Lamun enya teh Kang Ayip Rosidi (AR) tiasa sumping dina waktuna, ngaluuhan acara di
Cimalati, tada teuing bungahna, bungah amarwata suta. Sugan bae atuh pajemuhan di
Cimalati teh jadi hiji inkubator anu heunteu lila ti dinya diteruskeun ku sababaraha
hiji pajemuhan antara Kusnet/YP jeung pirang-pirang inohong kasundaan sanesna,
kayaning Kang Saini KM, Abah Surya, Kang Ayat Rohaedi, jrrd.
Udagan tina eta runtuyan pajemuhan teh diantaran ngaringkelkeun SK ngawangun
("ketahanan") Budaya Tatar Sunda, pikeun asongkeuneun ka Pemda Propinsi Jabar,
syukur-syukur lamun bisa ngotretkeun ringkelan SK (lengkep tepi ka program kagiatan
jeung "who is doing what"-na ti sakabeh instansi2 anu aya sahandapeun pamarentahan
sewang-sewangan) tepi ka hambalan kabupaten/kota, dina ngajabarkeun SK. Teu aya lian,
gawe ieu teh sangkan antara pangemut para "kampiun" di widang kabudayaan anu parantos
sakitu moyanna tur diantarana seueur anu tos kakoncara ka luar nagreg tiasa sumerep ka
pangemut para pangagung pamarentahan, tur larap dina kagiatan pangwangunan sapopoe.
Saur Kang Saini K.M dina buku "Krisis Kabudayaan", salah sahiji kakurangan dina
ngawangun budaya teh, dina basa ringkesna, nyaeta kurang nyambungna antara
inohong-inohong anu engeuh dina hal kabudayaan jeung program-program pamarentahan.
Tegesna, antara ringkelan program pangwangunan- sadayana geus mafhum eta teh dibeyaan
ku duit rahayat-jeung pangemut para ahli kabudayaan pikeun ngawangun jatidiri bangsa
(dina lebah dieu masyarakat) Jawa Barat masih lumangsung sewang-sewangan.
Masalah kaduana, kurangna kontrol ka na prak-prakanna migawean program-program
pangwangunan. Loba pisan program anu aralus usulan ti para inohong kabudayaan, anu ana
geus jadi hancengan program dinas-dinas anu pakait, dina prak-prkanna mah kacida loba
bocorna. Upamana bae, sababaraha waktu ka tukang aya program "Kabuyutan pikeun
Konservasi DAS Citarum Hulu". Hasilna, kulantaran kauger ku sistem kaproyekan, heunteu
ngahontal sakumaha anu dirarangkay samemehna.
Ku ayana kanyataan di luhur,. muga-muga bae pajemuhan Cimalati teh jadi hiji tihang
pikeun ngadegna "inkubator" fungsi kontrol masyarakat ka Pamarentah, khususna
masyarakat US anu paamprok jongok (mindengna) di alam maya ka Pamarentah Prop. Jabar.
Pikeun ngalengkepkeun garapan-ku sabab budaya teh lain ukur urusan kasenian, bahasa,
sajarah jeung ajen-inajen tradisi (widang Humaniora)-perlu oge urang ngalengkepan
rengrengan inohong anu seja di-anjangsono-an teh ku ahli-ahli widang sanesna, kayaning
ahli ekonomi karakyatan, ahli tatanen, komunikasi, jsb.
Bral ah, pamuga ninggang kana babasan: "Malati lingsir ku wanci, Campaka mangkak ku
mangsa", geus waktuna tarepung di Lebak Cawene pikeung ngangon tutunggul jeung
kalakay, sakumaha dina Uga WS tea.
Cag.
Baktosna,
manAR
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
tadi wengi ngobrol sareng ua sas perkawis acara halalbihalal urang. kang
hawe naroskeun tos nelpon kang ajip rosidi teu acan? teu acan ceuk si
kuring teh. kang ajip teh sepuh, sok rada kagok euy.
aya ideu ti si ua Sas, kumaha cenah upami kang Siddik ti Seoul nelpon ka
kang Ajip Rosidi bari sakalian nepangkeun, ngulem acara halalbihalal
kusnet di cimalati. saur kang hawe mah, kang ajip-sapanjang jang urusan
kasundaan- pastina kersaeun.
ka kang Siddik manawi kersa atanapi salse, tiasa dicobi ka magelang.
0293 788444
nuhun pisan, hehe. punten sanes miwarang ka sepuh ieu mah. mung supados
kang ajip rosidi na helok we. aya nu nelpon ti seoul ngajak halal bihalal
di cimalati sukabumi. hehe
mj
http://geocities.com/mangjamal
Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT
---------------------------------
Yahoo! Groups Links
To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/halalbihalal_kusnet/
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate
antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/