Sampurasun,kang Dudi sami-sami haturan oge ti sim
kuring, mugi bae dina enggon-engoning bubuara teh sing
dugi kanu dipimaksad, da sim kuring ge sami dina
raraga babakti ka diri sieun teu kacumponan
pangabutuhna (babakti ka diri make diri) teh sok
asruk-asrukan ka papat madhab Nusantara, kantun
wewengkon Minahasa nu ku sim kuring teu acan katincak
teh. Tah dina perkawis wayang leres aya wayang beber,
suket/pakang, kulit, golek sareng wayang wong, namung
ari eta mah mung bentuk peragaanna. Tah ari nu
dipikameumeut ku sim kuring mah nyaeta palsafahna, boh
nu dikandung dina caritana, nami-nami tokohna, bentuk
sareng nami gamelan pengiringna jeung sajabana.
Baheula kolot kuring pernah nyarita, cenah mun hayang
nyaho agama/elmu kisunda mah pek geura gali dina
wayang. Ari wayang teh cenah asalna tina kecap "Wewah
Hiyang" nu hartina "Pamere/kanyaah Gusti". Tah sajarah
wayang teh dimimitian tina carita Wayang Purwa nu
nyaritakeun ti mimiti Sanghiyang Tunggal nepikeun ka
turunna Semar jeung Togog ka Dunya.
Ka Kang Oman haturan, sim kuring reueus sareng hormat
pisan ka salira nu sakitu parigelna (produktif &
aktif) dina urun gunem catur dina Kusnet ieu. Oge
ngahaturkeun nuhun tina pesekannana ngeunaan ieu
perkara wayang nu ku sim kuring ngahaja diwacanakeun
supados urang kagugah pikeun sami-sami ngaguar naon
bae nu mangrupa warisan nilai-nilai ti luluhur Sunda.
Sim kuring kataji oge kana hasil guaran Kang Oman, teu
aya hal-hal nu tiasa dibantah tina sisi panarawangan
eta, mung cenah ceuk kolot kuring deui bae. "Lamun
urang hayang nyaho elmu kisunda dina ngaguarna kudu
midua hate jeung ulah kaluar tina patokan diri
sorangan, nu ngandung harti moal kapanggih mun make
elmu/kanyaho ti luar". Ku sim kuring dugi kaayeuna
masih dilenyepan kamana ieu loyogna, aya nu kaboker
saeutik-saeutik, tapi sumawonna seuseueurna mah lebeng
poekeun keneh.
--- dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Haturan Kang Engkus oge Kang Oman sareng kadang
> wargi Sunda sadaya anu aya disampar jagat ieu....,
>
> Nepangkeun Kang Engkus sim kuring anu katelah mah
> dudi tea, kawit ti sumedang ayena nuju bubuara di
> palih wetan kajurung ku pangabutuh milarian sahuap
> sakopeun. Upami aya sesana sok disimpen manawi sugan
> manawi tiasa cekap kanggo tujuh turunaneun he...
> he.... he....
>
> Perkawis kirangna perhatosan kana per-wayang-an mah
> henteu mung urang kota da dipasisian ge tos kirang
> ayeuna mah, anu gaduh hajat teh tos jarang nanggap
> wayang, saurna mah ayeuna mah pangaosna tos awis
> mendingan band atanapi organ tunggal, langkung mirah
> tur rame/meriah, sareng seuseurna resepsi/hajatna ge
> cekap 2 jam digedong pertemuan atanapi dihotel
> berbintang, praktis sareng "bergengsi" kukituna
> per-wayang-an mah kasingsalkeun deui bae.
>
> Perkawis asal-usul wayang mah asana teh leres hasil
> kreatifitas diurang khususna sunda-jawa, ti ngawitan
> wayang purwa, wayang beber, wayang
> suket/jukut/pakang daun sampe, wayang menak, wayang
> golek aya oge wayang wong/orang anu peragakeun ku
> jalmi. Anu kenging ngimpor mah mung carios
> ramayana-mahabarata, kitu?
>
> Perkawis falsafah wayang, saur batur wayang teh sami
> sareng "bayangan" yaeta bayangan manusa kumelendang
> dialam marcapada/buana panca tengah/alam dunya/hirup
> kukituna wayang teh mangrupi simbolik tina
> laku-lampah urang anu bungkus ku nilai-nilai seni
> atanapi estetika kanggo tableg/ngadugikeun elmu
> hirup (tapi sanes biologi) plus hiburan.
>
> Ayeuna anu mana tina wayang eta anu dipika meumeut
> ku Kang Engkus? Purwana, beberna, suketna/jukut,
> golekna? Carios ramayana-mahabaratana? senina?
> tablegna? hiburanana? mangga kantun milih, kumargi
> moal tiasa milih sadayana ayeuna sareng kapayun mah.
>
>
> Wassalam,
> dudi_ss
>
>
>
>
> ----- Original Message -----
> From: engkusruswana
> To: [EMAIL PROTECTED]
> Sent: Thursday, December 02, 2004 7:47 PM
> Subject: [kisunda] Re: soal wayang
>
>
>
> Hapunten koreksi nu gelut rongkah teh antawis
> Sanghiyang Ismaya
> (sanes Manikmaya) sareng Sanghiyang Antagajaya.
> Sumangga nu sanesna,
> naha teu kataji ngagunemcaturkeun budaya urang nu
> memang ngarahayat,
> rada inggis oge, boa-boa Urang Sunda kota mah tos
> ngirangan rasa
> mibanda kana ieu budaya teh, tapi ah asa piraku ?
>
> Hatur Nuhun.
>
> -
>
>
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
>
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
Meet the all-new My Yahoo! - Try it today!
http://my.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/