--- In [email protected], mh <khs...@...> wrote:
>
> urang toong, kumaha pamanggih urang bali nu tukang yoga, kana perkara ieu.
> mh
>
> Yoga memberi mereka kesejahteraan rohani dan jasmani. Fatwa MUI memang
> hanya ditujukan kepada umat Muslim Indonesia. Terserah kepada mereka
> untuk mematuhinya. Bagi yang lain, fatwa itu tidak berlaku. Yaga
> terbukti telah memberi manfaat besar bagi manusia, berupa kesehatan
> badan dan ketenangan bathin. Tujuan utama dari yoga, sebagai telah
> disebutakan dala awal tulisan ini adalah penyatuan jiwa dengan tuhan.
> 

Nuhun Kang MH,

Lamun kuring resep yoga, make gerenyem Hindu. Nyaho deuih yen yoga diharamkeun 
ku MUI. Hartina kuring dosa? Padahal taya niat saencret oge babakti ka Pangeran 
Hindu misal na. Kumaha tah nya? Loba pisan batur kuring oge anu resep yoga.

Lebah dieu pisan anu jadi bahan diskusi teh. Mun hiji formula haram teu diandel 
ku umat na, sarua jeung inflasi ceuk kuring mah.

Kang Dian nganggap argumen haram na geus jejeg. Tapi loba anu barieukeun oge, 
samodel kuring. Mun tea mah anu ditujul haram na ku NIAT tea, na ya kitu muslim 
anu yoyogaaan boga niat nyembah Pangeran Hindu?

Tah lebah dinya bingung na. Mun paharaman ditujukeun ka nu tara yoga... euweuh 
hartina. Sabalikna, mun ditujukeun ka nu resep yoga, oge asa euweuh hartina... 
da niat na ge meditasi.

Kumaha nya, bet jadi mulikbek he he he..... Kaharti tulisan kuring teuieu teh? 
;))

baktos,

Rahman


Kirim email ke