2009/3/23 waluya2006 <[email protected]>: > --- In [email protected], H Surtiwa <surt...@...> wrote: >> >> Hoyong ngomentaran seratan Kang Rachman...Yen eta leres pisan...aya >> rerencangan anu diajar agama ke Tim teng...sababaraha taun..ari tos > uih teh >> gentos nami janten nami Arab...ngeue teuresep deui make ngaran >> aslina...pakean sapope Gamis Arab najan kolorna Reebok...mobil mah >> tetep wae buatan Jepun..... > > Aya kabiasaan di urang nu parantos naek haji digentos atawa ditambahan > aranna. Contona Presiden Soeharto jadi Haji Muhammad Soeharto. Ari uyut > kuring mah nu ngahaji di taun 1920'an, ganti pisan jenenganana teh, tadina > Mukasan robah Jadi H. Mohammad Yakub. >
Leres Bah, di lembur uing ge, nu munggah haji jaman harita mah, sok garentos nami. Kaharti kituna mah, da jaman harita mah teu perlu make Akte Lahir pikeun urusan ngaran teh. Tapi kiwari mah, seueur baraya nu marunggah haji, teu rarobah ngaran. Sabenerna mah urusan robah ngaran teh lain ukur roban jadi ngaran make ngaran basa Arab, teu saeutik oge numere ngaran barudakna make ngaran urang kulon. Ngan duka teuing kunaon, nu katoong jeung nu diadurenyokeun teh palebah robah ngaran jadi basa Arab. Asa can manggih nu ngamasalhkeun ngaran urang Sunda jadi Peter, misalna. Kitu deui nu katoong jeung diadurenyomkeun teh, perkara papakean, pedah make pakean gamis. Ari make lancingan jean, kameja jeung topi mah, asa can manggih nu pirajeunan ngamasalahkeun. Naha nya? Duka teuing atuh. (mh) > Baktosna, > WALUYA > > > > > ------------------------------------ > > http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ > http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda > > > [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links > > > >
