah kitu baraya euy, hasil noong dina rujukan, tetela memang eta tilu
 kecap teh wujud.

 salam,
 mh

Kirim email ke