Baraya,
Tah ieu Kang Danny Hilman Natawidjaya anu ti payun kungsi dibewarakeun yen
anjeunna kungsi ngaramalkeun baris ayana lini badag di laut kuloneun Sumatera.
Emut ka anjeunna teh waktu si kuring kungsi diasistenan dina pangajaran geologi
struktur, tahun 1982-1983. Tepung deui bulan september 2004, samemeh diskusi
geologi selat Sunda di Auditorium Geologi sakumaha warta di handap.
Itungan anjeunna upama dilajunglakukeun saterusna, sayogi pisan keur mitigasi
bencana gempa bumi jeung tsunami. Memang, kasimpulan panalungtikan anjeunna
keur Aceh mah rada mengpar (siklus lini kakuatan 9 SR, daur kajadian 250-300
tahun), bisa kamaklum. Sabab, kahiji, panalangktikanana aya di sabudeureun
wewengkon Mentawai, anu rada jauh ka kidul ti Aceh mah. Kadua, eta itungan teh
masih kaasup itungan kasar. Anu dipiharep,. Pamarentah ngarespon kana eta iber
munggaran baris ayana lini badag di wewengkon Sumatera. Dugi ka tiasa tatan
leuwih awal, kaasup ningkatkeun perhetangan daur lini jeung prediksi anu leuwih
pas kajadian-kajadian lini di wewengkon P. Sumatera beulah kaler.
Tina ieu iber munggaran, sigana aya sababaraha kacindekan:
1. Sayaktosna para ahli urang langkung mikawanoh kaayaan geologi wewengkon
nusantara, sok komo deui upami panalungtikan2-nana dirojong ku Pamarentah
pikeun terus dironjatkeun. Kukituna, pikeun ngawujudkeun "neng dini", urang
heunteu kudu nanggeuhkeun ka ahli-ahli ti LN.
2. Keur pulo-pulo Mentawai jeung sabudeureunana, kaasup Sumatera beulah kidul
tepi ka selat Sunda, prediksi daur lini 250-300 tahun (komo deui lamun aya
itungan anu leuwih taliti), sakuduna jadi hiji kawaspadaan. Meureun, upama
nyokon tahun lini gede pangakhirna, tahun 1833 tea, jero 10-20 tahun kahareup
sigana baris aya lini gede anu pibahyaeun (utmana tsunami tea) di eta
patempatan;
3. Sakuduna kawaspadaan teh lain ukur kana bencana lini (+tsunami), tapi oge
sumber bancangpakewuh alam lainna, kayaning ngabaledugna gunungapi. Sababaraha
gunungapi di Jawa Barat, kayaning T. Parahu jeung Guntur, geus istirahat
ngaleuwihan daur istirahatna. energi anu disimpen kalintang badagna upama hiji
gunungapi heunteu ngabeledug netepan daur bituna. Upama ngabeledug, kacida
rongkahna akibat anu ditimbulkeunana. Anu katilu ieu, Insya Alloh urang guar
deui dina posting saterasna.
Cag.
Baktos,
manAR
Mohammad Nasir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sayaktosna tos aya peringatan dini ti Bandung anu
dimuat Harian Kompas. Tapi kunaon teu aya nu
memperhatoskeun. Ieu pepiling nu ti Bandung, di
handap:
Baktos,
Nasir
===========
KOMPAS - Kamis, 02 Oct 2003 Halaman: 20 Penulis:
oki Ukuran: 2528
--------------------------------------------------------------------------------
WASPADAI GEMPA BESAR DARI ZONA SUBDUKSI
MENTAWAI
Bandung, Kompas
Berdasarkan sejarah penelitian geologi dan catatan
siklus seismik
gempa berskala 9,0 skala richter sekitar zona subduksi
di lepas
pantai Barat pulau Sumatera, khususnya sekitar
Kepulauan Mentawai,
saat ini berada di ujung siklus seismik tersebut. Oleh
karena itulah
perlu dilakukan persiapan, membuat simulasi, sehingga
siap menghadapi
kemungkinan gempa bumi berkekuatan besar.
Hal itu disampaikan pakar geologi gempa bumi Dr
Danny H
Natawidjaja, dalam diskusi kondisi Geologi Selat
Sunda, Rabu (1/10),
di Auditorium Museum Geologi, Bandung.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT
---------------------------------
Yahoo! Groups Links
To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - now with 250MB free storage. Learn more.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/