Kamari, poe Juma'ah, si kuring kaparengkeun ngaluuhan rapat di Bakosurtanal, Cibinong-Bogor, tepi ka 11.30. Balikna gura-giru ka Bandung da sieun kapegat macet jeung ongkoh aya uruskeuneun perkara gemuk-hormon Hydrasil. Tapi barang nepi ka Cianjur inget ka Radio Komunitas (RK) anu aya di Mande. Jorojoy bae aya niat nyimpang heula ka RK nu di Mande, Cianjur. Alhamdulillah kalaksanakeun. Enya di Cianjur, Sukabumi, Bandung Kaler, Cikalongwetan, Indramayu, Purwakarta, jrrd wewengkon di TS, aya jaringan RK anu ngagabung dina beungkeutan "Jaringan Radio Suara Petani" (JRSP). Ti heula kungsi dipostingkeun ngeunaan JRSP. JRSP teh dibidanan jeung diwangun ku Ibu Ida (Ibu Yurinda Hidayat), wanoja binangkit teureuh Sumendang, mantan wartawati tea. Anggota JRSP teh leuwih ti 200 statsiun RK anu masih aktif, ngan kondisina ayeuna keur meujeuhna pikarunyaeun. Jalaran nyakitu tea, anu ngurusna rada kakurangan tanaga. Kamari matak ngahelas, Kang Dadang anu gaduh/pimpinan RK SR Citra di Mande, Cianjur rada ngarahuh (upami engke para wargi tepang sareng ieu Kang Dadang, kana kayungyun sareng reueus, malah tiasa jadi ngaragap awak sorangan, kalayan sakitu kaayaan pangawakan, icikibungna dina ngokolakeun RK anu sifatna leuwih ageung sosialna, heunteu kawon ku anu pangawakan nornal). Kang Dadang perceka pisan dina ngokolakeun RK sok sanajak kaayaanana sarwa walurat "RK teh keur rada lesu tanaga cenah, di sagigireun kurang beaya siaran, oge tuna pisan ku bahan-bahan keur siaran", saur Kang Dadang muka carita. Beaya siaran teh lamun diitung-itung nitih lima rebu per jam", saurna neruskeun. Kaharti ari kitu na mah, sabab RK anggota JRSP mah nurutkeun kode etikna teu meunang masang iklan sacara terang-terangan. "Kang, sok atuh abdi sareng rerencangan kintunan bahan-bahan siaran, utamana buku-buku praktis ngeunaan cara-cara tatanen", ceuk Kang Dadang negeskeun pameredihna-teuing anu ka sabaraha kalina-waktu si kuring pamitan neruskeun lalampahan mulang ka Bandung, kamari. Nya dihaminan bae, sugan pareng aya keur panedunana. Para wargi sadaya, Kaayaan RK bogana Kang Dadang di Mande-Cianjur teh gambaran salah sahiji RK anu diwangun kalawan sumanget volunteer alias aktivitas ageungna urusan sosial tea, utama atikan keur kahirupan rahayat di padesaan. Aya langkung ti 200 RK model SR Citra bogana Kang Dadang anggota JRSP, rebuan deui SR RK anu aya dina organisasi RK sanesna. Kumaha upama samemeh urang boga RK sorangan atawa sakalian jalan ngayakeun gawe bareng jaringan RK-RK anu geus ngadeg? Carana, diantarana, ngadamelan bahan-bahan kanggo siaran, naha pangaweruh tatanen padesaan, soal bahasa, budaya, jeung rupa-rupa pangaweruh praktis anu manfaat keur rahayat padesaan. Lengkah kahiji lajuning laku nu di ngawangun ieu jaringan RK, sakumaha panggero dina posting ti heula ngeunaan JRSP, hayu urang ngalongok heula ka sababaraha SR RK, upamana anu deukeut bae heula (boh ti Bandung atawa ti Jakarta) nyaeta SR RK-RK anu aya di Mande, Cianjur jeung Cipanas (aya langkung ti 5 di eta wewengkon oge, cukup sapoe lalampahan). Sakalian itung-itung keur "studi perbandingan" jeung keur ngalalanyahan prak-prakan koordinasi ngawangun jaringan tea. Tina internet dituluykeun ka RK, sigana aya harepan ngawujudna sayang lancah teh. Gawe bareng jeung RK nu geus aya, lain ukur ngimpi, kari prak bae dimimitian, ti pihak beulah diitu na mah geus sapuk jeung sayogi pisan, malah pohara ngaharepkeunana sangkan buru-buru dilkasanakeun. Baktosna, manAR.
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: ...tah kukituna, jigana eta impian ua sas teh mening oge geura wujudkeun. urang mangpaatkeun media internet, radio, sareng sajabana saoptimalna pikeun ngamekarkeun budaya sunda. wallahua'lam. salam, mh --- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Bareto, aya meureun kana dua taun kaliwat mah, > kuring kungsi ngimpi, > hayang boga USTV jeung Radio Urang Sunda, sigana eta > impian teh keur > saheulananan mah moal waka tinekanan, masih keneh > aya dina impian, kaci > pan...da ngimpi mah teu mayar ieuh...jeung deuih > euweuh undang undangna > nagara ngalarang ngimpi. > Ngan lamun erek ge sigana bisa ngaliwatan Radio > Komunitas, Radio Komunitas > bisa make frekwensi antara 107,7 MHz nepi ka 107,9 > MHz, slotna saeutik, jadi > lamun rek ngamimitian teh kudu buru buru, bisi > kaburu dipake batur di lokasi > deukeut urang, nu can kapaluruh teh kakuatan/ daya > pancarna sabaraha, lamun > nilik kana jangkauanana (ceuk cenah) nu ngan ukur > radius 2,5 km mah moal > leuwih ti 1 watt. > Lamun kuring ngimpi deui, ngimpi anu biasa we lah > lain ngimpi anu rohaka > atawa jugala, nyaeta hayang boga Radio Komunitas, > ieu Radio teh rek disebut > Radio SJBS, Radio Sastra Jeung Budaya Sunda. > Eusina nyaeta lagu lagu Sunda, Carpon Sunda, Novel > Sunda, Pantun, Wawacan, > jeung.......tangtu we apresiasi-na. > Baraya...kuring tong waka > dihudangkeunnya....ngimpina can anggeus > yeuh....!! > > MSasmita > > > > > ===== bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/ hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/ __________________________________ Do you Yahoo!? Meet the all-new My Yahoo! - Try it today! http://my.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Do you Yahoo!? Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone. [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $4.98 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
