Leres Bah, Inget keneh keur leutik sok loba nu nanggap terebang... sigana kurang berkembang teh soalna musikna sedernaha teuing... jadi meureun masyarakat leuwih ngaharepkeun anu bisa ngadubangplak bari jeung aya nu maturan ronggeng hehehe...
Bangreng oge ayeuna aya perkembangan... kulantaran nayaga kumplit ribed dina hartian minimal kudu mawa treuk... tah ayeuna diganti ku organ jeung kendang... sora kendang hese di tiru ku organ... jadi weh tukang kendang na mah teu bisa dileungitkeun. Sigana emang meureun saringan tina ekonomi... efisiensi tea... kusabab mun loba gamelan beana oge loba... tah mun versi ekonomis cukup ku organ jeung kendang meureun bea-na oge teu pati gede... jadi leuwih loba oge jalma nu bisa nanggap eta kasenian... tapi nu pasti nya lagu nu diputernamah eta- eta keneh... tetep lagu mimiti lagu bubuka... kadua kembang gadung... da ceunah eta mah lagu karuhun hehehe. Akhirna manggih oge lagu kembang gadung.... Tah mangga ieu syairna.... Kembang Gadung Bismillah Nu jadi sekar ning catur Muji syukur ka Nu Agung Neda widi ka Nu Maha Suci Seuweu siwi Siliwangi Amit abdi bade ngalagu Ku hariring di Kembang Gadung Hariring landong panggeuing Haleuang landong kasusah Dipirig ku gending asli seni Sunda Puja sareng sinareng puji Kahatur anging ka Gusti Kalayan anu di teda ageung langeng salamina Bismilah Jungjunan amit bade ngawih Dina lagu Kembang Gadung Nyanggakeun ka sadayana Ngucap syukur ka Nu Agung Neneda ka Nu Kawasa Nu sifat welas asih dina kalelepatan Ngahaturkeun Kembang gadung Nyanggakeun ieu pang bakti Kembang gadung Nami lagu nu wajib di pusti- pusti Nyanggakeun mah ieu pang bakti Neda diaping di jaring Kembang Gadung lagu buhun Karya urang priangan asli Nu wajib di pusti-pusti Kahatur wilujeng linggih kasadaya kaum dangu Kembang gadung nu wajib di pusti- pusti Lagu buhun nu langeung dugika kiwari Salam Weureu Gadung, KAsep From: Baraya_Sunda@yahoogroups.com [mailto:baraya_su...@yahoogroups.com] On Behalf Of waluya2006 Sent: 11 Juni 2009 12:18 To: Baraya_Sunda@yahoogroups.com Subject: [Baraya_Sunda] Re: Kidung Bubuka - Asmarandana Bangreng mah mimiti populer di Sumedang di akhir taun 1960'an, waktu kuring di SD keneh. Jaman harita mah ampir unggal nu hajatan sok nanggap Bangreng. Benten jeung Terebang nu panayagana jeung panyanyina jalu wungkul, Bangreng mah ditambahan awewe (ronggeng) jeung instrumenna ditambahan. Kang Asep, ceuk info pun lanceuk, Al Barokah teh grup terebang ti Situraja/ Darmaraja. Jadi ti lemburna Kang Asep ..heuheuheu. Tah ku kuring dikirim deui dua lagu mp3na. Baktosna. WALUYA