Kapayuneun : Kang Dien
di
palinggihan-
 
Wa'alaikum salam warohamtullohi wabarokatuh,
 
Haturan Kang, wilujeng patepang deui dina serelek japri.
 
Sanes bade tuturut munding Kang, ieu serat oge dibujeng enggalna bae. Kahijina, 
ngahaturkeun nuhun, salira parantos kersa ngahubungan deui sim kuring kalayan khusus. 
Saterasna, mugi heunteu janten rengat galih ku alatan lami heunteu aya komunikasi 
khusus diantawis urang, jalaran urang papada mafhum ku kasibukan sewang-sewangan. 
Insya Alloh, bathin mah tetep nganteng, silih simbeuhan ku beja jeung carita.
 
Saterasna, unjuk uninga rehing dina dinten Salasa-Rebo, kaping 12-13 Oktober 2004 sim 
kuring kapapancenan kedah ngiringan rapat rencana program 2004 sadepartemen energi dan 
sumberdaya mineral, minangka wawakil nyarengan direktur ti tempat pagawean maneuh sim 
kuring, pitempateunana di Plaza Hotel, Purwakarta (caket ti pintu ka luar jalan tol 
Jakarta-Cikampek). Kukituna, dina kaping 12 oktober 2004 sim kuring rencanana aya di 
Purwakarta, di Plaza Hotel. Malihan mah ieu oge nyerat teh sakantenan nuju sasayogian 
pak Direktur kanggo presentasi dina eta pajemuhan departemen (powerpoint presentasi).
 
Atuh saterasna, kaping 13 oktober 2004 (duka cios heunteu na mah, jalaran rupina tos 
santek pisan kana waktos munggaran lebet sasih siam), sim kuring nyarengan sepuh 
kasundaan/Kang Idrus saparakanca,  aya rencana tepang sareng Jenderal Yasin, salah 
saurang kapercatenana pak SBY, capres pinilih urang sadaya ayeuna ieu di jakarta. Dupi 
maksadna, seja ngabadantenkeun program presiden 2004-2009 (pidu'ana Kang, mugi2 
cios/tiasa eta acara teh. Engke bae dina japri saterasna ngeunaan kumaha dongengna 
dugi ka program sepuh/Kang Idrus tiasa dugi ka tim sukses pak SBY mah nya Kang, margi 
darurat ieu waktosna).
 
Teu kinten sim kuring hanjakalna, jalaran moal tiasa nepangan akang di Bandung dina 
kaping 12 Oktober 2004 jalaran tugas sakunaha disebatkeun di luhur.. Mugi akang 
heunteu kirang ngahapunten ku alatan halangan-harungan eta dugi ka sim kuring heunteu 
tiasa nampi sareng ngabeageun salira anu parantos haat nyayogikeun waktos seja sindang 
ka kantor sim kuring.
 
Rupina sakitu bae heula anu tiasa kahaturkeun. Kapayun, manawi pareng, Insya Aloh 
diteraskeun deui. 

Baktosna,
manAR
NB:
1. Naha tiasa kinten-kintenna urang tepang di Plaza Hotel, Purwakarta? sim kuring dina 
kaping 12 oktober 2004  wengi, ba'da pk 20, Insya Alloh aya waktos. Kanggo komunikasi, 
mangga ieu kahaturkeun no hp sim kuring: 081320691773.
2. Foto salira dina lampiran, heunteu dugi Kang, mugi tiasa dikintun deui (cc: [EMAIL 
PROTECTED])  
 

Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


Kahatur : Kang manAR

Linggih di Bandung.-



Assalaamu �alaikum wa rohmatullahi wa barokaatuh !

Serat dibujeng pentingna bae. Saperkawis neda agung cukup lumur, neda jembar 
hapuntenna, wireh rumaos parantos lami (lebet kana paripaos) �teu beja teu carita� 
padahal tos kedal jangji yen bade dongkap nepangan. Kalihna ti eta, sumeja hatur 
uninga yen manawi kaparengkeun, eta jangji teh bade dicaosan dinten pageto, Rebo ping 
13 Oktober 2004. Pidongkapeun ka Kantor Kang Man kirang-langkung tabuh 13.00 WIB. 
Nanging �� kitu oge upami kaleresan dina waktos eta teh kang Man nuju aya dina 
kasalsean padamelan. Patali sareng eta, sakintena dina waktos eta teh teu aya 
kasempetan kanggo tepang, pamugia kersa maparin warti (ku surelek atanapi telepon 
rorompok : 021 8815394). Pamungkasing pihatur, nyanggakeun implik-implik supados engke 
di mana tepang henteu matak disaha-saha teuing, ma�lum jalmi anyar pinanggih. Anu 
kahiji nuju ngahuleng disarengan ku Ir. Piping Supriyatna, M.Sc. Anu kadua, dina teras 
Aula Sanusi Hardjadinata (UNPAD), nuju ngupingkeun bacetrotna seniman Bandung, kang 
Yayat
Supriyatna (tengah) pingpinan Lingkung Seni Mitra Sunda Leuwipanjang, dialokan ku Kai 
H. Idang Sujono, S.Pd. (jurig alias juru pirig Pakempelan Tembang Sunda Sangkakala 
Pajajaran Bandung, pingpinan Bapa Ir. H. Setia Hidayat), nyaeta anu nganggo kopeah 
hideung.

Sakitu nu kapihatur, bobo sapanon, carang sapakan, pamugia kersa ngamaphum.



Baktos,

Kang Dien








---------------------------------
Do you Yahoo!?
Y! Messenger - Communicate in real time. Download now.

[Non-text portions of this message have been removed]




PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate 
antivirusnya.

Yahoo! Groups Links









                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Express yourself with Y! Messenger! Free. Download now.

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate 
antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke