Kuring kungsi maca, duka tina buku/majalah naon, hilap deui, perkawis dongeng tukang sapatu urang Baghdad. Di kota Bagdhad jaman beheula hirup tukang sapatu anu rajin jeung sholeh pisan. Manehna boga cita-cita yen dina hiji waktu hayang ngalaksanakeun rukun Islam nu ka lima nyaeta naek haji. Keur ngalaksanakeun cita-citana manehna nabungkeun sabagean panghasilanana tina tukang sapatu. Mangatun-taun manehna ngumpulkeun duit, tepi ka kumpulna waragad keur naek haji. Atuh manehna teh geus siap-siap rek indit ka Mekkah jeung batur- baturna.
Tapi teu ku hanteu, basa manehna rek pamit ka tatanggana, manehna kaget, geuningan tatanggana teh keur katalangsara, tunggara pisan, tulunganeun. Si tukang sapatu kacida ngenesna ningali kaayaan tatangga batan sakitu, gebro waeh duit nu keur naek haji teh, nu meunang kukumpul mangtaun-taun, dibikeun ka tatanggana. Atuh manehna teh henteu jadi naek hajina teh. Manehna sasadu ka batur-baturna yen manehna teu jadi bareng naek haji taun ieu. Waktu munggah haji geus lekasan, nu naraek haji geus baralik deui ka Baghdad. Batur-batur tukang sapatu nu naraek haji parada datang ka imah tukang sapatu. Batur-baturna teh nganaha-naha ka tukang sapatu, naha naek haji embung bareng jeung maranehna. Ceuk tukang sapatu teh : "kuring mah henteu jadi munggah hajina ge, aya we didieu, apan duitna oge dibikeun kanu katalangsara tea!" "Ah ....tong kitu", ceuk batur-baturna teh, " Kuring saparakanca sababaraha kali ningali anjeun keur di Mekkah, ngan ari disampeurkeun, anjeun ngereles wae teu kapanggih. Tapi sidik pisan anjeun teh aya di Mekkah, ngalaksanakeun ibadah haji" Tukang Sapatu keukeuh manehna henteu ka Mekkah, atuh batur-baturna nu naraek haji oge keukeuh yen tukang sapatu teh geus naek haji, kulantaran kaciri pisan kapanggih di Mekkah. Ti Saprak harita, sakur nu wawuh jeung tukang sapatu, ngaranggap tukang sapatu teh geus jadi Haji. Baktos, WALUYA --- In [email protected], Ilen Kardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Janten emut kana salah sawios buku anu kantos diaos, kieu dongeng singketna > teh: > > Dina hiji usum ibadah haji aya kajadian banjir anu tohaga tur ngorbankeun > rebuan jiwa, tapi aya saurang (sebut wae si Ba'du) anu ngabatalkeun ibadah > hajina sarta ongkos anu dikumpulkeun ladang ngaput keur ka haji tea, ku > manehna dipake nyumbang ka para korban banjir. Orokaya manehna jadi batal > nunaikeun 'Panggilan Allah' na, tapi gawena kalah leuwih haget keur > ngumpulkeun sumbangan ka korban banjir. > > Di lain tempat aya saurang ahli tafakur teras 'naroskeun' ka Allah saha anu > ibadah hajina pangsampurnana mungguh Anjeuna, nya saur ilham teh ngan si > Ba'du anu sampurna ibadah hajina, tur bisa disebut haji Makbul. > > pun, > PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
