--- In [email protected], dkaba...@... wrote: > > Hehehe teu bisa euy dagang "surabi" mah ;), nu bogana religius tur agamis euy > ;). Bisa dijitak kuring keh :D. > > Arab ayeuna lumpatna geus ka Bandung Kang ;), Situ Patenggang aya. Di > Kuningan kuring oge kungsi ningali... Gelo nya euy ari nu hobby mah nepika > dijugjug jeung apal oge tempat-2 mojang pasundan nu aya dina aliran Amaliyah > Jablaiyah ceuk Kang Kumi mah. > >
Susah amat... pan ceuk Mentri Agama ge kaci kawin kontrak mah lin? :)) usul atuh, di front desk na kudu muka KUA heula he he he.... Euleuh, enya eta teh... geus ngaranjah Situ Patenggang sagala turis Arab teh? Kamari basa di Bangkok sabulan ka tukang, kuring ge nempo jeung manggihan tujuan wisata urang Arab di tengah kota Bangkok, tepat na di Sukhumvit area. Leuh asa jadi lieur.... di wilayah eta kabeh ngaran toko, hotel, warung jlte make tulisan Arab. Urang Arab balawiri...panyana teh nyasar ka Arab euy!:))
