Salam,

Punten ka akang sareng ka teteh sadaya sim kuring tos lami teu ngiring nimbrung 
sanes hilap atanapi naon waelah kasebatna namung nuju repot ku padamelan tapi 
dina nuju ku repotna ninggalan E-mail mah teu aya hilap. Sareng punten ieu Kang 
Dien, kinten kintenna aya keneh kitu buku sareng VCDna teh saupamina aya nya 
sim kuring hoyong gaduh, nyuhunkeunna kedah kamana ? 

Hatur nuhun

[EMAIL PROTECTED]

NB:
Punten ngarewong kitu wae.

-----Original Message-----
From: Didin Kustandi [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, December 09, 2004 3:42 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [kisunda] Kang Ganjar, hatur nuhun !


Alhamdulillah, pangesto. Kumaha sawalerna ? Mugia damang salamina.
Teh Tien, buku sareng VCD paparin kang Ganjar mah teu diical. Upami Teteh 
peryogi, sumping bae ka PDP (Pusat Dinamika Pembangunan) UNPAD di Jl. Dipati 
Ukur No. 35, saena mah ngalangkungan lawang palih kidul, teras bae lebet, 
pilari gedong nu pangjangkungna palih kiwa. Carioskeun bae kengeng wartos ti 
kang Ganjar (Prof. Dr. Ir. Ganjar Kurnia, DEA) anu danget ieu nuju mancen tugas 
janten Atase Kebudayaan di Perancis. Nanging sateu acanna, langkung sae mundut 
heula ka kang Ganjar supados diagehan, ma'lum Teteh mah kapan tebih di 
Surabaya. Mangga, sakitu heula bae.

Salam,
Kang Dien

Manawi kaaos ku kang Ganjar, nepangkeun : Teh Tien teh urang Bandung anu nuju 
mancen tugas (ngatik-ngadidik arek-arek Suroboyo) di salah sawios SMA Negeri di 
Surabaya, kiwari ngarangkep janten Wakil Kepala Sekolah.


tienka <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan kang dien.........damang..?
Parantos diaos seratan teh, mani sae.....
Eta aya VCD geuning kang..!, cing atuh teteh hoyong
terang, di mana meserna...? sok kang
pangwartoskeun.....kedah terang si teteh, Hatur nuhun....

Teh tien
( hoyong terang naon wae kesenian jawa barat teh..?)


On Tue, 7 Dec 2004 19:10:23 -0800 (PST)
  Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> Kahatur :  Pangersa Raka Batara
>
> Sewu nuhun, laksa keti kabingahan, buku DESKRIPSI
>KASENIAN JAWA BARAT kalih VCD 22 JENIS KESENIAN JAWA
>BARAT parantos katampi malih parantos dini'matan
>(heuheuheu ...... maksudna mah "dinikmati", nya atuh naon
>basa Sundana ?). Duh, waas ! Asa mulang ka panineungan,
>hate rus-ras lulumpatan, rus ka ditu ras ka dinya
>(heuheuheu !) bari pikir kumalayang, piraku sugan
>kabeungharan seni budaya nu geus kasorang mangsa baheula
>ngan ukur bakal jadi bahan lamunan mangsa ayeuna. Palias,
>muga ulah kaalaman. Angguranan sing baranahan, kawas
>tangkal ngaliarkeun pepetetan, ting pelentung ting
>jurungkunung, lir ngagunung pajangkung-jangkung, kadeuleu
>geueumna, katara simana, sima aing ........ nya sima
>aing, sima manusa, lain sing sima maung da maung mah
>kapan heueuh ............. lain manusa !
>
> VCD diajar penca mah geuning suwung. Saur kang Budi teu
>acan "digandakeun" da nyaeta panginten teu aya waragadna
>tea. Hanjakal ! (sanes hanjakal pedah nyamos teu meunang
>haratisna, ieu mah enyaan hanjakal teu meunang barangna,
>da harita oge teu lepet-lepet teuing mawa dompet teh).
>
> Kang, usul yeuh, enyaan ieu mah usul, sanes sing saran
>(tabepun, ampun paralun !).
>
> 1.     Upami teu lepat, Pencak Silat (anu nganggo
>tatabeuhan) teh parantos dijantenkeun mata pelajaran
>mulok (muatan lokal) di tingkat sakola dasar (SD sareng
>SMP). Ku kituna, atuh nyekrup upami eta VCD teh
>dijantenkeun rujukan, hartosna kedah "didrop" ka unggal
>sakola, ulikeun guru Pencak Silat ajarkeuneun ka barudak.
>Waragadna .... nyaaaaaaa Depdiknas !
>
> 2.     Upami eta VCD teh "didrop" pikeun Karang Taruna
>anu aya di unggal-unggal desa/kelurahan, bawiraos moal
>mubah, malah saha nu terang bakal tiasa narik ati para
>rumaja, dugi ka hilap kana muter VCD anu matak jadi
>baruang. Nya ku kituna, kacida pantesna upami pamarentah
>daerah nyadiakeun waragadna.
>
> 3.     Upami teu lepat (deui wae), di unggal-unggal
>Kota/Kabupaten teh aya Dewan Kesenian anu tugasna (cenah)
>"menginventarisir" sarta "membina" (teu nganggo sakan)
>kelompok-kelompok seniman di daerahna. Patali sareng eta,
>kawasna bakal atoheun pisan upami sakum Dewan Kasenian
>anu aya di Jawa Barat sareng Banten dipaparin VCD eta.
>Waragadnaaaaaaaaaa ? Atuh nya muhun ............ Dikbudpar !
>
> Parantos, mung sakitu bae, seueur teuing usul teh sok
>palaur jadi bisul !
>
> Hatur nuhun kang, permios !
>
>
>
> Baktosna,
>
> Pun Didin.
>
>
>
>
>
>
>            
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less.
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
> ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada
>seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan
>dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express,
>dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>

========================================================================================

Manfaatkan layanan TelkomNet @ Premium melalui kartu prabayar I-VAS untuk 
meningkatkan
kecepatan browing anda hingga 10x lipat. Informasi lebih lanjut www.plasa.com 
atau call 147.

========================================================================================


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.



Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT


---------------------------------
Yahoo! Groups Links

   To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
 
   To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
 
   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.


               
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Yahoo! Mail - You care about security. So do we.

[Non-text portions of this message have been removed]




PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.

Yahoo! Groups Links








------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke