Kang W..palebah dinya keuheul nya ...dicap jelema beunghar jeung
jegud...puguh da kaluarna oge ti Mess..........

2009/6/26 Waluya <waluya2...@yahoo.co.id>

>
>
>  > From: H Surtiwa
> > paling henteu aya kompensasina..majalah..koran...basa Sunda ledis...tapi
> > ari Rumah Makan Sunda, Restoran Sunda,
> > Warung Makan Sunda..mani motekar...Sasih pengker di Jl. Cireundeu raya
> aya
> > etah Warung Sunda sistim prasmanan .
> > Kumargi teu tatanya sok wae nyandakan unggal macem sayur sareng lauk
> > sakedik2..samisal Toge tumis
> > sasendok...angeun koneng sacentong...lauk goreng hiji...tumis kangkung
> > sasendok...sambel oncom sasendok..pas giliran > mayar eta tumis toge,
> > tumis kangkung, sambel oncom..teh dietang cenah saporsi...janten sadayana
>
> > 4 porsi sayur sareng
> > lauk hiji ya..kapaksa 35 rebu ngagoloyor.....
>
> Hehehehe ..... abdi ge sering Bah "katipeng" mah. Nu paling keuheul jeung
> nu
> dipikainget terus tepi ka ayeuna mah kajadian di awal 1990'an. Harita teh
> kuring kudu nepungan ti peuting "boss" nu keur Lemhanas di Jakarta. Manehna
>
> nginep di Mess kantor pusat, di hiji jalan "rame" di  Cikini Jakarta.
> "Boss"
> teh nginep babarengan jeung "boss-boss" ti intansi sejen, tantara wungkul
> (sababarha urang jadi jenderal2 nu kungsi manggung di Republik ieu).
> Sanggeus beres ngobrol jeung "boss", kuring dititah nginep we di mess eta,
> da isukna kudu ka hiji kantor. Nya ngadon sare didinya, tinimbang
> kukurilingan neangan panginepan.
>
> Isuk-isuk, boss jeung babaturan  mah geus indit, tinggal kuring jeung
> supir.
> Di Mess teu dibere sarapan, da kuring mah ukur ngadon sare wungkul
> sapeuting. Lapar ...kuring jeung supir kaluar ti Mess, di sisi jalan aya
> jongko soto batawi. Rame pisan nu dalahar. Kuring jeung supir dahar
> didinya.
> Na ari mayar ....jelegur teh mahal pisan. Rada ambek ...tapi rek ribut,
> era,
> nya dibayar we. Anehna ari ka batur mah tukang soto teh, murah. Tepi ka
> ayeuna  teu pati kaharti kalakuan tukang soto teh. Ngan  sigana kulantaran
> kuring kaluar ti mess eta, sabab ceuk "boss", babaturanana nu para tantara
> teh raroyal pisan, duitna siga teu kawadahan, lamun mayar, tara menta
> dipulangan .......
>
> Baktosna,
> WALUYA
>
>
>  
>

Kirim email ke