Assalamu'alaikum Baraya kusnet saalam dunya (nurutan kang badru pami uluksalam :-) ) daramang sadaya.......... abdi bade nyuhunkeun tulung sugan aya nu tiasa ngaguar 'PATILASAN GUNUNG PADANG" kumargi di wewengkon eta teh teu aya wawar ngeunaan nu patula-patalina sereng gunung padang mung wawar : daerah cagar budaya purbakala sareng denda pami ngaruksakna, pami dongengna mah kieu : kamari abdi sareng rerencangan amengan ka gunung padang anu pernahna di desa Harjamukti kacamatan Campaka Kab. Cianjur. daerah eta teh caket ka sukabumi da perbatesan, didinya anya tempat di ponclot pasir aya padataran anu di wangun ku batu segi lima, anu legana eta patilasan kira-kira 10 x 50 meter, sareng aya lima umpakan anu saumpak-umpakna aya namina (ngan hilap deui nami-nami na teh), sateuacan ka eta padataran urang kedah ngaliwatan tangga anu netek pisan sareng nanjeur kira-kira 70 darajat, anu jauhna 182 meteran.ahengna di dinya teh aya sababraha batu nu ngariung mun ditakol sapertos soanten gamelan (ngagendrung). abdi nataroskeun ka nu didinya ngeunaan jujutan eta gunung padang teh, mung nu tararos teh teu tiasa ngabejaan, mung saurna teh patilasan gempungan prabu siliwangi, naha leres tateh? hanjakal deuih teu nyandak tustel kanggo ngadokumentasikeun nana....
mung sakitu heula kapihatur, saha anu tiasa ngaguar kabuyutan, punten atuh abdi wartosan, Kang oman, tiasa ngadadarkeun? hatur nuhun, baktos ikmal (nu nuju panasaran ka patilasan/ kabuyutan? gunung padang) ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
