Bagea Kang Oman,

Moal henteu disuhunkeun eta eusi CD teh ku sim kuring, tangtos enjing 
pageto sim kuring nepangan Akang ka Jalan Diponegoro. Kalihna ti eta meni 
asa tos lami urang teh henteu patepung lawung patepang raray. Piraku 
duduluran teh mung dicukupkeun ku serat-sinerat dina internet wae, atuh 
moal tiasa nganteng tali babarayaan teh.

Ka para wargi anu nembe linggih di Kisunda, nyanggakeun pangbagea ti sim 
kuring.

Baktos,

Ilen Kardani


At 12:28 AM 9/13/2004 -0700, you wrote:
>Sakumaha dina serelek samemehna, waktu keur ngaluuhan seminar litbang esdm 
>di hotel borobodur, di sagigireun rohangan seminar teh aya oge hajatan 
>seminar jejer sejen. Anu boga hajatna (ralat anu kamari) nyaeta 
>Universitas Jakarta. Anapaon jejer poko ieu seminar nyaeta (punten heunteu 
>disundakeun): "Multicultural Education:  Revitalising Nationalism and the 
>Role of Higher Education amid the Age of Globalisation".
>
>Panasaran hoyong terang naon bae jejer-jejer anu dipadungdengkeun dina 
>seminar budaya di rohangan sabeulah teh. Nya pangangguran ngalongok ka 
>hareupeun rohangan seminar (da asup ka rohanganna mah teu aya waktuna) 
>dina sela-sela istirahat seminar anu wajib dihadiran ku si kuring. Di 
>hareupeun rohangan seminarna, sakumaha umumna seminar ageung, aya "stand" 
>pameran anu dilebetan ku rupa-rupa buku-buku anu luyu jeung jejer seminar, 
>di sagigireun panitia seminar.  Buku-buku anu dijengjrengkeun dina pameran 
>teh umumna ngawengku jejer-jejer: seni jeung budaya, atikan luhur, 
>etnografi atawa ajen-inajen lokal/daerah, oge religiusitas anu nyoko kana 
>budaya, pendidikan dan "perdamaian" dunia.
>
>Buku-buku anu dijengjrengkeun dina pameran teh umumna ngawengku 
>jejer-jejer: seni jeung budaya, atikan luhur, etnografi atawa ajen-inajen 
>lokal/daerah, oge religiusitas anu nyoko kana budaya, pendidikan dan 
>"perdamaian" dunia. Bati uruy bae nitenan judul-judul buku anu 
>dijagragkeun di hareupeun rohangan seminar teh, hayang macaan, ngan 
>orokaya, salian ti waktuna anu teu aya teh cicisna oge teu kaagehan.
>
>Ulak-ilik kana daftar rengrengan narasumber jeung moderator ieu acara 
>seminar internasional, lakadalah, geuningan aya Kang Chaedar Alwasilah 
>salaku salah saurang moderator dina eta acara seminar internasional, di 
>sagigireun narasumber ti jero nagara urang jeung luar negri. Enya, Kang 
>Chaedar teh geus "menginternasional" pisal dina jejer 
>budaya-pendidikan-lokalitas-agama mah. Ampir dina satiap seminar penting 
>ngeunaan jejer bieu anjeunna diulem, boh salaku narasumber,. moderator 
>atawa peserta aktif.
>
>Sakumaha tos pada uninga, Kang Chaedar teh doktor ahli atikan 
>multikultural (pamianganna mah pangajaran bahasa Inggris), anjeunna 
>ngawulang di UPI (IKIP) Bandung. Icikibung Kang Chaedar dina 
>masalah-masalah kabudayaan dugi ka pucukna sawaktu anjeunna kapeto jadi 
>pupuhu panitia Konferensi Internasional Budaya Sunda I (KIBS I) dina Taun 
>2000. Emut bae, guaran anjeunna dina panganteur "proceeding" KIBS 2000 
>ngeunaan revitalisasi budaya. Saurna, revitalisasi teh diwangun ku tilu 
>hal, nyaeta: 1) ngahartikeun kalawan jero dugi ka nimbulkeun kasadaran, 2) 
>ngarencanakeun kalawan sasarengan (perencanaan kolektif), jeung 3) 
>kreativitas budaya. Jargon-jargon budaya Sunda seueur anu kedah 
>direvitalisasi, ditafsir ulang, saur anjeunna, sangkan tiasa ngigelan 
>jeung ngigelkeun jaman. Upamana bae, ayat "herang caina beunang laukna" 
>teh kudu ditafsirulang, diantara tafsir anyarna : komunikasi anu hade.
>
>Susuganan meunang makalah gratisan tina eta seminar, si kuring wawanianan 
>ngawanohkeun maneh ka panitia. Nyebutkeun pagawean mah sanes ti geologi da 
>bisi teu nyambung, tapi ti komunitas sunda di internet bae ngarah rada 
>pantes. Hanjakal, teu aya makalah anu nyesa, tapi panitia teh nawaran CD. 
>"Sadaya eusi makalah jeung TOR ieu seminar aya dina lebet CD ieu", kitu 
>ceuk salah saurang panitia satengah promosi. Da kabita tea, nya 
>ngagentosan CD sahiji, lumayan cekeng teh, keur baca-bacaeun ari salse.
>
>Karek kamari ieu aya waktu mukaan eusi CD seminar multikultural teh, 
>geuning hade nakeranan. Enyaan urang jakarta mah palinteran ngararancang 
>hiji seminar, nya pinter mintonkeunna, nya pinter neangan sumber biayana 
>(diantara donatur seminar di luhur teh aya UNESCO). Aya kurang leuwih 
>makalah anu dipresentasikeun dina eta seminar, kalawan makalah kuncina 
>(keynot speaker) ti Siswono Yudohusodo (makalahna: "To Build the National 
>Self-Reliance is a Need for Indonesia"). Kang Chaedar ku anjeun nyandak 
>makalah anu dijejeran ku :"First Language-Based Multicultural Education".
>
>Sarantos parawargi, sugan pareng, keur diimeutan eusi CD ngeunaan 
>makalah-makalah anu dipintonkeun dina seminar di luhur teh. Saeutikna, 
>runtuyan judul-judulna bae mah, manawi aya anu peryogi, engke tiasa 
>dikomunikasikeun deui. Kanggo saheulaanan, para inohong sanesna anu 
>biantara kamari dina seminar multikultural di luhur teh, diantarana 
>(sadayana diserat nami aslina bae, teu nganggo gelar): Conny R. Semiawan, 
>Azyumardi Azra, Arief Rachman, Susan R. Stengel, Agus Guntoro, Cut 
>Kamaril, Bustanuddin Agus, H.A.R Tilaar, John Parrish, Lexy J. Moleong, M. 
>Yusuf, Martani, Martini Jamaris, Peter Englert, Rohaty Moh. Majzub, 
>Suminto A. Sayuti, Supanggah, Tonny Micthener, sareng Tukiman Sayoga.
>
>Cag.
>
>Baktosna,
>
>manAR
>
>
>
>
>
>
>
>__________________________________________________
>Do You Yahoo!?
>Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
>http://mail.yahoo.com
>
>[Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
>
>PENTING..!
>
>attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
>dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi 
>berupa pencabutan membership.
>
>terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
>mengupdate antivirusnya.
>
>Yahoo! Groups Links
>
>
>
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate 
antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke