Tah kitu kang, kuring oge lain teu satuju korupsi di Jabar dibolekerkeun, tapi ari kahayang teh ulah sangeunahna ngavonis "Jabar pangkorupna sa Indonesia" sabab karasana teu ngeunah!. Naon sababna kuring nyarios kitu, soalna kaalaman ku kuring, kumaha henteu ngeunahna cap eta teh. Hiji waktu kuring ngariung jeung babaturan, sasama urang Bandung, tapi urang sundana ngan kuring wungkul, ngobrol kaditu-kadieu, pas nyaritakeun korupsi di jabar, naha eta babaturan teh bet pada ngareret ka kuring, saolah-olah tah urang sunda tukang korupsi mah, padahal maranehna oge sarua warga Jabar, tapi teu ngarasa ari pas gorengna mah!
Perkawis GK nu kenging jadi "juara" hiji dina pamilihan DPD Jabar, saleresna mah hiji phenomena nu nunjukkeun yen naon nu dianggap "salah" ku urang kota (atawa kelas menengah alias "urang Jakarta") acan tangtu dianggap "salah" ku urang pilemburan. Ieu sanes soal GK wae, dina pamilihan presiden oge katingali, rakyat dipilemburan teh sabenerna mah hese diatur, independen alias "kumaha aing". Ku jantenna Indonesia jadi nagara demokratis, hese ayeuna mah upama mahasiswa atawa aktivis sanesna, gogorowokan bari ngatasnamakeun "sora rakyat", margi saur saha sora para aktivis teh sami jeung "sora rakyat"? Perkawis "sinisme" mah keun we engke deui ........ngantosan nu sanes heula! Salam, WALUYA ----- Original Message ----- From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> To: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Wednesday, September 29, 2004 3:12 PM Subject: Re: [kisunda] Re: kasundaan di jabar > Hatur nuhun ka Kang Waluya anu masihan pendapat/opini. Sateuacana neraskeun ngabahas punten ti sim kuring engke lamun ngagunakeun bahasa sunda campur (abdi sok seueur huleng neangan istilah sunda, poekkeun undak usuk basa). > > Balik deui ka masalah tuduhan pangkorupna, ari keur sim kuring mah tibatan ngupayakeun jeung merkarakeun tuduhan eta, mending nyekel eta tuduhan keur hanca gawe nu nyata (starting point?). Insya Allah nga"berantas" kasus-kasus korupsi bisa dihanca ti mimiti nyeri hate (?) terus dijieun daftar kasus-kasus nu aya di Jabar. Tidinya piraku teu bisa ngamimitian tarekahan nu "fokus" jeung "sistematis" supaya kapetik hasilna. Keun we hasil gawe nu ngabantah tuduhan nu nyenyeri hate teh. > > Ari perkawis nyidik jeung merkarakeun kasus korupsi tangtosna oge penegak hukum (pulisi, jaksa, hakim). Ngan keur sim kuring mah nu "menarik" teh ieu lingkungan/ dorongan ti masyarakat sigana mah alus pisan (kondusif) nepi ka penegak hukum bisa digawe bener!! Tah palebah dieu sim kuring nanya ka diri sorangan nepi ka mana urang bisa mere "kontribusi" supaya gawe penegak hukum bisa maksimal, tuntas. Ekstrim na mah mun penegak hukum di Sumbar dimutasikeun ke Jabar tangtu kudu diperhatikeun kumaha carana supaya bisa gawe maksimal. Mugi bae engke di Jabar aya bupati/walikota/gubernur anu nyabet "award" anti korupsi. Amin. > > GK? Mudah-mudahan masyarakat umum sapamadegan sareng masyarakat nu marilihna, sarua dipikadeudeuhna kawas ka Pak Sarwono jeung Kang Erry HP. > > Kitu bae "opini" sim kuring. Mugi Kang Waluya sareng baraya-baraya tiasa "kontribusi" kana ieu diskusi. > > Cag ah > TCW > > Catetan: > 1. Naon atuh basa sundana "kontribusi"? > 2. Aya deui hiji topik nu sabenerna hayang dihanca/bahas ku urang sarerea: "sinisme" ka urang Sunda. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
