Indonesia mah pan nolak henteu free trade jeung Cina. Simulasi na negatip
nguntungkeun Cina. Anu Marie pangestu satuju anu hasilna Positip nyaeta
Multi free trade Indonesia-ASEAN-CINA. Ieu anu ayeuna dijalankeun....

On 1/29/10, Abah Kabayan <dkaba...@gmail.com> wrote:
>
>
>
> Nyakitu Bah,
> Ari China mah si Aseng di lindungi ceunah ku pamarentah... coba ari si Asep
> boro- boro, nu dicaritakeun eta pan Asep persi anu resep demo lain anu
> rancage hade gawe... sabenerna loba Asep- asep anu hade ngan kulantaran
> usahana hararese nu aya maju di tempat...
>
> Ari mikir short term memang ngeunah lamun urang free trade jeung China,
> barang-2 loba asup ti China marurah kabeh... ngan secara long term can
> tangtu alus. Kusabab loba barang dumping anu asup antukna barang-2 urang
> anu
> produksi local kadedetkeun... industri leutik nu tadina hirup jadi melempem
> kulantaran euweuh nu meuli... China nagara raksasa... manehna bisa weh
> ngaluarkeun produk dumping anu geus rejected dimamana jual murah di
> Indonesia... urang Indonesia mah pan ninggali barang murah teh langsung
> HEJO
> ;)). Ngan nyakitu kahareupna industri urang bakal kadedetkeun moal bakal
> maju...
>
> Contoh nu simple weh... swasembada daging kunaon periode I SBY JK marentah
> teu berhasil, kulantaran kitu loba pisan daging import anu murah meriah aya
> nu datang ti India, Australia, Jrrd... boh nu resmi aya oge nu
> selundupan...
> taaah peternak local mah moal bisa bersaing kulantaran struktur cost jeung
> scale na beda... india weh, diditu mah pan sapi teh di sembah... tara aya
> anu daekeun ngadahar/ meuncit... tapi lamun sapina teu di peuncit apanan
> populasina bakal booming secara pan sakali anakan bisa 2 atawa leuwih...
> tah
> miceuna kamana? Kamana deui lamun teu nagara urang anu gampang pisan
> diasupan naon wae... sistem na can eucreug... di India dagang daging sapi
> moal payu... ke dianggapna DORAKA hehehe. Keur India daging sapi eta jadi
> dumping weh kamana nu daek narima... untung aya anu meuli oge...harga
> sabaraha weh nu daek meureun... miara sapi teh pan COST kudu maraban, jrrd.
>
> Eta tina masalah daging wungkul... ayeuna masalah Jeruk weh... jeruk China
> emang loba pisan jeung murah meriah... ngan ulah salah babaturan kuring
> Urang China Medan sok ngasupkeun oge barang-2 China... ngan manehna tara
> daekeun ngadahar eta jeruk... kunaon da nyaho ceunah geus disuntik ambeh
> warnana alus jeung awet lila... ti palebah dieu saha nu dirugikeun...
> petani
> jeruk garut anu bangkrut... Jeruk garut baheula pernah kakoncara... ayeuna
> mah euweuh lalatan nana... ayeuna nu ngarintis usaha jeruk garut rek kumaha
> bisa bersaing lamun cara-2 China samodel kitu... komo deui manehna skala-na
> geus bisa badag...
>
> Geus kitu masalahna oge engke urang bakal katergantungan pisan ka China oge
> nagara lainna... ketahanan pangan bangsa urang bakal ripuh... kusabab
> leuwih
> gampang jeung murah meuli tibatan nyieun sorangan... padahal keur
> kahareupeun nana ripuh... ayeuna China ngaluarkeun sakabehna barang
> murah...
> tapi lila-2 manehna bisa oge lamun urang geus tergantung bakal naekeun
> harga
> soalna manehna geus boga bargaining power anu badag... kasaha deui urang
> meuli lain ti China?
>
> Siga ayeuna weh mobil ku Jepang? Indonesia pan teu walakaya urusan
> kandaraan... aneh pisan... urang bisa nyieun kapal terbang ... tapi ari
> nyieun mobil teu bisa???? Malaysia weh geus bisa nyieun mobil... gelona
> dijualna ka Indonesia halaaah.
>
> Lila- lila sakabeh jalma urang bakal beuki males wae... mending keneh
> meuli... geus kitu meulina oge duitna tina HUTANG... duuuuh. Euweuh weh
> semangat Berdikari teh.... Berdiri di atas kaki sendiri :(((.
>
> Teuing ketang... susuganan weh atuh, ari geus loba produk urang china
> mah...
> ke presidenna sugan ngiluan urang China... hehehe sakalian ke niru konsep
> China anu koruptorna kabeh dipeuncitan ;)).
>
> Salam,
> KAsep
>
> -----Original Message-----
> From: Baraya_Sunda@yahoogroups.com <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>[mailto:
> Baraya_Sunda@yahoogroups.com <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>] On
> Behalf Of Waluya
> Sent: 29 Januari 2010 11:37
> To: Baraya_Sunda@yahoogroups.com <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>
> Subject: Re: [Baraya_Sunda] Fw: Asep jeung Aseng
>
> Jumaah minggu kamari, kuring jumaahan di masjid kantor. Nu Khotbah lamun
> teu
>
> salah mah ti Unisba, nyaritakeun kumaha perdagangan bebas jeung Cina teh
> bisa ngarugikeun urang Indonesia. Cenah ceuk anjeunna, ulah ditingali tina
> halalna wungkul, tapi oge tingali manfaatna keur balarea di lembur urang.
> Pedah eta buah-buahan ti China murah jeung pastina oge halal, tapi
> usahakeun ulah dibeuli, da kalahka nulungan patani Cina lain patani bangsa
> urang.
>
> Sorena kuring balik ti kantor bareng jeung pamajikan. Pamajikan ngajak
> mampir heula ka pasar swalayan. Di pasar swalayan pamajikan teh ningali
> jeruk "made in china" keur diobral. Dasar awewe teu kaop ningali barang
> murah, langsung nyokot kantong plastik, dieusian jeruk saloba-loba. Inget
> ka eusi khotbah basa jumaahan, kuring gancangan nyarek ka pamajikan, bari
> ngomong: "Mah ...Mah, ulah meuli eta, kalahka nulungan patani China, ceuk
> Pa Ustadz oge tadi waktu Jumaahan"
>
> Pamajikan teh kalahka malikkeun: "Kabeneran da hayangna mah meuli mangga,
> tuh mani aralus, mana duit tambahanana?"
>
> Kuring gancangan ngaleos, duka da ari palebah duit mah sok rada "bareurat"
> ...hehehe
>
> Baktos,
> WALUYA
>
> ------------------------------------
>
> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
> http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda
>
> [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links
>
>  
>

Kirim email ke