> Duka kumaha kaayaan di DE. Di NL mah aya sakelompok jelema anu parakatangtang > pereketengteng REK maehan jelema murtad cenah. Antuk na aya organisasi > EX-muslim. Jadi lieur oge ngabandunganana.
Nambahan deui dongeng tadi. Di NL ayeuna kabeneran keur ribut masalah sakola Islam anu ngaran na AsSiddik di Amsterdam. Ieu sakola teh dibeyaan duit pajeg rahayat. Anu jadi masalahna, ieu sakola kacida diskriminatif na. Ceuk laporan anu aya, murid2 na didoktrinasi sina ngewa ka jelema saluareun muslim! Jelam saluareun muslim DIANGGAP satata jeung anjing! ck ck ck... Nepi ka kitu na? Aneh... ari duit na ti nagara ditarima, tapi sina ngewa ka nu mere duit? Tah, kaayaan siga kieu salah sahiji faktor anu nimbulkeun mucunghulna garis politik siga Wilders di NL? Kuring teu apal kumaha kaayaan DE. Coba pangdongengkeun. Da mun teu salah mah balatak ku urang Turki di DE ge. Aya aliran (Islam)kumaha bae di DE? R
