Sampurasun ka baraya sadayana Urang Sunda,
Hapunten yeuh kuring ngiring mairan dina bagbagan maca
ramalan, sugan jeung sugan aya gunana pikeun urang
maca jeung ngajenan diri jeung luluhur urang Sunda.
Ngeunaan budak angon ari kuring mah maca teh ngandung
harti ka sing saha bae jalma/pamingpin/kelompok nu
salawasna mikanyaah, ngopenan jeung ngajaga rahayat
jeung anak keturunanna pikeun kasalametan ayeuna jeung
jaga nu bakal datang, ari batu satangtung sakumaha oge
nu disimbulkeun di wewengkon kabuyutan Kanekes nyaeta
nyimbulkeun ka sakumna jalma nu geus apal kana adegan
dirina pribadi (sajatining diri)nu ngandung harti geus
bisa ngamanunggalkeun antara lahir (pikir), batin
(rasa) jeung kuringna nu katempo dina ucap-tekad jeung
lampahna teu ingkar tina papagon kamanusaan, teu
ingkar tina kudratna. Maranehna geus apaleun kana
sumber asal dirina jeung geus ngarti jeung prak
kalaksanakeun kumaha kudu kumaha kumawulana ka nu jadi
sumber asalna.
Lebak Cawene, ari lebak teh padataran nu aya di 
handap ngandung harti kalangan/kelompok warga bangsa
nu kaayaanna di kalangan handap, teu dianggap atawa
disapirakeun malah disedekeun, tapi maranehna tetep
mertahankeun ngagem elmu kaaslian/kasucian, teu
kagadabah (cawene=parawan). Ayana di Gunung Halimun
ngandung harti yen eta elmu nu diagem ku urang Lebak
Cawene teh kacida luhungna sarta boga potensi pikeun
nanjeurkeun deui wibawa jeung komarana bangsa jeung
nagara, ngan dalah dikumaha da bongan bangsa urang
loba nu katutupan ku elmu luar, eta mustikaning elmu
luhung warisan para luluhur teh diapilainkeun da teu
katingali (katutupan ku halimun. Ari budak janggotan
nyaeta jiga nu teu boga kanyaho jeung dianggap atah
warah padahal nu diagemna elmu kamanusaan jeung elmu
katuhanan nu buhun, nu sabenerna geus aya jeung dipake
memeh elmu luar datang ka wewengkon Pasundan.
Sakitu bae heula baraya, ieu mah itung-itung jadi
dogdog pangrewong bae, Cag ah.

Rampes

pun Engkus   
 
--- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> --- In [EMAIL PROTECTED], "Oman Abdurahman"
> 
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> 
> Euleuh Kang, geuning siga keuna kana babasan
> "tamiang meulit kana 
> bitis", sok sanajan ieu mah tamiangna tamiang
> petingan (mudah-
> mudahan bae kitu). Duka bitisna, tah, sugan bae
> bitisna anu siga 
> jagong tea (endahna). Ke atuh nya urang milarian
> heula waktuna anu 
> luang, da kudu nyalse tea Kang, sabab
> nginget-nginget deui naon anu 
> kungsi didadarkeun ke anjeunna.
> 
> Saheulaanan mah, tina eta UWS teh aya sababarah
> bagian tafsir. 
> Bagean-bagean awal aya tafsir anu rada
> mistis/kasufian tapi tetep 
> kudu bisa operasional dina alam kakiwarian. Ngeunaan
> anu arindit ka 
> opat jihat alam (kulon, wetan, kaler, kidul) oge
> kudu ditafsirkeun 
> sacara ati-ati, sabab pakait sareng "ramalan"
> anjeunna ngeunaan 
> perilaku jeung karakter sub etnis upama dihartikeun
> sacara harfiah. 
> 
> Bagean pang lobana tina eusining UWS sigana
> pangajaran ngeunaan 
> pangalaman pamarentahan (anu disimbolkeun ku
> raja-raja), anu 
> nyangsarakeun rahayat. Upamana bae, dina UWS aya
> hiji raja 
> (pamarentah) anu nyieun lawang, tapi heunteu bisa
> dibuka; ieu bisa 
> ditafsirkeun salaku salah sahiji karakter
> pamarentahan anu 32 taun 
> leuwih ka tukang, anu cenah ngadukung demokrasi tapi
> di jerona 
> rahayat teu bisa bebas ngaluarkeun pamadeganna.
> 
> Anu baris ngondang padungdengan rame teh tangtuna
> ngeunaan "Budak 
> Angon" tea. Naha ieu teh "person" atawa "sistem"?
> Naon tafsir tina 
> ciri-ciri budak angon (imahna batu satangtung, jst)?
> Upama Lebak 
> Cawene teh ku urang dihartikeun salaku "the new
> order", 
> alias "tatanan baru" anu kudu dihasilkeun sacara
> "nyakola" (budang 
> anu janggotan ceuk UWS), munasabah. Ngan eta, sok
> aya anu 
> ngahartikeun Lebak Cawene teh ayana di Gunung
> Halimun, atuh der bae 
> eta wewengkon anu pinuh ku "keanekaragamanhayati"
> teh dibukbak jeung 
> dijarah.
> 
> Potongan kalimah:"ulah ngalieuk ka tukang", ti heula
> kungsi 
> dipadungdengkeun, yen kalintang operasionalna upama
> ku urang 
> ditafsirkeun salaku hirup kudu mibanda visi
> (sawangan ka hareup anu 
> ditangtukeun diantarana ku diajar ka waktu-waktu ka
> tukang). Anu 
> rada paur mah bab ngeunaan "anu tinggal ukur gagak
> keur ngelak na 
> tutunggul", sieun ah. 
> 
> Ngeunaan Ratu Adil oge kudu ati-ati tafsiranna.
> Sabab, geus teu 
> kaitung lobana korban, ti baheula tepi ka ayeuna,
> alatan aya "issu" 
> Ratu Adil.
>    
> Wah, naha nya jadi matak hemeng oge. Sugan leuwih
> hade teu 
> ditafsirkeun bae Kang? Siga karya seni, keun bae
> sina ngagantung, 
> tafsirna mah kumaha pribadi sewang-sewangan anu
> ningal? Tapi, upama 
> kitu, siga teu aya fungsi sosialna nya Kang?
> 
> Cag heula.
> 
> manAR
> 
> --- In [EMAIL PROTECTED], mh
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > 
> > --- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > 
> > > Ngeunaan eusi wangsit anu aya dina alamat
> website si
> > > eta, sarua geuning nya jeung wangsit anu kungsi
> ku 
> > > urang diguar sakedik jeung dionlinekeun ku
> Kusnet?. 
> > > Tah upama aya haat sadayana ngaguar salah 
> > > sahiji tafsir jeung maksud eta wangsit jeung
> > > nyirorotkeun udaganna dina alam kakiwarian,
> mangga 
> > > aya anu Insya Alloh kersa medarna, 
> > > tunggal salah sahiji sepuh di US keneh. 
> > 
> > atuh langkung sae dibahas we kang oman. mengpeung
> > sasih shaum, bari ngabuburit. rupina baraya sanes
> oge
> > satuju panginten. piraku ari batur nepi
> kasoson-soson
> > nalungtik budaya urang, ari kuring kadalon-dalon.
> > 
> > salam,
> > mh
> > 
> > 
> > 
> > __________________________________________________
> > Do You Yahoo!?
> > Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam
> protection around 
> > http://mail.yahoo.com
> --- End forwarded message ---
> 
> 
> 
> 
> 



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Check out the new Yahoo! Front Page. 
www.yahoo.com 
 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke