Kang Dud...

Ceunah ceuk beja di Naraka mah loba selebritis ceunah hehehe... atawa
tibaliknya... di Sorga nu loba selebritis?

Aaaah naha bet lalieur mikiran surga jeung naraka... sok kadang mah bingung
lamun kiai caramah ceunah hirup teh ulah mikiran weh dunya... tapi tibalik
kudu loba mikiran sawarga...

 

Dina jero hate... haaar kumaha rek bisa mikiran sawarga lamun didunya wae
can puguh loba pikiraneun hehehe... mending oge mikiran kahirupan didunya
weh sing bener ngalalakon teh... da sawarga mah engke ge nuturkeun... ngan
hanjakal na teh... can meunang testimoni euy... kanyataan nana kahirupan di
sorga teh siga kumaha hehehe... boa-2 leuwih ngeunah di Naraka euy hehehe.

 

Ulah siga babaturan kuring... anu hayooooh weh tapa di masigit atawa nu
leuwih parah deui tapa di leuweung ceunah hayang nyepi jeung musatkeun
pikiran ambeh bisa asup sawarga hehehe... aya oge anu dzikir nepika siga nu
teller Kang heuheuheu trans tea kitu... ngarana teh ceunah mah geus asuuup
sorga... haar naha bet lieur nya... ari kitu mah naon beda jeung babaturan
kuring Kang Kemod (Lain ngaran asli) anu hobina nyekek botol nenggak Jack
Daniel nepika teller... bari eueureuleuan ngomon... "uing keur mabox
ceunah... anjiiir asa di sawarga hehehe. Ningali domba bikang oge asa
ninggali britni spir weh keur nongeng hehehe".

 

Padahal coba lamun bener-2 nerapkeun Sunah Rosul ... rosul pan hirup-na
leuwih loba ulubiung nguruskeun dunya... PEDAGANG tea apanan... ieu salah
sahiji kaunikan Nabi Muhammad SAW teh... soalna manehna tukang DAGANG anu
loba gawul jeung batur... prinsip-2na ge nu dipake prinsip DAGANG... tah
beda jeung Rosul-2 nu liana. Tah sangeus na masalah dunya beres Rosul geus
tadjir... kakara mikirkeun urusan nu liana... kakarak tapa di guha hiro
jsb... ari di urang mah sok aneh... jalma sangsara haaar kalahka bet hayoh
weh remen tapa... laina ihtiar neangan pidunyaeun hehehe. 

 

Salam Sawarga Dunya,

KAsep

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of ua duq
Sent: 07 Maret 2009 8:57
To: [email protected]
Subject: Re: [Baraya_Sunda] [Fwd: [Mayapada Prana] Dikejar-Kejar Surga,
Ditolak Neraka]

 

haha... sarua teu ngenahna euy. nu kahiji cape. nu kahiji nyeuri hate...
komo bari jeung euweuh alesanna mah.
kalimah subjek di luhur bisa diobah jadi:
nolak surga, ngungudag naraka!... jalema gelo euy. tapi ajib. kuring nolak
surga mah kungsi ngalakukeun, nyobaan najan ulur liwat tulisan. kabayang
tuda pikabosen hirup di surga nu eta mah. ngan ari kudu ngungudag naraka mah
ke heula anan ah. can wasa

haha...
haha...

On Sat, Mar 7, 2009 at 2:37 PM, Kisunda <[email protected]
<mailto:rudiyanasunda%40gmail.com> > wrote:

>
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
> 
> _,___
>

-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~
uaduq.co.cc

[Non-text portions of this message have been removed]





[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke