Tamba tiiseun... lantaran kamerekaan urut lebaran, urang ngadongeng teu puguh.
Euleuh... eta kunaon nya, alias kuring anu dipake baheula mucunghul deui euy he he he... Kumaha etah? Sigana mah kudu numpeng yeuh? Ngaran Arab ganti jadi ngaran Prancis?:)) Yeeeehhh teu uyahan, euweuh turunan Arab, euweuh turunan Prancis...Bae ah ngarah gaya!;)) Sabenerna mah baheula milih eta alias teh lain rek peperancisan, tapi kulantaran resep nyanyi (najan fals oge he he he). Nyokot dua nada: re mi, diluyukeun jeung dua hurup (konsonan) ngaran Arab kuring /r/ jeung /m/. Pan dina basa Arab mah euweuh vokal na. Jadi weh re mi... Kitu!:)) Bae euweuh nu nanya ge.... R
