*************************************************************** Innalillahi wa innailaihi roji'un!
Baraya.... wengin ieu ping 2 nopember 2004, kirang langkung tabuh 20:00 waktos abu dhabi (23:00 WIB), tos ngantunkeun ka Mantenna jalmi nu di pikacinta tur dipikameumeut ku sakumna rahayat nagara Persatuan Emirat Arab nyaeta Presiden/ Emir Abu Dhabi, Sheikh Zayed bin Sultan Al-Nahyan dina yuswa 86 taun, sadaya siaran di tivi-tivi nagara ieu, pating tembalan nyiarkeun al-quran nu diaos sawengi jemput, kitu oge sadaya masigit ti puser ka basisir teu hoyong kakantun ngahaleuangkeun ayat-ayat suci al-qur'an nu matak muringkak nu ngadanguna. Yasa anjeuna, nu ngajantenkeun nagara ieu janten mercu suar 'perekonomian' na nagara-nagara di sabudeureun Timur Tengah tur Afika, yasa nu ngajantenkeun dayeuh abu dhabi kalandihan "city in the garden",yasa anjeuna nu ngamakmurkeun rahayatna kitu oge nu ngajantenkeun genah, betah tur tumaninah boh rahayatna boh tatamuna, teu aya sanes yasa anjeuna oge nu ngajantenkeun nagara-nagara 'trucial states" janten hiji nagara nu kagungan pamadegan nyalira. Panginten amal ibadah anjeuna tiasa diganjar sarimbang ku alloh swt, anapon kasaean paripolah anjeuna tiasa janten piconto urang sadaya. Amin. Sakitu nu kapihatur, Salam, -pun adi- * Hasil karancagean anjeunna dina ngokolakeun nagara PEA tiasa ditingali antawisna di : http://facultytraining.typepad.com/photos/map_of_uae/united_arab_emirates.html http://guide.theemiratesnetwork.com/basics/zayed.php http://dialspace.dial.pipex.com/prod/dialspace/town/square/az83/personal/abu/ http://www.uae.org.ae/ jrrd........ ************************************************* ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
