----- Original Message -----
From: "Simple_Complexity" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Tuesday, June 28, 2005 3:27 PM
Subject: Re: [kota-bogor] FW: sok baca .....


> Haa..ha...ha... lucu pisan kang....
>
> On Tue, 28 Jun 2005 15:11:08 +0700
>   "Hakim, Lukman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Punten upami aya anu atos kenging...
> >
> > -----Original Message-----
> > Sent: Tuesday, June 28, 2005 2:44 PM
> > Subject: FW: sok baca .....
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > BOBODORAN EDISI ENGGAL
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > Lilin dina Geulas
> >
> >
> > Hiji murid nu kawentar bangor di kelas fisika nanya ka
> >guruna
> > Murid : Pak, sim kuring gaduh patarosan
> > Guru : Naon?
> > Murid : Hiji lilin nu hurung ditutup gelas, lilin eta
> >pareum. Nu kitu teh nunjukeun naon?"
> > Guru : Teu aya hawa dina geulas
> > Murud : Salah, Pa.
> > Guru : Naon atuh?
> > Murid : Ngabuktikeun yen urang kirang padamelan
> > (Mang Jamal)
> >
> >
> >
> >
> >
> > DIBUNGKUS
> >
> >
> > Di toko bahan bangunan
> > Asep : Cik punten meser paku sakilo
> > Pelayan : dibungkus?
> > Asep : Henteu, bade dituang di dieu (ceuk Asep keuheul)
> > Pelayan : &^%*#$
> > (Mang Jamal)
> >
> >
> >
> >
> >
> > Mabok di Tengah Jalan
> >
> >
> > Hiji pemuda keur naek motor bari ngebut sataker kebek.
> >Keur kitu, motorna ujug-ujug direm ngadadak bisi nabrak
> >hiji pemuda nu keur mabok di tengah jalan.
> > "Dasar tolol! Mun mabok ulah di jalan atuh....!" ceuk nu
> >tadi ngebut kesel jeung keuheul.
> > "Maneh nu tolol mah,"bales nu mabok. "Sakitu ngebut,
> >nabrak teu keuna...."
> > (Mang Jamal)
> >
> >
> >
> >
> >
> > Di warung kopi
> >
> >
> > Adun : "mang kopi susu hiji!"
> > Emod : "make es teu?"
> > Adun : "nya make atuh, teu make mah jadi kopi uu"
> > (Mang Hasan)
> >
> >
> >
> >
> >
> > Kudu aya S-an
> >
> >
> > Heuheu... jadi inget nalika kuring ngasistenan praktikum
> >di kampus.
> > Sakumaha biasa ari prek praktikum teh sok aya kuis
> >heula, kabeneran kuring
> > nu nyieun soalna.
> > "Gambarkeun struktur asam amino glisin!" ceuk uing teh.
> > "Mangkahade, glisin teh salasahiji asam amino nu
> >ngandung S!" ceuk uing deui
> > nalika keur ngawaskeun nu migawe kuis.
> > Barudak arolohok sakedapan, tapi saterusna mah pating
> >elengeh.
> > "Nya heueuh atuh!" ceuk praktikan nu urang Sunda teh.
> > Da memang najan glisin teu boga unsur "S" (sulfur,
> >walirang) na wangunan
> > molekulna, ari nulis glisinna mah tetep bae kudu aya
> >"s"-an.
> > (Kang Kandar)
> >
> >
> >
> >
> >
> > 22M
> >
> >
> > Dua murid, Ade jeung Aa keur milu piknik ka museum.
> >Manggihan mumi di hiji
> > kaca. Handapeunana aya tulisan 225M.
> > Ade : " 22M eta maksudna naonnya?"
> > Aa : " Sigana nomer mobil nu nabrakna baheula...."
> > (Mang Jamal)
> >
> >
> >
> >
> >
> > Kadaharan Paling Haram
> >
> >
> > Ali : "Kadaharan naon nu haram?"
> > Adun : "Babi..!"
> > Ali : "Nu leuwih haram deui?"
> > Adun : "Babi nu ngandung babi deui."
> > Ali : " Nu pangharamna?"
> > Adun embung eleh : " Babi nu ngandung babi teu boga
> >bapa, siah...!"
> > (Mang Jamal)
> >
> >
> >
> >
> >
> > Laknat
> >
> >
> > adun: "pagawean naon anu dilaknat ku Allah?"
> > danu: "ngarogahala!"
> > adun: "ari nu dilaknat ku Allah oge disatru ku setan?"
> > danu: "ngarogahala anak setan!"
> > (Mang Hasan)
> >
> >
> >
> >
> >
> > Smary Saklitinov
> >
> >
> > Di hiji kelas, bu guru anyar keur ngabsen murid-muridna.
