--- In [email protected], "Oman Abdurahman"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya,
Ngadadak ngaran "dini" ayeuna jadi kawentar. Enya, soal "peringatan
dini" (PD) tea atawa legeg-na mah "early warning system" patali
jeung mitigasi bencana. Mitigasi bencana, ceuk cenah, maksudna taya
lian ti usaha-usaha ngurangan akibat bencana ulah tepi ka ngaruksak
teuing. Saeutikna, ulah tepi ka nimbulkeun korban jiwa lamun bisa
mah dina satiap kajadian bencana alam. Kukituna, pagawean dina usaha
mitigasi bencana alam mah sakabehna pakait jeung sikep "carincing
pageuh kancing" atawa sikep "pencegahan" tea. Tah, PD teh, cenah,
ngarupakeun bagean penting tina mitigasi bencana alam.
PD dina bencana alam kalintang diperlukeunana. Kagiatanana bisa
mangrupa iber migunakeun alat atawa jelema. Iber ngeunaan iraha
jeung kumaha gedena bencana anu arek datang kalawan kaluarna ieu
iber dina lolongkrang waktu anu sakira-kira cukup keur jelema anu
dumuk di tempat bencana, nyinglarkeun maneh tina bencana ka tempat
anu aman.
PD mangrupa alat, upamana dina kasus bencana alam tsunami,
bisa bae mangrupakeun alat anu dipasang di lebah sumber bencana, anu
leuwih ti heula bisa narima informasi baris datangna bencana. Tuluy
ieu informasi, upamana gelombang, dibedaskeun ku panmguat jeung
dikirim ka statsiun panarima atawa alat pangbedas (sirene, jst). Ku
Anu sawanda bisa dirancang pikeun PD bencana alam longsor.
Saenyana obrolan ngeunaan PD lain kakara di Indonesia teh. Keur
kuring ngalaman gawe di kantor kamentrian LH bae, tahun 1992-an geus
rame diguar. Harita malah si kuring atoh, ku atasan teh rek
disakolakeun khusus keur neuleuman soal bencana katut mitigasina.
Lain bobohongan, upama diteuleuman jeung disadiakeun pangrojongna,
satemenna ahli-ahli urang tiasa jadi ahli mitigasi bencana alam
tingkat dunya. Sabab, laboratorium alamna aya di urang, atuh nya
urang keneh anu pang apalna kana kaayaan alam urang. Kitu ari
sakuduna mah.
Ngan bae enya, sakumaha ceuk Kang Yaya (oge loba anu nyarita),
bangsa urang mah -ayeuna2 ieu-leuwih ngajenan pamadegan bangsa sejen
tinimbang bangsana sorangan. Buktina geuningan, ari geus ditabeuh ku
PBB jeung ahi-ahli ti LN mah karasa PD teh tambah diperlukeun. Ngan
orokaya, pikeun nyangking eta kasadaran perluna ngawangun PD teh
kudu aya heula korban. Korban anu sakitu ngahunyudna, nyawa jelema
mangrebu-rebu.
Mangga lah, wilujeng mapag proyek PD, teu nanaon ieu lahirna PD
kaindit ku pangeletek batur oge. Anu penting ka hareup, leuwih loba
nyawa anu bisa disalametkeun tina hiji kajadian bencana alam. Ngan
dina lebah beaya, poma ulah jadi ngaririweuh kana urusan dapur urang
beaya PD ti LN teh. Cindekna mah ulah karana alesan ngawangun PD di
wewengkon urang, hayoh bae anu tadina bantuan teh ngajanggelek jadi
hutang LN urang, nambahan hunyudan hutang LN urang ayeuna anu geus
teu kaitung.
Baktos,
manAR
--- End forwarded message ---
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/