--- In [email protected], "Z.A. Muslim" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Bismihi ta'ala Ass. Wr. Wr.
Puguh rada hareugeueun sim kuring ngabandungan warta ngeunaan lini badag jeung galura tsunami poe ahad katukang. Ceuk beja di eramuslim.com ieu bencana alam teh geus nepi ka basisir wetan Afrika saperti Somalia sarta basisir kidul jazirah Arab kayaning Yaman jeung Oman. Puluhan jalma nu aya di eta wewengkon tiwas. Teu munasabah lamun ieu lini jeung tsunami nu geus tumiba ka sakurang- kurangna sawelas nagara teh disebut bencana internasional. Balik kana jejer ngeunaan tanda-tanda ahir jaman, teu pamohalan lamun ieu lini badag teh mangrupakeun tanggara pikeun munculna Imam Mahdi al-Muntazhar a.s. sakumaha nu kaunggel dina hadis-hadis sohih. Sim kuring nyoba-nyoba nyieun daftar sababaraha tanggara nu enggeus sarta eukeur kajadian mangsa kiwari. 1. Saurang lalaki ti kota Qum ngadegkeun nagara nu ngarojong perjoangan Imam Mahdi. (Lamun teu salah Imam Khomeini nu mingpin revolusi Islam taun 79 teh asalna ti Qum). 2. Hijaz dipingpin ku lalaki nu make ngaran sato (Hijaz teh ayeuna mah nagara Saudi Arabia nu ayeuna dipingpin ku Raja Fahd, sedengkeun Fahd teh hartina macan) 3. Pamingpin hijaz nu pamungkas samemeh datangna Imam Mahdi nyaeta Abdullah (Ayeuna Pangeran Abdullah geus nyangking kakawasaan di Saudi sacara de facto) 4. Samagaha bulan jeung panonpoe dina puasa sabulan reujeung (Geus kajadian nalika bulan puasa 1424 Hijriah) 5. Lini badag - gempa bumi dahsyat ! (Duh...boa-boa ieu kajadian lini jeung tsnunami teh mangrupakeun tanda baris munculna Imam Zaman !) 6. Kufah jeung Basrah diranjah karaman bangsa Ajam nu ngabalukarkeun kalaparan salila tilu taun (bangsa Ajam teh bangsa salian ti bangsa Arab alias pasukan Asing. Ieu tanda geus ngajadi kudigempurna Irak ku pasukan Amerika jeung balad-baladna) 7. Dua urang ulama, al-Hasani jeung al-Husaini, tiwas ditelasan. (Duka saha yeuh !. Lamun pemilu di Irak dalkukeun sacara jujur nu baris nyangking kakawasaan di Irak teh nyaeta Ayatullah Abdul Aziz Hakim nu dirojong ku ulama marja' Ayatullah Sistani. Ngan bae ieu dua ulama teh anti Amerika. Naon nu baris kaalaman ku ieu dua ulama ? Wallahu a'lam. Minangka catetan : Ayatullah Hakim teh turunan Rasulullah ti Imam Hasan sarta Ayatullah Sistani turunan rasulullah ti Imam Husain) 8. Munculna Sayyid al-Khurasani ti kalereun Irak nu baris mingpin pasukan nu bakal ngabebaskeun Irak tina kakawasaan Ajam. Dina hiji hadis disebutkeun yen Sayyid al-Khurasani teh hiji ulama ahli fikih nu cacad leungeun katuhuna. (Ieu oge duka saha ! Ngan bisa jadi pasukan nu baris merangan pasukan Asing di Irak teh taya lian ti Iran nu ayana kalereun Irak. Ayeuna Iran dipingpin ku Sayyid Ali Khamene'i nu asalna ti daerah Khurasan, Provinsi Masyhad. Sayyid Ali Khamene'i lumpuh leungen katuhuna). Aeh naha bet sabulang-bentor nya ? Ka baraya nu teu sapagodos jeung ieu tulisan, omat tong dianggap teung ieu tulisan sim kuring teh. (zam) --- End forwarded message --- ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $4.98 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
