--- In [email protected], "Oman Abdurahman" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Baraya,

Kajadian-kajadian sarupa masjid anu salamet tina bancangpakewuh jsb, 
sakumaha kajadian di Aceh sakapeung sok disebut "mukjizat". Tangtu 
bae digunakeunana kecap "mukjizat" dina kajadian sarupa kitu atawa 
alam ayeuna anu geus teu aya deui para Nabi sacara lahiriah eta lain 
harti saujratna sakumaha maksud kecap mukjizat ceuk agama (Islam).

Ceuk sawatara ahli, cenah manusa biasa bisa oge nyangking kamampuhan-
kamampuhan sarupa kitu. Anu disebut karomah, barokah  atawa naon bae 
istilahna. Aya anu oge anu nyebut salaku kakuatan (hal) tina hiji 
posisi atawa hambalan rohani (makom). 

Dina Islam, ceuk eta ahli, hiji jalmi, waktu atawa tempat bisa 
nyangking hiji barokah atawa karomah kulantaran amal shaleh manusa. 
Tegesna amal ka papada manusa. Kitu oge ceuk Al-Qur'an, amal shaleh 
anu naekkeun (nepikeun) pamenta manusa tug tepi ka "langit". Dina 
salah sahiji do'a disebutkeun nya amal shaleh anu tiasa ngahulag 
jelama keuna ku hiji bancang pakewuh. Upamana, do'a Kumail tea 
(http://www.duas.org/kumayl.htm)

Dina sababaraha "kasus" mah, ieu amal shaleh teh bisa oge 
nyalametkeun hiji musibah (di dunya) sok sanajan anu ngalakukeunana 
teh kasebut jelema "kafir" atawa loba dosa. Upamana, Samiri-dina 
carita jaman Nabi Musa as, anu sakitu gede dosana kulantaran nyieun 
sesembahan patung sapi tea. Samiri nalika katewak ku Nabi Musa as 
teh heunteu kungsi dihukum pati. Diantara alesan kunaon Samiri 
salamet tina hukuman di dunya, ceuk cenah, kulantaran manehna teh 
sanajan mengpar tina papagon agama N. Musa as, tapi dina kahirupan 
sapopoena mah kacida berehanana. Samiri ukur diusir ku Nabi Musa as. 
(dina lebah dieu, tangtu Nabi Musa as. nampi heula pituduh ti 
Pangeran sateuacan nangtukeun eta kaputusan ka Samiri). 

Kajadian sejenna anu sawanda, nalika salah sahiji gegedug kafir 
Quraisy katewak dina perang Badr, oge manehna heunteu kungsi dihukum 
pati ku Rosululloh saw. Eta oge alesanana sarupa, kulantaran eta 
gegedug kafir Quraisy teh sarua sok sanajan teu ngaku kana bebeneran 
agama Islam, tapi manehna kaasup jelema "dermawan".

Kukituna, kaharti upama masjid atawa kompleks makam anu kasebut wali 
atawa ulama salamet tina karuksakan nalika kajadian bencana. Meureun 
mana kitu oge eta masjid jeung "tokoh" anu aya di eta makam teh 
kalebet tempat jeung jalmi anu mindeng (digunakeun) amal-amalan anu 
kacatet salaku amal saleh. Hiji tempat atawa jalmi nyangking hiji 
kakuatan kulantaran amal-amalna.

Dina lebah dieu, ras inget kasus Marsinah. Ceuk cenah, waktu kuburan 
Marsinah dibongkar, kurang leuwih 2 bulan sanggeus ditelasanana, 
mayit Marsinah teh masih beleger (heunteu rusak). Malah salian ti 
tetep beleger teh, eta mayit oge nyambuangkeun seungit. Si kuring 
boga sangkaan, kana kitu oge mayit Munir upama kuburna dibongkar, 
Insya Alloh (namung pamugi kuburan Munir mah ulah dugi ka dibongkar).

Cenah eta dina kajadian Aceh meureun loba jalmi teu tuah teu dosa 
anu binasa? Aeh, atuda kawijakan Pangeran mah sakitu 
jembarna. "Modus" jalmi shaleh anu kenging piwelas, piheman sareng 
kamulyaan Pangeran lain ukur sarupa. Heunteu sakedik jalmi shaleh 
anu perlaya ditelasan ku papada manusa. Diantarana, nya martir atawa 
syuhada tea kasebatna...anu engkena...baris ngajadikeun hiji tempat 
atawa waktu jadi pinuh barokah.

Cag heula bisi kamalinaan kaditu kadieu.

Baktos,
manAR

 

 

--- In [email protected], Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Nuhun kiriman potona. Hikmahna ceuk logika meureun kieu:
> "Mun imah/padumukan urang dipake keur ibadah/amal kasaean, imah 
eta Insya Allah teu teurak ku "bencana" alam"
>  
> Jalak Pakuan
>  
> 
> joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Kaajaiban ti kakuasaan Allah SWT, mangga nyanggakeun
> kintunan nu katampi ti rerencangan, bilih aya nu teu
> acan uninga, sesa tsunami
> 
> 
>             
> __________________________________ 
> Do you Yahoo!? 
> The all-new My Yahoo! - What will yours do?
> http://my.yahoo.com 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
> 
>    To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>   
>    To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>   
>    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
Service. 
> 
> 
> 
> > ATTACHMENT part 2 message/rfc822 
> From: "Putrama Setyawan" 
> 
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
>  Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more.
--- End forwarded message ---






PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke