--- In [EMAIL PROTECTED], "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sapuk Kang, ngauar-uar kagorengan sababaraha wanoja tuluy dikaitkeun kana etnis eta wanoja bari dituduhkeun yen eta kagorengan/kakurangan teh salaku kagorengan/kakurangan wanoja ti eta etnis sagemblengna, kacida pibahayaeunna. Di rengrengan budayawan mah peta sarupi kitu teh kalebet "pembunuhan karakter" atawa "character assassination" atawa ceuk ahli antropolog mah "etnocide" tea. Millan Kundera, salah saurang budayawan kondang, kungsi ngasongkeun pamadegan, yen cenah lamun hayang ngabinasakeun hiji bangsa, ilangkeun bae sajarah jeung tanda-tanda bukti eksistensi eta bangsa. Etnocide kaasup usaha-usaha ngilangkeun ciri atawa bukti wujud hadirna hiji bangsa/etnis. Heunteu karasa, siga pangangguran, hiji sikep dina wangun ucapan anu saperti kitu teh ana diteuleuman pohara pibahayaeunna. Urang sakuduna oge ngeunteung, muga-muga heunteu ngalakukeun hal anu sarupa kitu ka seler sejen. Baktos, manAR --- In [EMAIL PROTECTED], "R. Duli Dimyati D." <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Upami abdi ningali perjuangan pun biang kapungkur nuju abdi sakola di > Bandung, tiasa disebat abdi teh leuheung tamat sakola dugi ka SMA > oge...emut pisan pun biang sabulang bentor usrip dadagangan katuangan > anu tiasa didamel ku anjenunna nyalira...gugah pang subuhna, kulem pang > wengina, mapah ti bumi ka tempat langganan sanaos teu acan tangtos > dagangan pajeung sadayana... kahujanan kapanasan...dijugjug eta rezeki > kanggo sakola abdi sareng lanceuk2 abdi, kanggo tuang dinten eta, kanggo > nyicil mayar kontrakan, kanggo meser landong pun bapa, kanggo > ayeuna...keun wios enjing mah milarian deui, sugan aya milikna deui, > cenah kitu saur pun biang... > > Tah eta saha pun biang teh geura? Hiji Wanoja Sunda anu lahir di Cianjur > anu gaduh ibu rama urang Ciamis...Urang Sunda ASli...upami tarekah biang > ieu disebat paripolah matre...sing percanten ku Abdi bade dicacag teu > eureun2 eta jalmi anu nyebat sapertos kitu teras dagingna dilebetkeun > kana kaleng siga kornet, salajengna diparabkeun ka anjing...cik saha nu > wantun? > > > Baktos ti Adul > *aing jeger > > > -----Original Message----- > From: kumincir [mailto:[EMAIL PROTECTED] > Sent: 06 Nopember 2004 13:35 > To: [EMAIL PROTECTED] > Subject: Re: [Urang Sunda] Wanoja Sunda/Bujang Sunda: Pamendak hiji > waktos > > > Hiji hal anu kuring yakin ngeunaan masalah-masalah nu kieu, nyaeta > jalma-jalma nu can nanaon geus ngahakiman nyakompetdaunkeun hiji > bangsa/golongan kana kagorengan, tangtu eta jalma teh kurung batok! > Adat kakurung ku iga (dina harti nu goreng). > Perkara sajarah, memang aya sajarahna urang Sunda dinyenyeri ku urang > Jawa. Tapi sajarah mah geus kaliwat, keur pieunteungeun wungkul, lain > pikeun digegedekeun jadi bahan ngagogoreng bangsa sejen. > Rek urang (wanoja) Sunda digogoreng disebut matre jeung sajabana ge, > pek bae. Rek nepi ka jebi2 ge mangga teh teuing, urang mah moal bohak > ku digogoreng. Nu nyaho mah urang, lain aranjeun nu neuteup ge ukur ku > sabeulah panon kituh. Hese2 teuing... > Atawa lamun aya nu nyebut wanoja Sunda mah anu anu anu anu (nu sipatna > goreng), balikkeun ku urang. Na sia teh bet kumawani teuing nyebut > kitu ka indung dewek? Nyaho ti mana indung dewek boga sipat kitu? Naha > maneh suka mun boga indung digogoreng deungeun, kituh! --- End forwarded message --- ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
