Kang Oman, punteun...
Kang Chaedar Alwasilah ayeuna geus termasuk inohong
Sunda anu ahli linguistik. Karanganana geus seueur.
Simkuring geus baca salah hiji bukuna. Sayaktosna di
Bandung seueur ahli setingkat nasional, bahkan geus
sekaliber internasional.
Tetapi era sentralisasi nu lami diterapkeun di
Indonesia, membuat sedayana (kaasup para ahli)
tersentral di Jakarta. Sagala anu aya di Jakarta mudah
melesat jeung terkenal. Sebalikna Bandung jeung
daerah-daerah liana ambles, kaasup jalmi-jalmina nu
paralinter.
Ayeuna zaman geus berubah ti sentralisasi janten
desentralisasi (otonomi daerah). Bandung/Jawa Barat
tos janten panggung, sami jeung sederajat panggung
Jakarta.
Ayeuna kumaha memanggungkeun jalmi paralinter di
daerah masing-masing?. Panggung ayeua teu hanya aya di
Jakarta.
Simkuring ti media massa Kompas geus lami mimiti jeung
kawan-kawan berupaya nonjolkeun ahli-ahli lokal
(Bandung jeung daerah sejen) lewat wawancara jeung
publikasi.
Tapi aya kendala. Seueur ahli di Unpad Bandung (salah
hiji contoh) takut keneh upami diwawancara soal
penyimpangan ekonomi, pembangunan, atanapi naon.
Kuatna birokrasi di perguruan tinggi sampai ayeuna
janten "belenggu" para dosen berbicara keluar.
Akhirna pihak media massa sulit mendapatkan narasumber
anu pinter jeung berani.
Akhirna oge nu janten sasaran wawancara media massa
LSM deui-LSM deui.
Padahal media massa hoyong ngarojong ahli-ahli
setempat, sepertos di Unpad, UPI, jeung liana. Tapi
kumaha sebagian besar ahli-ahlina nu paralinter
ngumpet...? Maranehna eleh ku pamingpin LSM nu
proaktif jeung berani.
Punteun ieu keluhan pribados simkuring selama 2,5
tahun janten Kepala Biro Kompas Jawa Barat-Banten di
Bandung dua tahun lalu.
Baktos
Nasir
--- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sakumaha dina serelek samemehna, waktu keur
> ngaluuhan seminar litbang esdm di hotel borobodur,
> di sagigireun rohangan seminar teh aya oge hajatan
> seminar jejer sejen. Anu boga hajatna (ralat anu
> kamari) nyaeta Universitas Jakarta. Anapaon jejer
> poko ieu seminar nyaeta (punten heunteu
> disundakeun): "Multicultural Education:
> Revitalising Nationalism and the Role of Higher
> Education amid the Age of Globalisation".
>
> Panasaran hoyong terang naon bae jejer-jejer anu
> dipadungdengkeun dina seminar budaya di rohangan
> sabeulah teh. Nya pangangguran ngalongok ka
> hareupeun rohangan seminar (da asup ka rohanganna
> mah teu aya waktuna) dina sela-sela istirahat
> seminar anu wajib dihadiran ku si kuring. Di
> hareupeun rohangan seminarna, sakumaha umumna
> seminar ageung, aya "stand" pameran anu dilebetan ku
> rupa-rupa buku-buku anu luyu jeung jejer seminar, di
> sagigireun panitia seminar. Buku-buku anu
> dijengjrengkeun dina pameran teh umumna ngawengku
> jejer-jejer: seni jeung budaya, atikan luhur,
> etnografi atawa ajen-inajen lokal/daerah, oge
> religiusitas anu nyoko kana budaya, pendidikan dan
> "perdamaian" dunia.
>
> Buku-buku anu dijengjrengkeun dina pameran teh
> umumna ngawengku jejer-jejer: seni jeung budaya,
> atikan luhur, etnografi atawa ajen-inajen
> lokal/daerah, oge religiusitas anu nyoko kana
> budaya, pendidikan dan "perdamaian" dunia. Bati uruy
> bae nitenan judul-judul buku anu dijagragkeun di
> hareupeun rohangan seminar teh, hayang macaan, ngan
> orokaya, salian ti waktuna anu teu aya teh cicisna
> oge teu kaagehan.
>
> Ulak-ilik kana daftar rengrengan narasumber jeung
> moderator ieu acara seminar internasional,
> lakadalah, geuningan aya Kang Chaedar Alwasilah
> salaku salah saurang moderator dina eta acara
> seminar internasional, di sagigireun narasumber ti
> jero nagara urang jeung luar negri. Enya, Kang
> Chaedar teh geus "menginternasional" pisal dina
> jejer budaya-pendidikan-lokalitas-agama mah. Ampir
> dina satiap seminar penting ngeunaan jejer bieu
> anjeunna diulem, boh salaku narasumber,. moderator
> atawa peserta aktif.
>
> Sakumaha tos pada uninga, Kang Chaedar teh doktor
> ahli atikan multikultural (pamianganna mah
> pangajaran bahasa Inggris), anjeunna ngawulang di
> UPI (IKIP) Bandung. Icikibung Kang Chaedar dina
> masalah-masalah kabudayaan dugi ka pucukna sawaktu
> anjeunna kapeto jadi pupuhu panitia Konferensi
> Internasional Budaya Sunda I (KIBS I) dina Taun
> 2000. Emut bae, guaran anjeunna dina panganteur
> "proceeding" KIBS 2000 ngeunaan revitalisasi budaya.
> Saurna, revitalisasi teh diwangun ku tilu hal,
> nyaeta: 1) ngahartikeun kalawan jero dugi ka
> nimbulkeun kasadaran, 2) ngarencanakeun kalawan
> sasarengan (perencanaan kolektif), jeung 3)
> kreativitas budaya. Jargon-jargon budaya Sunda
> seueur anu kedah direvitalisasi, ditafsir ulang,
> saur anjeunna, sangkan tiasa ngigelan jeung
> ngigelkeun jaman. Upamana bae, ayat "herang caina
> beunang laukna" teh kudu ditafsirulang, diantara
> tafsir anyarna : komunikasi anu hade.
>
> Susuganan meunang makalah gratisan tina eta seminar,
> si kuring wawanianan ngawanohkeun maneh ka panitia.
> Nyebutkeun pagawean mah sanes ti geologi da bisi teu
> nyambung, tapi ti komunitas sunda di internet bae
> ngarah rada pantes. Hanjakal, teu aya makalah anu
> nyesa, tapi panitia teh nawaran CD. "Sadaya eusi
> makalah jeung TOR ieu seminar aya dina lebet CD
> ieu", kitu ceuk salah saurang panitia satengah
> promosi. Da kabita tea, nya ngagentosan CD sahiji,
> lumayan cekeng teh, keur baca-bacaeun ari salse.
>
> Karek kamari ieu aya waktu mukaan eusi CD seminar
> multikultural teh, geuning hade nakeranan. Enyaan
> urang jakarta mah palinteran ngararancang hiji
> seminar, nya pinter mintonkeunna, nya pinter neangan
> sumber biayana (diantara donatur seminar di luhur
> teh aya UNESCO). Aya kurang leuwih makalah anu
> dipresentasikeun dina eta seminar, kalawan makalah
> kuncina (keynot speaker) ti Siswono Yudohusodo
> (makalahna: "To Build the National Self-Reliance is
> a Need for Indonesia"). Kang Chaedar ku anjeun
> nyandak makalah anu dijejeran ku :"First
> Language-Based Multicultural Education".
>
> Sarantos parawargi, sugan pareng, keur diimeutan
> eusi CD ngeunaan makalah-makalah anu dipintonkeun
> dina seminar di luhur teh. Saeutikna, runtuyan
> judul-judulna bae mah, manawi aya anu peryogi, engke
> tiasa dikomunikasikeun deui. Kanggo saheulaanan,
> para inohong sanesna anu biantara kamari dina
> seminar multikultural di luhur teh, diantarana
> (sadayana diserat nami aslina bae, teu nganggo
> gelar): Conny R. Semiawan, Azyumardi Azra, Arief
> Rachman, Susan R. Stengel, Agus Guntoro, Cut
> Kamaril, Bustanuddin Agus, H.A.R Tilaar, John
> Parrish, Lexy J. Moleong, M. Yusuf, Martani, Martini
> Jamaris, Peter Englert, Rohaty Moh. Majzub, Suminto
> A. Sayuti, Supanggah, Tonny Micthener, sareng
> Tukiman Sayoga.
>
> Cag.
>
> Baktosna,
>
> manAR
>
>
>
>
>
>
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam
> protection around
> http://mail.yahoo.com
>
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
>
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!
http://promotions.yahoo.com/new_mail
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate
antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/