Kang Ilen.
Upami diraraoskeun ku sim kuring, larap na asa pas
sareng kidung kinanti.
... budak leutik bisa ngapung....
... babakung ngapungna peuting...
Salam
MZ
--- ilen kardani <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Teteh,
>
> Keun wae nu ieu mah teu kedah dihartoskeun, urang
> candak dangiangna wae.
> Mangga geura cobian dihariringkeun masing tarapti,
> tangtos karaos aya daya
> tunggang swara.
>
>
>
> At 06:47 PM 9/19/2004 +0700, you wrote:
>
> >Mani sae rumpaka parancah teh, mung kirang terang
> naon
> >hartosna kang ilen...?
> >
> >On Sat, 18 Sep 2004 23:44:58 +0800
> > ilen kardani
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > > Kidung Parancah
> > >
> > > Neda Widi Ka Nu Agung
> > > Neda Asih Maha Suci
> > > Pangriksa Maha Kawasa
> > > Pangaping Paraji Sakti
> > > Pangruwat Karuhun Sunda
> > > Nyanggakeun ieu Pangbakti
> > >
> > > Pangbakti Jadi Piwuruk
> > > Papagah ka Utun Injih
> > > Pibekeleun Hidep Jaga
> > > Neng Galuh Kumala Murti
> > > Nu Medal ka Panca Tengah
> > > Masing Diaping Dijaring
> > >
> > > Waluya Anu Dipundut
> > > Rahayu Nungkupan Diri
> > > Tebih Tina Duruwiksa
> > > Cageur Lahir Bageur Batin
> > > Bener Perbawa Asalna
> > > Ginuluran Asih Gusti
> > >
> > > Gusti Anu Dipituhu
> > > Kudrat-Na Hidep Ngajadi
> > > Hirup Hurip ti Anjeuna
> > > Sing Apik Metakeun Diri
> > > Di Dunya Ukur Ngumbara
> > > Poma Hilap Purwadaksi
> > >
> > > Purwa Mawa Pangaweruh
> > > Daksina di Alam Mulki
> > > Mulki teh wujudna Dunya
> > > Dunya Ageung Dunya Alit
> > > Sadaya Tunggal Mahlukna
> > > Tempat Hidep Nyiar Harti
> > >
> > > Kotektak Harti sing Luhung
> > > Karatak Harta sing Sugih
> > > Hurung Nangtung Siang Leumpang
> > > Masagi Pinuh Pangarti
> > > Resep Nulung ka Sasama
> > > Pamuntangan Kadang Wargi
> > >
> > > Yeuh Indung Tunggul Rahayu
> > > Yeuh Bapa Karamat Hurip
> > > Komara Masing Diriksa
> > > Lampah Sing Janten Wawangi
> > > Ka Bangsa tur Nagarana
> > > Pieunteungeun Seuweu Siwi
> > >
> > > Parancah Tina Pitutur
> > > Disilibkeun Dina Dangding
> > > Ku Bapa, Geulis Diriksa
> > > Dijimatan ku Hariring
> > > Ditumbal ku Ieu Tembang
> > > Diruwat Tali Paranti
> > >
> > > Dat Sifat Jirimna Sunda
> > > Bray Gelar Bumela Bangsa
> > >
__________________________________
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!
http://promotions.yahoo.com/new_mail
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate
antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/