Teuing iraha, pokona mah baheula, kuring kungsi ngadenge lagu Sunda, tapi 
logatna siga lagu-lagu Cirebon atawa Dermayon, lirikna teh pikaseurieun:
"Sarkawi kuring serahkeun,
Anak bawa kuring ngilu ......"

Tepi ka ayeuna kuring teu manggihan rekaman lagu eta. Panasaran lalayaran 
dina google make kata kunci "sarkawi".  Alhamdulillah manggih, tapi teu 
persis pisan, sabab nu kapanggih ku kuring, lirikna dina basa Cirebon/ 
Dermayon nu nembangna Cicih Cangkurileung, salah saurang sinden Sunda nu 
kakoncara. judul laguna "Kiser Saedah", lagu tarling. Singhoreng "Kiser 
Saedah" teh dongeng nu dilagukeun. Dongengna kira-kira kieu.

Kacaritakeun aya hiji kulawarga nu katalangsara, nyaeta kulawarga SARKAWI, 
nu boga anak SAEDAH jeung SAENI. Sarkawi hirupna sangeunahna, tepi ka 
pamajikanana ngabatin, nu tungtungna maot tunggara. Tapi Sarkawi henteu 
insaf, manehna malah kawin deui jeung parawan, MAEMUNAH. Maemunah jadi 
indung tere nu telenges. Kulawarga Sarkawi beuki awut-awutan, anakna, Saedah 
jeung Saini loba disiksa ku indung tere, nepi ka akhirna kausir ti imah 
kulawargana.

Saedah jeung Saeni aprak-aprakan tepi ka sisi walungan nu disebut walungan 
Bengawan Sewu. Di Bengawan Sewu loba buhayana, tapi lain buhaya samanea, ieu 
buhaya kajajaden. Buhaya-buhaya ieu tadina manusa nu munjung ka siluman, 
menta kakayaan nu syaratna ditebus engkena jadi buhaya. Saedah jeung Saeni, 
nu katalangsara wae hirupna, akhirna munjung, menta kakayaan. Maranehna 
jaradi jalma jegug nepi ka tepi ka waktuna kudu nebus, jaradi buhaya, 
nambahan koleksi buhaya di Bengawan Sewu ....

Lain dongeng nu " happy ending", malah jadi rada sedih maca ringkesan carita 
Kiser Saedah teh, komo lamun bari ngadengekeun laguna sanajan teu pati 
ngarti da make basa cirebon. Kuring jadi ras inget  kana nasib jalma leutik 
nu katalangsara, bisa wae sagalana dilakonan keur ngarobah nasib, sanajan 
nyaho ujungna acan tangtu ngabahagiakeun.  Nu siga Saedah jeung Saeni ayeuna 
oge loba, contona para TKW nu wani ngorbankeun maneh, keur ngarobah nasib 
.....

Keur nu hoyong ngareungeu lagu kiser Saedah, tiasa download di alamat ieu: 
http://www.zshare.net/download/599175228a090022
Filena dina format RAR, upami dibuka aya sababaraha hiji lagu sunda, salah 
sawiosna Kiser Saedah ieu (mung bagian IIna wungkul)

Baktos,
WALUYA










Kirim email ke