Abdi parantos ngadonload eta Nada Kantjana na Moh yasin..tapi ngan aya lagu
"Tjis kacang buntji njengtjle" anu kakaoncara...Waas ka Neng Ana Susanti
biduanna...harita oge zaman bentang pelm Inonesia ti bandung anu kakaoncara
Noorce Supandi sareng Abah Us Us.......

2009/6/22 waluya2006 <waluya2...@yahoo.co.id>

>
>
> > "waluya2006" <waluya2...@...> wrote:
> > Baraya, kuring manggihan blog aranna teh MADROTTER
> > http://madrotter.blogspot.com/
> > eusina lagu-lagu heubeul,
>
> Geus narempo acan blogna si Henk (Madrotter) teh? Kuring bieu asup deui
> kana blog eta. Ditempoan leuwih taliti, na ari gorehel teh aya lagu
> GENJER-GENJER. Kuring ukur nyaho aranna tapi teu apal kumaha sorana. Heueuh
> ...pan jaman ORBA mah, HARAM ngadengekeun lagu eta teh, bisa-bisa asup bui
> jeung disiksa tantara. Cenah lagu eta teh lagu "kabangsaan" LEKRA/ PKI. Tapi
> nu hookeun, nu nembangkeun dina koleksi si Henk, geuningan LILIS SURYANI
> (ayeuna parantos ngantunkeun, sababaraha taun katukang). Lilis Suryani
> sakanyaho kuring mah, lain anggota Lekra, komo jajauheun jadi anggota PKI
> mah.
>
> Jadi lamun kitu mah Genjer-genjer teh lagu biasa wae, lain lagu politik?
> Orba nu nyieun "image" genjer-genjer jadi lagu "pikasieuneun", nepika kakara
> ngadenge kecapna wae matak ginggiapeun? Kacida teuing!
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>  
>

Kirim email ke