Mairan sakedik minangka pangbagea...
 
Sababaraha catetan ngeunaan Islam, Kasenian jeung Sunda. Numutkeun Abah Surya, 
dalitna adumanis antara Islam jeung Sunda pibasaeunna teh Budaya Sunda geus 
hasil dina kurun waktu anu tinangtu dialog jeung Islam. Upama disebutkeun ku 
cara sejen, dina budaya Sunda geus nyampak ajen-inajen jeung prak-prakkan 
tradisi anu mampu ngawadahan Al-Islam dugi ka sumerepna ka masyarakat teh 
heunteu matak nimbulkeun genjlong budaya. 
 
Kukituna, di Sunda heunteu dipikawanoh ayana sesebutan Islam Kasundaan (salaku 
padanan 'Islam Kejawen" di seler sejen), balikta anu aya nya sebutan "Islam 
jeung Sunda". Sabab, Islam anu asup ka Tatar Sunda mah heunteu direduksi kana 
budaya anu nyampak di masyarakat, balikta diwadahan jeung di kamaliran ku 
Budaya Sunda. Unsur religi Islam, saur Abah Surya, disawang tina jihat 
kabudayaan mah tiasa disebutkeun salaku salah sahiji ciri budaya (penanda 
budaya) penting masyarakat Tatar Sunda.
 
Ngeunaan kasenian Sunda, sajaba ti dipangaruhan ku agama (Islam), oge kuat 
dipangaruhan ku tradisi tatanen. Pagaliwotana anu tilu, nyaeta unsur 
(ajen-inajen) budaya Sunda, agama Islam, jeung wewengkon anu kuat ku budaya 
tatanen, geus ngalahirkeun Seni Tatar Sunda anu warna-warni pinuh ku 
kreativitas tur dipikareueus, boh ku seler sejen tunggal sanusantara atawa ku 
bangsa-bangsa sejen di mancanagara. Hal ieu sakumaha mindeng dilaporkeun, anu 
pangakhirna, upamana, seratan Kang Nano S. dina PR minggu kamari, anu 
nyaritakeun kumaha antusiasna masyarakat Eropa kana pintonan Kasenian Sunda. 
 
Kukituna, dina raraga mulasara jeung mekarkeun  Kasenian Tatar Sunda, daek teu 
daek, urang kudu ngaronjatkeun kahirupan tatanen (pertanian) urang. Sabab, 
kreativitas lahir nalika manusa salaku subyekna hirup dina kaayaan lohjinawi 
atau "sejahtera". Sedeng ari masyarakat urang apan lolobana patani. 
 
Tina jihat agama, sikep ngalaksanakeun agama anu baris ngalahirkeun Seni anu 
pinuh ku ajen inajen teh taya lian ti sikep agama anu "intrinsik" tea, agama 
anu heunteu "diatasnama"-keun pikeun ngudag kapentingan duniawi (ti mimiti anu 
material tepi ka status sosial). Cindekna, agama anu dimensi pinunjulna taya 
lian ti dimensi sosial. Kukituna, Islam anu asup ka Tatar Sunda atawa anu 
dipilih dianut di Sunda mah lain Islam anu ngagadekeun simbol (baheula ieu 
teh). Sabab, luyu jeung budaya Sunda anu nyampak, anu heunteu ambon ku 
simbol-simbol (kabuktian dina titinggal sajarah, di wewengkon/masyarakat Sunda 
bisa disebut heunteu aya atawa langka bangunan2 monumental siga candi-candi)
 
Pikeun ngaronjatkeun deui kreativitas Seni Sunda, sikep ngalaksanakeun agama 
anu pinuh ku dimensi sosial kudu dihaeutkeun deui.
 
Saeutik catetan ngeunaan Nurhidayah jeung Nadoman. Nurhidayah yasana Abah Surya 
ieu parantos sakitu diapresiasina, sanes bae ku masyarakat luas, oge ku 
kalangan akademis. Tarjamahan Al-Qur'an (30 juz) dina wangun pupuh sekar ageung 
ieu direngsekeun ku pangersa Abah dina lebet 7 tahun, ngarupikeun hiji karya 
anu tiasa disebat "masterpiece"-na Drs. Hidayat Suryalaga. Sabagian tina 
Nurhidayah ayeuna geus jadi acara maneuh RRI Bandung dina acara panutup siaran, 
asana meh unggal peuting, dipintonkeun lengkep jeung seni nurhidayahanna (seni 
mintonkeun Tarjamahan Nurhidayah). Dina danget ieu, Abah Surya malah nuju 
neraskeun ngagarap tarjamahan Al-Qur'an anu dipintonkeun dina wangun Nadom. 
 
Ngeunaan tarjamahan Al-Qur'an dina wangun nadom, anu diperyogikeun ayeuna 
rupina inventarisasi nadom ti sakuriling bungking wewengkon Tatar Sunda pikeun 
ngawadahanna (mintonkeunna). Jumlah nadom kana baris  sakitu lobana, mangrupa 
kreativitas budaya masyarakat TS dina ngadumaniskeun agama jeung budaya, atawa 
dialog budaya-agama. 
 
Ngeunaan kabeungharan seni Nadom anu tacan loba nu malire, naha Kusnet/YP 
heunteu aya minat kana usaha inventarisasi nadom ti sakuliah wewengkon Sunda, 
tuluy didokumentasikeun. Lebar ieu karya masyarakat teh bisi kaburu loba anu 
ilang heunteu dipulasara mah. Sajaba ti eta, hasil dokumentasi ieu urang tuluy 
manfaatkeun pikeun sarana ngawariskeun ajen-inajen luhur, boh tina agama atawa 
budaya.
 
Cag.
Baktos,
manAR
 
 

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
ARTIKEL
Sabtu, 23 Oktober 2004

Nuansa Islam Dalam Kesenian Sunda
Oleh GANJAR KURNIA

Akulturasi Islam dengan Sunda dapat terlihat dari beberapa jenis
kesenian yang ada di tatar Sunda. Selain sebagai hasil dari interaksi,
akulturasi ini terjadi karena pada awalnya dan bahkan hingga saat ini,
kesenian seringkali digunakan sebagai sarana penyebaran syiar Islam.
Strategi seperti ini terutama dilakukan oleh para wali pada awal-awal
penyebaran Islam di Pulau Jawa. Pengaruh Islam terhadap kesenian Sunda
ini di antaranya dapat dilihat dari aspek tulis-menulis, cerita, seni
arsitektur, seni musik, seni pertunjukan, sastra, seni suara, dsb.


Penulis, Penikmat kesenian, tinggal di Paris.

-- 
kumi


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.



Yahoo! Groups Sponsor 
Get unlimited calls to

U.S./Canada


---------------------------------
Yahoo! Groups Links

   To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
  
   To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
  
   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 


                        
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Check out the new Yahoo! Front Page. www.yahoo.com

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke