--- In [EMAIL PROTECTED], "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Naon anu jadi kapiangen Kang Jalaksana, dina "icon" kabudayaan Tatar Sunda lebet kana ajen-inajen poko "Kabuyutan". Konsep Kabuyutan ngawengku kana naon anu ayeuna kakoncara salaku lingkungan hirup atawa sumber daya alam, jembarna lemah cai salaku cirining (sarakan) budaya. Sabab nya sumber daya alam/lingkungan (salaku aspek geografis) salah sahiji sumber lahirna kabudayaan. Kabuyutan dina harti heureut, ngarupakeun patempatan anu sakral pinuh ku titinggal sajarah jeung ajen inajen kahirupan warisan karuhun urang kapungkur, upamana prasasti, leuweung larangan, jsb. Dina harti jembarna, sarakan tempat urang lahir jeung tumuwuh jeung dewasa jeung hirup sapopoe; jembarna pisan lemah cai. Karuhun urang pohara neundeun perhatian anu gede kana kabuyutan, khususna cai jeung lkeuweung salaku sumber kahirupan. Kacatet dina naskah kuno "Amanah Galunggung" (mangga pilarian dina arsip file http://www.sundanet.com/), ucapan Prabu Darmasiksa ka putrana sareng rahayatna, yen sing saha putra raja (jembarna raja/pamimpin jeung rahayatna anu heunteu bisa ngajaga ("mempertahankan dari serbuan musuh") jeung mulasara kabuyutan, eta leuwih hina tinimbang kulit lasun (careuh/musang) anu aya di jarian (tempat sampah)". Kukituna, satemenna dadasar ajen-inajen pikeun miara jeung mulasaran tutuwuhan salaku ciri hiji patempatan (dina alam kakiwarian, hal ieu tiasa disebat bagean tina karakter otonomi daerah) teh geus nyampak. Pon kitu deui pangrojong ti dunia luar (kacondongan globalisasi miara lingkungan) jeung tina religi (rahmatan lil 'alamin) sajajar. Dugi, sajatinan, konsep kabuyutan teh ngarupakeun ajen-inajen anu universal. Ngan anu kurang teh kapamimpinan (ngawengku kana urusan koordinasi jeung "pengawasan" prak-prakanna pangwangunan dina widang ieu). Sumuhun Kang, kakirangan pamarentahan ayeuna teh nya dina fungsi koordinasi sareng fungsi kontrol. Naon anu disebut catetan ngeunaan keanekaragaman hayati Tatar Sunda, ngawengku flora jeung fauna, boh anu umum atawa khas ti tiap daerah, saleresna parantos aya, diantarana hasil panalungtikan ITB gawe bareng jeung Bapedalda. Pon kitu deui, peta (kar) daerah Jabar dumasar DAS (daerah aliran sungai) oge parantos aya. Anu teu acan katingal teh program mateakeun (memberdayakan) kabuyutan pikeun kawalatraan masyarakat. Upamana bae, ngahejokeun leuweung nyoko kana biodiversity lokal tiap daerah. Kantos aya program kabuyutan pikeun nyalindungan DAS Citarum Hulu, tapi dina seuh-seuheuhanna katingal kurang hasil. Nyakitu tea, kusabab fungsi kontrol jeung koordinasi pamarentahan anu teua acan lumangsung sakumaha mistina. Cag. Baktosna, manAR --- In [EMAIL PROTECTED], Jalaksana Kertapati <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ari alesan sim kuring naroskeun hal eta teh, teu aya sanes yen hal eta sumping tina kaprihatinan sim kuring khususna, umumna mah sakumna urang sunda. Kumargi sakumaha ku urang dipikaterang, urang sunda teh ngagaduhan hubungan anu raket pisan sareng alam. Eta ngaran pilemburan teh, tiasa sanes mangrupakaeun hiji "pengejawantahan" ki sunda sareng alam sakurilingna, utamina mah sareng patuwuhan sareng sasatoannana. > > Kumaha lamun di pilemburan teh di pelakkan ku tangkal anu jadi ngaran eta lembur, minimal kanggo tetengger eta lembur. Misalna Ciparay, payus pisan lamun di ciparay teh aya tangkal kiparay, anu bisa jadi mangrupakeun titik tolak pilemburan nana. > > Patarosan salajengna panginten, timana urang ngagaduhan eta tangkal kanggo pibiniheunnana? Jigana Taman Nasional anu aya di tatar sunda tiasa nulungan kana hal eta, anu salah sahiji fungsina janten sumber plasma nutfah pikeun dimanfaatkeun kalawan sawajarna. > > Kitu panginten, pangemut ayeuna mah, kumargi parantos magrib sareng teuacan natepan. Engke disambung deui, Insya Allah. Anu pasti, kuring mikasono kana hejona deui tatar sunda. > > Leuweung sunda, tatar sunda sing hejo deui. Hayu. > > > > Sim Kuring > > Nugraha firdaus > > > --------------------------------- > Do you Yahoo!? > Check out the new Yahoo! Front Page. www.yahoo.com --- End forwarded message --- ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