> >Bu guru katarik ku hiji ngaran, panasaran, nya dicalukan
> >di murid nu boga ngaran aneh eta.
> > Guru : "Smary Saklitnov, cik kadieu!"
> > Murid : "Ya, bu, abdi"
> > Guru : "Kadieu, maneh turunan Yugoslavia, nya?"
> > Murid : "Sanes, bu!"
> > Guru : "Eropoa Wetan? Polandia?"
> > Murid :"Sanes..."
> > Guru : "Naha atuh ea ngaran maneh Smary Saklitnove?
> > Murid : " Ooh..eta. Smary teh singketan ti nami bapa
> >(S)urtono sareng ibu (Mary)anti."
> > Guru : "Mmmm...ari Saklitnov?"
> > Murid : "Sabtu Kliwon Tujuh November."
> > (Mang Jamal)
> >
> >
> >
> >
> >
> > Do...
> >
> >
> > Sarua ieu oge di hiji kelas, guru anyar nyalukan hiji
> >murid anu ngaranna "Dojang"
> > Ibu Guru :" Jang, cik kadieu, antik euy ngaran teh,
> >bener Dojang?"
> > Dojang :" Sumuhun Bu, da abdi mah katurunan nami antik"
> > Ibu Guru :" Kutan, saha kitu ngaranna bapa maneh teh,
> >Dojang?"
> > Dojang :" Dosep, Bu"
> > Ibu Guru :" Ari indung maneh saha?"
> > Dojang :" Doneng, Bu
> > Ibu Guru :" Lanceuk-lanceuk?"
> > Dojang :" Dosih sareng Domar, istri sadayana Bu"
> > Ibu Guru :" Euh, sugan aki-nini maneh mah Doki jeung
> >Doni, nya Dojang?"
> > Dojang : " Sanesn Bu, teu kenging kitu, dolim namina,
> >saur sepuh oge dolim mah dosa".
> > (manAR - Kang Oman)
> >
> >
> >
> >
> >
> > Cara Nyait tina Balai Sorangan
> >
> >
> > Hiji pamuda ker anteng ngadingdiut dina motor sapanjang
> >jalan lempeng sisi sawah, ngadadak pasarandog jeung jeung
> >kandaraan sejen. Kusabab rada malaweung, atuh motorna
> >ngalanggeong, teu lila brus tigebrus kana sawah. Motorna
> >tilelep dina leutak sawah anu karek beunang macul nepi
> >kana lebah cangkeng manehna.
> > Si Pamuda luak-lieuk teu manggihan sasaha. Arek ngarawel
> >tatangkalan sisi sawah keur pamuntangan jeung
> >panyentokan, boro-boro tatangkalan, jukut peang oge teu
> >satangkal-satangkal acan. Gogorowokan ka ditu ka dieu
> >menta tulung, weleh taya anu nembalan da puguh tengah
> >jalan hara-haraeun, jauh ka pilemburan (sanes filemburan
> >ieu mah, komo film buruan... mah). Kusabab geus burit
> >jeung kudu buru-buru tepi ka nu dijugjug, manehna terus
> >neangan akal supaya bisa nguniang ti sawah. Sukur-sukur
> >jeung motorna, dina heunteuna oge atuh awak sakujur mah
> >kudu buru-buru kaluar tina leutak anu sakitu belokna.
> > Kulantaran teu weleh neangan akal jeung ngentrukeun
> >sagala rupa pangaweruh anu kungsi kabaca atawa katarima,
> >nya manehna inget kana hiji papagon ("resep") nyait balai
> >sorangan, khususna kajadian (kasus) tilelep dina taneuh
> >belok. Prak bae dicobaan, kieu carana teh: "Motor
> >didempet ku dua pingping pageuh kacida, awak
> >diheuraskeun, tuluy bae gegerenyeman ngadu'a jeung
> >nguatkeun tekad. Teu katinggaleun koncina eta papagon:
> >leungeun luhureun sirah, bari ramo ngajenggut buuk
> >ditarik ka beulah luhur". Nya ku tekad anu kuat mah teu
> >kaur molonyon oge, awak manehna katut motorna katarik,
> >bisa kaangkat tina leutak. Teu percanten nya, baraya?
> >namina oge rahul. Kade ulah dicobian "resep"-na.
> > (manAR - Kang Oman)
> >
> >
> >
> >
> >
> > Dina rangka pupujieun
> >
> >
> > Dina rangka pupujieun, Adun jeung babaturanana milu
> >pelatihan teuing di
> > ITB. Caritana hiji sobat Adun meuli gantungan
> > konci nu make Logo ITB, terus pamer ka Adun
> >
> > Ibro (sobat Adun) : Dun, tempo yeuh urang meuli ieu.
> > (bari ningalikeun gantungan konci).
> > Adun: Jang Naon Bro ?
> > Ibro : Jang anak sayah. Jadi lamun anak sayah nanya,
> > ku urang dijawab "Papa baru pulang sekolah di ITB"
> > (kata Iqbal dengan penuh Wibawa & Kebanggan).
> > Adun : Lamun anak maneh nanya "pah ITB teh apa ?"
> > Ibro : Institut Teknologi Bandung.
> > Adun : Lamun anak manek nanya "Kalo Institut Apa ?"
> > Ibro: Institut......nya institut....!. Ari ceuk
> > maneh naon..? (Iqbal balik nanya bari ngetest)
> > Adun : Piraku poho? pan aya laguna..
> > Ibro: Kumahaaaa .....?( panasaran)
> > Adun : Institut Daun Sampeu, saha nu hitut eta nu
> > ngambeu.
> > Ibro : Gelo sia mah, kakolot teh. (bari indit)
> > Adun : Bae ahh..
> > (Mang Jamal)
> >
> >
> >
> >
> >
> > Buruan Cium Gue !
> >
> >
> > Lantaran panasaran ka pilem Buruan Cium Gue anu keur
> >heboh lantaran adeganana matak ajol ajolan jajantung, si
> >aki jeung si nini malem minggu kamari indit ka bioskop
> >twentiwan nek lalajo. Dijero bioskop si aki teu ngiceup
> >ngiceup ningali adegan anu keur silih lamot biwir, ari si
> >nini mah jongjong we ngabeuweung borondong garing anu
> >ditempat eta katelahna pop corn tea.
> >
> > Balik lalajo si aki alewoh nyaritakeun deui adegan anu
> >kungsi ditingali dina pilem eta.
> > " Nini asa kaingetan euy, pan salila urang bobogohan tug
> >nepikeun kasakieu kolotna asana can ngasaan nu ngarana
> >silih lamot biwir teh !" ceuk si aki mimiti kapangaruhan
> >ku adegan pilem.
> > " Enya euy aki...kumaha mun urang nyalingker heula kanu
> >poek !" tembal si nini satengah ngajalanan. Atuh teu
> >diengkekeun deui dua duana terus nyalingker kanu poek.
> >Dinu poek nu kadenge teh ngan ukur sora si nini semu
> >ngaharoshos.
> > " Buruan cium dewek !"
> >
> > Tilu jam tilu puluh menit tilu puluh detik, si aki jeung
> >si nini kakara ting kulunu tinu poek, pok si aki nanya ka
> >si nini.
> > " Nini....kumaha rasana euy ?"
> > " Ueudaannnn meennnn !" tembal si nini nurutan iklan
> >energy drink.
> > " Niniii...ke..ke....rarasaan teh aya nu melag dina
> >tikoro ?" ceuk si aki semu reuwas bari ngarancetan
> >tikorona.
> > " Puguh nini ge keur reuwas ieu teh...huntu palsu nini
> >luncat kamana nya?"
> > (Kang Syam Ridwan)
> >
> >
> >
> >
> >
> > Setruk
> >
> >
> > Saprak aya iklan cai enteh anu dibotolan berhadiah
> >kujalan ngumpulkeun setrukna. Anu jajan, boh direstoran
> >atawa diwarung sok tara poho nanyakeun setrukna. Malahan
> >jang Ibro waktu keur apel disuguhan cai enteh ku
> >bebenena, manehna ngaharewos.
> > " Yang....kade hilap setrukna !" padahal cai enteh anu
> >disuguhan teh lain anu dibotolan, tapi ngadadak naheur
> >dina hawu.
> > Kocapkeun dihiji restoran, dihareupeun kasir ngagimbung
> >anu nek mayar kadaharan kumplit jeung inuman cai enteh nu
> >dibotolan tea, keur ngagimbung kitu, aya salah saurang
> >jalma nu teu sabar hayang geura meunang setrukna, tur
> >langsung ngagorowok kakasir.
> > " Gewat euy setrukna, dewek butuh pisan !" Pokna rada
> >teugeug
> > " Sabar atuh kang !" tembal kasir bari baeud.
> > Sanggeus meunang setruk mah sijalma teh, langsung we
> >ngabecir kaluar, atuh puguh we si kasir nyalukan.
> > " Kang ieu katuanganana diculkeun wae !"
> > " Mangga we kanggo eneng, abdi mah butuh setrukna wae !"
> > " Jadi ujang teh butuh setruk kitu ?" ceuk hiji jalma
> >tengah tuwuh,anu kakara asup tur leungeunna semu
> >ngoroncod sarta mamake iteuk.
> > " Eh..muhun pa...abdi butuh pisan...naha bapa kagungan
> >kitu ?"
> > " Puguh bapa teh tos lima taun gaduh setruk, mangga
> >upami peryogi mah ku bapa bade dipasihan..bapa mah tos
> >bosen ngubaran !" (SR)
> > (Kang Syam Ridwan)
> >
> >
> >
> >
> >
> > Bau jengkol
> >
> >
> > Dasar milik, Karsih meunang undian anu hadiahna pelesir
> >ka Uruguay kalayan garatis tur dibere bekel sacukupna.
> >Nepi ka Uruguay, dihiji terminal Karsih gura giru asup
> >kahiji wc umum, sigana geus teu tahan hayang sacer cereun
> >kiih. Lima belas menit tilu puluh detik Karsih dijero wc,
> >pas kaluar kasampak dihareupeun wc geus ngantri anu nek
> >asup. Panghareupna saurang nini nini anu paromana semu
> >pucet lantaran lila teuing nahan. Pas ningali panto wc
> >muka gura giru sinini asup, tapi aneh teu kungsi lila
> >sinini balik deui bari noel ka Karsih pok nanya.
> > " Nyi...nyi urang sunda nya ?" ceuk sinini bari melong
> >anteb.
> > " Mu..mu..muhun!" tembal Karsih asa asa, dijero hatena
> >mah ngarasa reueus..
> > " Heueuh ari ka wanoja sunda mah moal kapalingan najan
> >dialakpaul ge tetep we arapaleun lantaran aya ciri hasna
> >gareulis tur aramucuy rupana !" Gerentes Karsih,bari uman
> >imen gumeulis dihareupeun sinini.
> > " Nini geuning apal yen abdi urang sunda, pasti katawis
> >tina raray abdi nya ?"
> > " Lain euy, tapi katara tina urut wc-na bau jengkol !"
> > (Kang Syam Ridwan)
> >
> >
> >
> >
> >
> > Raja Copet
> >
> >
> > Disalahsahiji kios dompet, saurang pamuda anu leungeuna
> >pinuh ku tato keur anteng cinekul milihan dompet.
> > " Mangga kang...ieu kaluaran enggal asli tina kulit
> >dinosaurus, tah pami nu ieu tina kulit godzila !" ceuk
> >tukang dompet.
> > " Aya model sejen ?"
> > " Sadayana ge sami kang...model anti copet..ngan nu
> >benten teh rantena panginten...aya nu saageung rante
> >anjing, tah upami hoyong saageung rante kapal kedah pesen
> >heula !"
> > " Jadi sia nu ngabangkrutkeun pakasaban aing teh !" ceuk
> >eta pamuda ujug ujug nyeuneu.
> > " Maksad akang ?"
> > " Paingan kabeh jalma, make dompet anti copet da
> >tisialing nya ?"
> > " Sae atuh kang, meh aman !"
> > " Sae sae tai pedut...buktina panghasilan dewek
> >ngurangan !"
> > " Jadi akang ge tukang dompet oge kitu ?"
> > "Lain !"
> > " Naha geuning bet nyalahkeun ka abdi, nya pakasaban
> >akang teh naon kitu ?"
> > " Mun teu nyaho mah dewek teh raja copet..deuleu !"
> > (Kang Syam Ridwan)
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > <http://www.urang-sunda.or.id/barakatak.htm> Bobodoran
> >Lawas
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > [Non-text portions of this message have been removed]
> >
> >
> >
> > Milis kota-bogor ... media interaktif untuk 'orang
> >Bogor' dan yang pernah tinggal di Bogor.
> >
> > Jika ingin keluar dari milis ini, harap kirim e-mail
> >kosong ke : [EMAIL PROTECTED]
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >
> >
>
>
============================================================================
============
> Dapatkan kemudahan layanan Mobile Email dari VENTUS untuk Personal, VENTUS
Easy.
>
> Klik http://easy.ventusmobile.com
>
============================================================================
============
>
>
> Milis kota-bogor ... media interaktif untuk 'orang Bogor' dan yang pernah
tinggal di Bogor.
>
> Jika ingin keluar dari milis ini, harap kirim e-mail kosong ke :
[EMAIL PROTECTED]
> Yahoo! Groups Links
>
> <*> To visit your group on the web, go to:
>     http://groups.yahoo.com/group/kota-bogor/
>
> <*> To unsubscribe from this group, send an email to:
>     [EMAIL PROTECTED]
>
> <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
>     http://docs.yahoo.com/info/terms/
>
>
>
>


--------------------------------------------------------------
Milis Masjid Ar-Royyan, Perum BDB II, Sukahati, Cibinong 16913
Website http://www.arroyyan.com ; Milis jamaah[at]arroyyan.com


Kirim email ke