Pun amit tabe pun sampurasun...

Haturan bagea temen kang Dudi..sanaos lami urang teu
acan dikersakeun ku Pangersa Gusti patepung lawung
patepang raray, nembe di dunia maya, namung asa bingah
pisan kana kaemutana ka sim kuring anu masih ngaraos
tuna dina harti kalayan pangartina. Mung dalah bongana
sim kuring ngarasa jeung rumasa dijadikeun ku Gusti
janten "jalma" nu ngaguar maluruh hirup kamanusaan
kalih kabangsaanana,nya sakaparan-paran wae kumawantun
ilubiung ngarewong kalih nengetan kana karamean ieu
alam katut ramena gunem catur dina mailist ieu..

Kaduana..manawi bahan katampi, pangemut-gemut ti sim
kuring, upami iraha-iraha deui ka cigugur ulah
asa-asa,oge kedah sindang atanapi rawuh ka rorompok
sepuh sim kuring, gampil we taroskeun "Ujang Ira"
atanapi "Ira" anu sok ngibing he..he..asana mah da
panginten moal bireuk deui, maklum "selebritis
kampung" he..he..
bongana da kapungkur mah nuju budak,upami aya seren
taun teh, sim kuring teu weleh ngengkrak ngibing dina
pagelaran angklung buncis...
Naha atuh harita waktos ka cigugur teu masihan wartos
ti ilaharna...panginten da ari cai-cai herang mah aya,
atuh saung-saung reyod kanggo ngareureuh mah aya...pan
nu ahirna akang nyalira janten anu kasiksa ku anjeun
sesah milari tuang kedah tebih-tebih ka kota
(kuningan)padahal di lembur oge harita mah apanan nuju
kariaan...

saleresna perkawis patarosan sim kuring eta, anu
utamina mah teu kedah diwaler satarabasna sacara lugas
sareng eksplisit kang.. boh kanggo sing saha wae...
namung langkung utami kedah diwaler dina manah urang
sadaya...teras larapkeun ku paripolah nu nyata nu
dumasar kana kamanusaan jeung kabangsaan INdonesia anu
samistina...

hal anu katampi pisan tina kasauran akang nyaeta tina
filosofis "jalan anu marapat lima". Tah palih dinya
mah hayu urang olah rasa kalayan jembar, olah pikir
kalayan telik, kedah palih mana urang ngadegkeun
adeg-adeg pangadeg anu sajatina dina jalan anu
"marapat lima eta". da di Cigugur oge tos di simbolan
ku ayana wangunan Gedong Marapat Lima anu tempatna
palih payuneun Gedung Paseban Tri Panca Tunggal tea...
hayu teraskeun pancen kamanusaan teh....

Cag..amit tabe pun

RKK ti tutugan Gunung Ciremai 
--- dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Haturan Kang Ira.... wilujeng patepang deui... 
> sawatara waktos kapengker nalika dicigugur aya
> raramean tea, sim kuring sareng wadia balad
> ngahajakeun dongkap ka dinya mung heuteu beja-beja
> da bilih ngabaruhakeun anu nuju gaduh acara. Dugi ka
> Cigugur teh kinten-kinten tabuh sabelas langkung,
> acara ampir lekasan nu kantun mung "nulugunu" nutu
> masal atanapi nutu rame-rame.  Sup ka rohangan
> paseban katingan pare sareng hasil bumi sanesna
> numpuh minuhan ampir sabelah ruhongan dan anu
> sabelahna deui mah pinuh ku korsi kanggo tatamu
> panginten da harita mah tamuna ge tos suwung. Sim
> kuring saparakanca gek wae dariuk bari nengetan
> sabudeureun-nana maksad teh milarian Kang Ira, mung
> weleh teu kayangkeun dedeg-pangdegna ge. Didinya ge
> seueur ari panicia mah da katingal tina anggoanana
> aya anu nganggo kampret bodas ka pangsi-pangsina,
> aya anu ngangge jas tutup warna beureum ati, anu
> ngangge iket sareng sajabina. Tos rada lami mah
> sareng tos loha-loho mah kinten-kinten tabuh satu
> mah biur deui bae turun deui da puguh padaharan
> nangtang eusi padahal di bumi paseban oge aya
> tuangen mah nya? 
> 
> Mulih deui kana naon anu janten katugenah manah Kang
> Ira, naha janten emutan? da jalmi mah ti kapungkur
> ge tetep wae kitu leupas tina atributna boh anu
> ngangkeun Sunda, Islam, Kritiani, Hindu dll. sami
> bae. Jalmi anu tos terang tujuannana mah tangtosna
> moal galider ningal sesasina, hiruk-pikukna pasar,
> ningal adu renyomna marebutkeun bebeneran, asa aing
> anu bener, ceuk aing kitu ceuk maneh kieu. Hirup
> ibarat grafik IHSG bergejolak/fluktuatif ku prilaku
> maranehna keneh, pilieureun, cobi mung caricing
> grafikan ge pasti damai.... tapi didinya meureun
> endahna hirup teh, asal ulah cilaka ku polah
> sorangan baelah!
> 
> Sim kuring mah moal ngomentaran hiji-hiji kana
> patarosan Kang Ira, pangemut sim  kuring kirang
> manfaatna. Opini urang moal tiasa ngarobih
> pari-polah masyarakat urang jaman kiwari nyaeta
> jaman pancaroba ayeuna urang mendingan ngemutan
> jalan anu dipayun anu baris ka sorang ku urang,
> dipayun aya jalan marapatan lima urang bade milih
> jalan anu mana. Sakumna urang pasti nyorang eta
> jalan, resep teu resep urang moal tetep cinutrung,
> huleng jentul dina waktos ieu, dina kondisi ieu,
> urang ayeuna kudu ngamimitian mapatkeun jampe hirup.
> Bral..... 
> 
> Engke lamun urang kaparengkeun patepung lawung pa
> amprok jonghok, urang bisa silih asah deui anu
> langkung seukeut.  
> 
> 
> Wassalam,
> dudi_ss
> 
>   ----- Original Message ----- 
>   From: Ira Indrawardana 
>   To: [email protected] 
>   Sent: Monday, December 20, 2004 3:30 PM
>   Subject: [kisunda] Peryogi waleran anu Nyunda
> 
> 
> 
>   Pun amit tabe pun Sampurasun...
> 
>   Punten sim kuring hoyong tumaros...
> 
> 
> 
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
> 
> 



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
The all-new My Yahoo! - Get yours free! 
http://my.yahoo.com 
 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke